Neda pangapunten ka para wargi nu sanesna bilih ieu surelek ngaganggu mah, 
talapung bae.
Salajengna ke Cep Gagak Bandung.....!
Tiasa janten kitu, namung numutkeun buku "Sajarah Cianjur" urutan bupati-bupati 
Cianjur mah kieu :
1. Rd. Jayasasana ( Dalem Cikundul atanapi Aria Wira Tanu I )
2. Rd. Aria Wira Manggala (Dalem Tarikolot atanapi Aria Wira Tanu II/diaku 
Regent ke pamarentah Walanda )
3. Rd. Aria  Astramanggala (Dalem Dicondre atanapi Wira Tanu III/ Regent ka 1 
diangkat ku Walanda ) Bupati ieu anu ngusulkeun ka pamarentah Walanda supados 
bupati-bupati Cianjur tiasa nganggo gelar Wira Tanu Datar, mung bae nembe dina 
mangsa bupati Cianjur ka 4, kaluar beslitna ti pamarentah Walanda.
4. Dalem Sabirudin (Wira Tanu Datar IV /Regent)
5. Dalem Muhidin (Wira Tanu Datar V/Regent)
6. Dalem Aria Enoh (Wira Tanu Datar VI/Regent)
    (anu janten bupati di Cianjur ti ngawitan nomer 1 dugi ka nomer 6 
salajengna)
7. Dalem Raden Abas (Wira Tanu Datar VII/Dalem Garut Sepuh)
8. Dalem Dipati Aria Wira Tanu Datar VIII/Dalem Garut).
    Salajengna bupati Cianjur diteraskeun ku :
9. R. Adipati Prawiradireja I (putra Ny. R. Tanjungnagara rai Dalem Aria Enoh)
10. R. Tumenggung Wiranagara (putra ke 1 R. Adipati Prawiradireja)
11. R. Aria Adipati Kusumahningrat (putra ke 2 R. Adipati Prawiradireja/Dalem 
Pancaniti)
12. R. Aria Adipati Sentot Alibasah Prawiradireja II (putra R.A.A. 
Kusumahningrat)
13. R. Demang Natakusumah (wakil Regent)
14. R. Aria Adipati Wiranatakusumah 
15. R. A. Suriadiningrat
16. R. Sunarya
17. R. A. Surianataatmaja
18. R. Adiwikarta
19. R. Yasin Partadireja (jaman R.I.)
salajengna bupati-bupati jaman Republik.
No. 7 sareng nomer 8 henteu kantos nyangking kalungguhan bupati Cianjur, margi 
dibenum kupamarentah Walada janten bupati Garut.
Ti ngawatian no. 9. R. Adipati Prawiradireja henteu nganggo gelar Aria Wira 
Tanu Datar,
margi anjeuna putra Ny. R. Tanjungnagara (rai Aria Enoh) anu nikah kahiji ulama 
ti Banten.
Wallahu alam leres henteu na mah, nyanggakeun ka para akhli sajarah.

ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Gagak Bandung <[email protected]>






 



  
Upami teu lepat RA Wiratanu Datar III ( Dalem Tarikolot ) tos nganggo Datar,  
teras RA Wiratanu Datar IV ( Dalem Sabadirun ) jst.
Hapunten kang, bilih abdi lepat.
 
Baktos abdi
gagak hideung


 



  




      

Kirim email ke