Wah, duka tah tiwul mah teu terang. Sakaemut mah enya kitu, dina hawu aya
ruhay forever. Hehe

Nuju milari info tukang ngadamel seeng dimana nya. Ari barangna mah aya
keneh di pasar tradisional. Teu acan sempet ka dinya ge. Di baduy kanekes,
seeng masih diangge, oge di desa-desa pasisian. Bade maluruh ka tukang atawa
pabrik seeng, ningali proses ngadamelna, sukur mun aya nu apaleun naha
rupana kitu heuheu, sabab urang baduy, nu masih marake parabot nyangu seeng
aseupan, teu apaleun dongengna. Heuheu.


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of [email protected]
Sent: Monday, March 29, 2010 4:07 PM
To: [email protected]
Subject: BLS: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng

kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok
melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api
sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh
naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula
indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp
korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi,
dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui
nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel,lembur
mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun
seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam
Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong
Picung&Ciranjang-Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya,
kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan
indah'....

Terkirim dari telepon Nokia saya

Kirim email ke