Sok remen menta tulisan ka balad-balad keur ngeusian Cupumanik, boh langsung 
bari ngawangkong, boh ku SMS atawa ku email. Enya menta teh sangkan inyana 
nulis ku basa Sunda. Jawabanana mindeng nyebutkeun "Teu bisa ari kudu nyieun 
carpon, sajak atawa ngeunaan basa Sunda mah". Meunang jawaban kitu teh kuring 
sok rada ngajenghok, na da nu dipenta teh lain carpon, sajak atawa ngeunaan 
basa.
Duka teuing ieu teh, naha geus jadi cap, ciri, stigma, yen media citak basa 
Sunda mah nu digegedekeun teh Carpon jeung Sajak (sastra, dina harti nu 
heureut) atuh kadituna mindeng ngadenge mun maca majalah basa Sunda nu 
diteangan mimiti teh carita humorna, tuluy carpon.  Naha bet jadi ngaheureutan 
kieu nya..? Boa boa......... (titik-titiknana mah moal dieusian bisi kabadi he 
he)  
Cupumanik ge keur ngawadahan kahayang eta, nyadiakeun rohang carpon, sajak, 
jeung landong baeud malah dina rohang carpon mah unggal medal sok aya carpon 
tarjamah, maksudna mah sangkan aya babandingan antara kamekaran carpon Sunda 
jeung carpon mancanagara. Teu cukup ku kitu, dina Cupumanik ge aya rohang 
kritik Sastra, gawe bareng jeung Prodi Sastra Sunda Unpad, tujuanana mah karya 
sastra nu dimuat sok dianalisis ku ahlina sangkan aya kamajuan keur nu nulisna 
jeung nu macana.
Pasualan basa keur kuring mah pasualan nu meh rengse, maksud teh karya budaya 
Sunda pangajegna, nu pang-ngajenglengna nyaeta basa, kari ngamumulena ku dipake 
boh lisan boh tulisan. Kudu aya kasaimbangan antara lisan jeung tulisan, nya 
karya tulis ieu diwadahan diantarana ku majalah Cupumanik.

Kukituna diantos seratan ti balarea, mangga bade perkawis naon bae ge. Upamina 
ti iraha urang Sunda wanoh kana logam, kumaha sikep urang Sunda kana waktu, 
kumaha sikep urang Sunda kana etos kerja (hade gawe), kumaha sikep urang Sunda 
kana ekonomi, kumaha sikep urang Sunda kana pulitik jste.
Atanapi nyerat pangalaman Lalampahan, sim kuring yakin di Kusnet seueur nu 
kantos nyaba katebihna, boh ka luar Jawa Barat boh ka mancanagara, naon nu 
katingal nu karaos mangga diserat, aya saena dibandingkeun sareng kahirupan 
urang Sunda, cohagna mah aya pulunganeunana ku nu sanes. Hal ieu teh aya saena 
diserat margi cek cenah di Urang Sunda mah teu aya budaya "merantau", nu aya 
teh mung lalampahan, ameng layaran saur Bujangga Manik mah.
Seratan kintun we ka email sim kuring atanapi ka [email protected]  
ulah kalangkung dilengkepan ku foto, teu kedah panjang seratan teh cekap 
antawis 5000-6000 karakter+spasi.

MSas  








Kirim email ke