Dumasar beja, basa sunda loba dialekna. Cara dialek cirebon, priangan,
karawang, banten, jsb. Hartina aya kecap-kecap di lembur sejen nu teu
dipikawanoh, di lembur sejen mah aya. Atawa basa nu cek urang lembur A
salah, cek urang lembur B mah, biasa dipake. Meureun alatan baheulan pajauh
huma, jarauh, nepi ka baroga istilah sewang-sewangan pikeun barang atawa
sipat nu tangtu. Eta sadayana kabeh, minangka kabeungharan budaya, utamana
dina basa.  Cenah kusabab kitu, pikeun kaperluan komunikasi, perlu aya basa
lulugu, nya dipilih basa sunda bandung, basa sunda nu diparake ku urang
bandung beh jauhna priangan meureun. Sajanan kitu, unggal dialek di
wewengkon mana bae tangtu boga hak hirup.

 

 

Kirim email ke