Hatur nuhun kang, janten langkung lengkep peperenian abdi perkawis Cianjur. Ku katerangan akang, tangtos anu leres ngawitan "Datar" ti RA.Wiratanu Datar IV Bade tumaros kang, naha leres bupati Cianjur sateuacanna RA Wiratanu I nyaeta R.Aria Wangsa Goparana, upami sanes saha anjeunna teh ? Kitu oge ari anu leres RA Wiratanu Datar V, Dalem Muhidin atanapi Muhyidin ? Hapunten kang, henteu aya maksad anu sanes, mung kanggo ngalereskeun peperenian abdi.
Hatur Nuhun Baktos abdi gagak hideung ________________________________ Dari: Siddik Wiradireja <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 1 April, 2010 21:35:14 Judul: [Urang Sunda] Seeng==> Tiwul==>Aria Wira Tanu Neda pangapunten ka para wargi nu sanesna bilih ieu surelek ngaganggu mah, talapung bae. Salajengna ke Cep Gagak Bandung..... ! Tiasa janten kitu, namung numutkeun buku "Sajarah Cianjur" urutan bupati-bupati Cianjur mah kieu : 1. Rd. Jayasasana ( Dalem Cikundul atanapi Aria Wira Tanu I ) 2. Rd. Aria Wira Manggala (Dalem Tarikolot atanapi Aria Wira Tanu II/diaku Regent ke pamarentah Walanda ) 3. Rd. Aria Astramanggala (Dalem Dicondre atanapi Wira Tanu III/ Regent ka 1 diangkat ku Walanda ) Bupati ieu anu ngusulkeun ka pamarentah Walanda supados bupati-bupati Cianjur tiasa nganggo gelar Wira Tanu Datar, mung bae nembe dina mangsa bupati Cianjur ka 4, kaluar beslitna ti pamarentah Walanda. 4. Dalem Sabirudin (Wira Tanu Datar IV /Regent) 5. Dalem Muhidin (Wira Tanu Datar V/Regent) 6. Dalem Aria Enoh (Wira Tanu Datar VI/Regent) (anu janten bupati di Cianjur ti ngawitan nomer 1 dugi ka nomer 6 salajengna) 7. Dalem Raden Abas (Wira Tanu Datar VII/Dalem Garut Sepuh) 8. Dalem Dipati Aria Wira Tanu Datar VIII/Dalem Garut). Salajengna bupati Cianjur diteraskeun ku : 9. R. Adipati Prawiradireja I (putra Ny. R. Tanjungnagara rai Dalem Aria Enoh) 10. R. Tumenggung Wiranagara (putra ke 1 R. Adipati Prawiradireja) 11. R. Aria Adipati Kusumahningrat (putra ke 2 R. Adipati Prawiradireja/ Dalem Pancaniti) 12. R. Aria Adipati Sentot Alibasah Prawiradireja II (putra R.A.A. Kusumahningrat) 13. R. Demang Natakusumah (wakil Regent) 14. R. Aria Adipati Wiranatakusumah 15. R. A. Suriadiningrat 16. R. Sunarya 17. R. A. Surianataatmaja 18. R. Adiwikarta 19. R. Yasin Partadireja (jaman R.I.) salajengna bupati-bupati jaman Republik. No. 7 sareng nomer 8 henteu kantos nyangking kalungguhan bupati Cianjur, margi dibenum kupamarentah Walada janten bupati Garut. Ti ngawatian no. 9. R. Adipati Prawiradireja henteu nganggo gelar Aria Wira Tanu Datar, margi anjeuna putra Ny. R. Tanjungnagara (rai Aria Enoh) anu nikah kahiji ulama ti Banten. Wallahu alam leres henteu na mah, nyanggakeun ka para akhli sajarah. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> Upami teu lepat RA Wiratanu Datar III ( Dalem Tarikolot ) tos nganggo Datar, teras RA Wiratanu Datar IV ( Dalem Sabadirun ) jst. >Hapunten kang, bilih abdi lepat. > >Baktos abdi >gagak hideung > Wajib militer di Indonesia? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! http://id.answers.yahoo.com

