Di Bogor sahenteuna msh aya 2 tempat pengrajin nu nyarieun seeng, di Maseng jeung di Leuweungkolot. Malah di Leuweungkolot mah kungsi nyieun seeng mini keur suvenir.
Adu Jaten Parebut Seeng taun 2010 ieu baris digelar tgl 21-Mei tepi 23 Mei di Kampung Budaya Sindangbarang Bogor. Sakaligus dihijikeun jeung seminar budaya Sunda. HMA --- On Mon, 3/29/10, mj <[email protected]> wrote: From: mj <[email protected]> Subject: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng To: [email protected] Date: Monday, March 29, 2010, 5:23 AM Wah, duka tah tiwul mah teu terang. Sakaemut mah enya kitu, dina hawu aya ruhay forever. Hehe Nuju milari info tukang ngadamel seeng dimana nya. Ari barangna mah aya keneh di pasar tradisional. Teu acan sempet ka dinya ge. Di baduy kanekes, seeng masih diangge, oge di desa-desa pasisian. Bade maluruh ka tukang atawa pabrik seeng, ningali proses ngadamelna, sukur mun aya nu apaleun naha rupana kitu heuheu, sabab urang baduy, nu masih marake parabot nyangu seeng aseupan, teu apaleun dongengna. Heuheu.

