ari ku urang garut mah, tiwul teh sok belewek we dihuapkeun, bari kutap-ketap. upama nyieun seuneu ku paneker jeung gandawesi mah, sok make lunglum atawa kawul.
2010/3/29 Siddik Wiradireja <[email protected]> > > > Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana > "memerang" tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung. > Korek api anu dianggo harita, disebatna "paneker", didamelna tina watu geni > (duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit, carana : tiwul sacewil > dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku > beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab > kana tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk. > > > ssw > http://cikundul3.multiply.com > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda* > > *[email protected] <[email protected]>* > > > > kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok > melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api > sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh > naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula > indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp > korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, > dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui > nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur > mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun > seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam > Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong > Picung&Ciranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya, > kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan > indah'.... > > > > >

