ke bah keom heula yeuh..., punten sateuacana,

maksad simkuringmah sanes perkawis 'urang kampung'-na, namung 'ngasupkeun' nu 
ngagunakeun kecap nyondong kana katagori 'urang kampung', anu salajengna 
digentos ku 'nu teu diajar basa sunda', padahal samemehna teu ngaburulukeun 
kriteria masing-masing, tug nepi kana kasimpulan kitu

maksad simkuring ararenteng sareng gararampang teh obahna tina 'urang kampung' 
kana 'teu diajar basa sunda', kitu bah...

tapi punten bilih simkuring lepat ngimeutan... ma'lum apanan mung komunikasi 
dua dimensi, teu katingal pasemon sareng panginten abah teu laluasa nerangkeun 
ka simkuring nu belet

baktos
  ----- Original Message ----- 
  From: Abbas Amin 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, March 22, 2010 11:56 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong


        Kudu kumaha atuh ? Kudu ngaku SALAH ?
        Jadi istilah Urang kampung sok ganti. Jadi urang KOTA ?
        Atawa kumaha? Mangga................. diantos nya

        --- On Mon, 3/22/10, TukangGiribig <[email protected]> wrote:


          From: TukangGiribig <[email protected]>
          Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong
          To: [email protected]
          Date: Monday, March 22, 2010, 4:08 AM


            
           

          euleuh geuning meni asa ararenteng, gararampang. .., "saleresna mah 
sanes urang kampung ...; tapi nu
          teu diajar BASA Sunda ..." titik-titik gentos we ku 'panginten'

          hehehehehehehe
            ----- Original Message ----- 
            From: Abbas Amin 
            To: urangsu...@yahoogro ups.com 
            Sent: Saturday, March 20, 2010 5:56 AM
            Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong


                  Hehehehe,           saleresna mah sanes urang kampung 
panginten; tapi nu
                  teu diajar BASA Sunda panginten.

                  --- On Tue, 3/16/10, DSW1 <d.su...@gmail. com> wrote:


                    From: DSW1 <d.su...@gmail. com>
                    Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong
                    To: urangsu...@yahoogro ups.com
                    Date: Tuesday, March 16, 2010, 10:43 PM


                      

                    abdi urang kampung... meni kitu ka urang kampung... 


                    From: Abbas Amin 
                    Sent: Tuesday, 16 March, 2010 07:36
                    To: urangsunda ; kisunda 
                    Subject: [Urang Sunda] Nyondong


                      
                          Naon sababna baheula bujangga Sunda, atawa Para Ahli 
Sastra Sunda, NOLAK
                          ka na kecap NYONDONG mu hartina AYA ?

                          Atuh da jelas pisan AYA mah teu kasar teu garihal. 
Teu kudu dilemesan deui, jadi
                          aya teh geus hiji kecap nu beunang dipake ku sing 
saha wae. Keur saha wae.
                          Malahan baheula mah di Sakola kuring, mun aya nu 
nyebut nyondong, enggal ku
                          ibu Guru dicawad, teu meunang cenah make Basa 
Nyondong.

                          Tapi saperti biasa Bujangga Sunda atawa Ahli Sastra 
Sunda teu NYAREK ka nu sok
                          make ieu kecap. Nya paling ge hukumna keleuleuwihi, 
atawa BID'AH mun cek Agama
                          mah. Lolobana nu marake ieu kecap nyondong teh urang 
kampung. 
                          Wallahualam asal usulna mah.
                         


                 

       

<<Emoticon3.gif>>

Kirim email ke