Punten ngiring naros... di Tangerang mah aya basa ENYANA.... mun di lemeskeun artina teh MANEHNA... aya teu di daerah lain di sunda ieu nu nyebat ENYANA dina basa sapopoe.. wassalam....
----- Original Message ----- From: jangdede To: [email protected] Sent: Tuesday, March 23, 2010 12:37 PM Subject: Re: dialek RE: [Urang Sunda] Nyondong Bener eta teh MJ, jiga urang gunung cupu jeung urang gunung gede masih boga dialek anu beda. Meuren di gunung cupu mah ngala lauk teu make alat teh di sebut "NGAGEBYOG" tah ari di Gunung Gede mah disebut "Ngagubyag". Atawa basa sundana Sabuk, di kota Ciamis mah di sebut Benten, tapi di gunung gede mah disebut beubeur. Eta masih sa kabupaten, komo deui lain kabupaten. Heuehehuu,.... 2010/3/23, mang jamal <[email protected]>: Dumasar beja, basa sunda loba dialekna. Cara dialek cirebon, priangan, karawang, banten, jsb. Hartina aya kecap-kecap di lembur sejen nu teu dipikawanoh, di lembur sejen mah aya. Atawa basa nu cek urang lembur A salah, cek urang lembur B mah, biasa dipake. Meureun alatan baheulan pajauh huma, jarauh, nepi ka baroga istilah sewang-sewangan pikeun barang atawa sipat nu tangtu. Eta sadayana kabeh, minangka kabeungharan budaya, utamana dina basa. Cenah kusabab kitu, pikeun kaperluan komunikasi, perlu aya basa lulugu, nya dipilih basa sunda bandung, basa sunda nu diparake ku urang bandung beh jauhna priangan meureun. Sajanan kitu, unggal dialek di wewengkon mana bae tangtu boga hak hirup.

