di lembur kuring di Gunung Gede tea aya tapi lain ENYANA tapi INYANA

2010/3/23 opiq <[email protected]>

>
>
> Punten ngiring naros...
> di Tangerang mah aya basa ENYANA....
> mun di lemeskeun artina teh MANEHNA...
> aya teu di daerah lain di sunda ieu nu nyebat ENYANA dina basa sapopoe..
> wassalam....
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* jangdede <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, March 23, 2010 12:37 PM
> *Subject:* Re: dialek RE: [Urang Sunda] Nyondong
>
>
>
> Bener eta teh MJ, jiga urang gunung cupu jeung urang gunung gede masih boga
> dialek anu beda. Meuren di gunung cupu mah ngala lauk teu make alat teh di
> sebut "NGAGEBYOG" tah ari di Gunung Gede mah disebut "Ngagubyag". Atawa basa
> sundana Sabuk, di kota Ciamis mah di sebut Benten, tapi di gunung gede mah
> disebut beubeur. Eta masih sa kabupaten, komo deui lain kabupaten.
>
>
> Heuehehuu,....
>
>
> 2010/3/23, mang jamal <[email protected]>:
>>
>>
>>
>>  Dumasar beja, basa sunda loba dialekna. Cara dialek cirebon, priangan,
>> karawang, banten, jsb. Hartina aya kecap-kecap di lembur sejen nu teu
>> dipikawanoh, di lembur sejen mah aya. Atawa basa nu cek urang lembur A
>> salah, cek urang lembur B mah, biasa dipake. Meureun alatan baheulan pajauh
>> huma, jarauh, nepi ka baroga istilah sewang-sewangan pikeun barang atawa
>> sipat nu tangtu. Eta sadayana kabeh, minangka kabeungharan budaya, utamana
>> dina basa.  Cenah kusabab kitu, pikeun kaperluan komunikasi, perlu aya basa
>> lulugu, nya dipilih basa sunda bandung, basa sunda nu diparake ku urang
>> bandung beh jauhna priangan meureun. Sajanan kitu, unggal dialek di
>> wewengkon mana bae tangtu boga hak hirup.
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>   
>

Kirim email ke