Hatur nuhun, hapunten tos ngaganggu akang, kitu oge enjing pageto abdi tangtos seueur tataroseun ka akang, mugia engkang henteu kaabotan.
baktos abdi gagak hideung ________________________________ Dari: Siddik Wiradireja <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sab, 3 April, 2010 20:33:48 Judul: Re: Bls: [Urang Sunda] Seeng==> Tiwul==>Aria Wira Tanu Hatur nuhun upami katampi mah, insya Allah diketrukkeun sadaya anu sim abdi terang mah perkawis Dalem Cikundul. Perkawis R. Aria Wangsa Goparana, anjeuna rama Rd. Jayasasana (Dalem Cikundul), makomna aya di kampung Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang. R. Aria Wangsa Goparana, henteu kantos nyaking kalungguhan pamingpin pamarentahan, anjena mah hiji ulama anu ngiring nyebarkeun agama Islam. Kieu panginten sarsilahna : Prabu Mundingsari II puputra ; Mundingsari Leutik puputra : Pucuk Umum puputra ; Sunan Parung Gangsa puputra ; Sunan Wanapri puputra ; Sunan Ciburang puputra ; 1. Sunan Girilaya --> Rundayanana ka Cibalagung 2. Aria Wangsa Goparana --> Rundayanana ka Cikundul. Perkawis Wira Tanu Datar V/Dalem Muhidin, numutkeun buku sajarah Cianjur, nyeratna : Dalem MUHIDIN, tiasa janten dina sarsilah sanes diserat Muhyidin. Sakitu anu sakaterang sim abdi. Baktos ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> Hatur nuhun kang, janten langkung lengkep peperenian abdi perkawis Cianjur. >Ku katerangan akang, tangtos anu leres ngawitan "Datar" ti RA.Wiratanu Datar IV >Bade tumaros kang, naha leres bupati Cianjur sateuacanna RA Wiratanu I nyaeta >R.Aria Wangsa Goparana, upami sanes saha anjeunna teh ? >Kitu oge ari anu leres RA Wiratanu Datar V, Dalem Muhidin atanapi Muhyidin ? >Hapunten kang, henteu aya maksad anu sanes, mung kanggo ngalereskeun >peperenian abdi. > >Hatur Nuhun > >Baktos abdi >gagak hideung > > "Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! http://id.mail.yahoo.com"

