Ish, atuh da Bah Amin mah jalmi nyondong eh, lepat* jalmi ngartos* ceuk dina iklan Tropicana Slim tea mah, "perempuan suka angka yang lebih kecil" * jaba ngeunaheun nyebutna ge* "yi Roro", mun "yi Kumi" mah asa kumaha kituw*hihihii*
Syukur ari ngaku bodo mah heheheh* kalahka gayana we, boga kamus tara dibukaan, keur papaes na lomari nya? :P Nya ari aya bukti dina kamus mah, uing SATUJU (vivilueun Bah Amin make aksara gede). Numatak aya dina kamus ge pasti geus "diuji jeung dikaji" sacara ilmiah (halakh*heheh) ku ahli basa, ngan duka ari perkawis halal, haram jeung makruhna tos disatujuan ku MUI? ro2 >>> [email protected] 03/22/10 11:25AM >>> haduuuh... dijawab ku dijawabna, mani nyeri hate ieu uing diakangkeun, ari ka ceu roro ngaayikeun... nyeriiiiii.....!!!!!!!!!!!! heuheuehu... ari kituna mah uing nu bodo, boga kamus tapi poho bae neang. kakara purun bieu, kapanggih 'nyondong' teh cenah lemesna tina 'nyampak', 'sampak-sondong', 'kasampak-kasondong'. daek beunghar, ti saratus yuta jalma nu sok make kecap 'nyondong', uing yakin teu loba nu nyaho jujutanana (kawas uing). enya tea baheulana mah meureun kitu (da jauh atuh ti 'nyampak' ka 'nyondong' mah, beda jeung 'hampura-hapunten' atawa 'rumasa-rumaos'), ayeuna mah pajamanan geus robah, taya salahna mun eta kecap 'nyondong' teh 'diperlakukan' salaku sinonim bae. satujuuuuu????????? "Teuuuuuuuuuuuuuuu!!!!!!!!!!!!!!!!!!" sarerea saur manuk. sikandar kumincir.blogspot.com

