> mh <khs...@...> wrote: > upama aya statemen persentase awewe jawa nu gawe maskulin leuwih loba > tinimbang awewe sunda, aya konsekuensi logis, hartina lalaki sunda > leuwih loba nu daraek gawe tinimbang lalaki jawa, bener teu nya ieu > pamanggih teh?
Da cenah resep teuing nyonyoo manuk titiran (purukututut) .....hehehehe. Pa Kyai teh sigana acan kungsi ka Bali. Di Bali, pagawean "beurat" nu ditempat sejen mah, jarang atawa tara dipigawe awewe, malah "full" dipigawe ku awewe. SIga ngecet gedong jeung ngaspal jalan. Kuring kungsi nempo nu ngaspal jalan di lembur di bali ampir awewe kabeh, hiji-hijina lalaki nu ngilu digawe ngaspal, supir stoomna (nu sabenerna teu pati ngaluarkeun tanaga). Oge sababraha etnik di Indonesia boga "budaya" nu ampir sarua, ngaharib-harib urang Bali. Budaya samodel kieu, sabenerna teu pantes dipikahelok atawa dipikareueus, sabab leuwih nunjukkan kumaha awewe "diperbudak" ku lalaki. Lalaki senang-senang bari ngareungeukeun manuk disada, pamajikan dipaksa digawe macul disawah! Baktos, WALUYA

