Hatur nuhun upami katampi mah, insya Allah diketrukkeun sadaya anu sim abdi 
terang mah perkawis Dalem Cikundul.
Perkawis R. Aria Wangsa Goparana, anjeuna rama Rd. Jayasasana (Dalem Cikundul), 
makomna aya di kampung Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang.
R. Aria Wangsa Goparana, henteu kantos nyaking kalungguhan pamingpin 
pamarentahan,
anjena mah hiji ulama anu ngiring nyebarkeun agama Islam.
Kieu panginten sarsilahna :
Prabu Mundingsari II
     puputra ;
Mundingsari Leutik
     puputra :
Pucuk Umum 
     puputra ;
Sunan Parung Gangsa
    puputra ;
Sunan Wanapri
    puputra ;
Sunan Ciburang
    puputra ;
1. Sunan Girilaya --> Rundayanana ka Cibalagung
2. Aria Wangsa Goparana --> Rundayanana ka Cikundul.
Perkawis Wira Tanu Datar V/Dalem Muhidin, numutkeun buku sajarah Cianjur,
nyeratna : Dalem MUHIDIN, tiasa janten dina sarsilah sanes diserat Muhyidin.
Sakitu anu sakaterang sim abdi.

Baktos
ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Gagak Bandung <[email protected]>






 



  


    
      
      
      Hatur nuhun kang, janten langkung lengkep peperenian abdi perkawis 
Cianjur.
Ku katerangan akang, tangtos anu leres ngawitan "Datar" ti RA.Wiratanu Datar IV
Bade tumaros kang, naha leres bupati Cianjur sateuacanna RA Wiratanu I nyaeta 
R.Aria Wangsa Goparana, upami sanes saha anjeunna teh ?
Kitu oge ari anu leres RA Wiratanu Datar V, Dalem Muhidin atanapi Muhyidin ?   
Hapunten kang, henteu aya maksad anu sanes, mung kanggo ngalereskeun peperenian 
abdi.
 
Hatur Nuhun
 
Baktos abdi
gagak hideung

 



      

Kirim email ke