Ceu Eli ari di kuringmah nya di Gunung Gede (Ciamis) lain tiwul da ngarana
teh, tapi KAWUL. Eta kawul teh nyaeta daki tangkal kawung. Pan ari injukmah
lain dakina nya...?
Tah kawul mah ngalana teh sok dikerik make peso tina tangkal kawung anu geus
di tuar atawa anu rungkad terus di kumpulkeun. Biasanamah baheula kuring
keur leutik sok di duruk di jarian ameh teu loba reungit da enya atuh eta
kawul teh mun diduruk haseupna loba pisan jeung bau kacida.



Nuhun
jangdede


2010/3/29, mj <[email protected]>:
>
>
>
>
>
> Wah, duka tah tiwul mah teu terang. Sakaemut mah enya kitu, dina hawu aya
> ruhay forever. Hehe
>
> Nuju milari info tukang ngadamel seeng dimana nya. Ari barangna mah aya
> keneh di pasar tradisional. Teu acan sempet ka dinya ge. Di baduy kanekes,
> seeng masih diangge, oge di desa-desa pasisian. Bade maluruh ka tukang
> atawa
> pabrik seeng, ningali proses ngadamelna, sukur mun aya nu apaleun naha
> rupana kitu heuheu, sabab urang baduy, nu masih marake parabot nyangu seeng
> aseupan, teu apaleun dongengna. Heuheu.
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> [mailto:
> [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>] On
> Behalf Of [email protected] <eli_jamilah%40yahoo.com>
> Sent: Monday, March 29, 2010 4:07 PM
> To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>
> Subject: BLS: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng
>
> kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok
> melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu
> api
> sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh
> naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula
> indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp
> korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi,
> dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela
> deui
> nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel,lembur
> mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun
> seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam
> Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong
> Picung&Ciranjang-Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya,
> kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan
> indah'....
>
> Terkirim dari telepon Nokia saya
>
> 
>

Kirim email ke