Wah teu kedah nyuhunkeun pangapunten bah. Da nu kitu mah urusan
ekstrakurikuler alias sukarela sigana. Di Bandung ge, tiap kagiatan nu
kaburu wae diudag, nu henteu mah alatan samporet waktu, atawa acarana
peuting, rada hese aub. Padahal minggu kamari di bandung, gedong rumentang
siang aya pasanggiri sandiwara sunda. Teu kungsi lalajo sababak-babak acan.
Pakepuk ku cicing tea. Ki adi Jenal A Wiarta cenah dari sekretaris paguyuban
parahyangan balikpapan, nya dititah jadi agen majalah basa Sunda Cupumanik
van balikpapan :-)

 

Taun kamari ge abdi sakulawarga ka balikpapan deui, alesanana sami,
ngawinkeun adi. Nu bungsu andi chinook mantan tukang kaos kusnet,
meunangkeun urang balikpapan, teureuh malang-solo. Harita markas kulawarga
di Batakan.

 

Sigana kusabab lobana pendatang, di balikpapan mah aya sababaraha paguyuban
nu judulna asal mula anggotana. Urang jawa mah malah sanes wungkul provinsi
atawa etnik, tapi nepi ka asal kabupatenna.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Abbas Amin
Sent: Tuesday, March 23, 2010 3:41 PM
To: [email protected]
Subject: Re: bah Amin RE: [Urang Sunda] Re: Nyondong

 







Hehehehe, punten pisan mj. Sim kuring teh sering ari diajakan mah, ti
ngawitan
paguyuban; dugi ka nu ayeuna aya di Balikpapan. Tapi ku sabab, hehe, punten
deui
wae, sim kuring teh rumasa ngedul, babakuna rumasa bodo sagala teu bisa.
nyupiran
teu bisa, naek motor komo deui. Jadi ngandlkeun wae batur. Nya atuh "bisnis
ge" nu
bisa ulukutek di imah tea we.
Jadi Alhamdulillah dugi ka danget ieu teh teu asup anggota naon2;
ngarumasakeun sagala
teu bisa tea. Da kapan indit2an teh kudu aya kendaraan; mun aya gempungan
nepi ka peuting meureun bakal nyusahkeun batur. Numawi, nu matak sim kuring
jadi anggota
milis nu Basa Sunda teh nya eta salah sahijina , ngajaga bisi poho ka na
basa indung
ieu.
Sakali deui punten pisan mj.














Kirim email ke