Nuhun juragan tugir. Mugi-mugi we harga saham giribig saatos di listing di
nikey tiasa di NYSE alias wallstreet tea heuheu.

 

Soal kasep, pinter bageur, harita doa jeung jampe ti nu jadi bapa. Ngan duka
tah diijabah teu jadi kasep? Heuheu

 

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of TukangGiribig
Sent: Thursday, May 06, 2010 6:22 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] wawadahan pare beas sangu

 






teuh teuh... MJ mah ngeleketek wae lah..., cik atuh uing teh bere kasempetan
menikmati selayaknya eksekutip dimana sore2 bgini ngitung untung penutupan
kandang entog terakhir, da giribig uing geus listing di nikey deudeukeutan
heula jaba pan sodara tua tea heu heu...

 

padaringan pabeasan nyaan eta2keneh bungkeuleukanna teh, padaringa nundana
oge digoah... padaringan mah biasana di teun uing hiji... ari pabeasan bisa
leuwih ti hiji jeung nundana bisa di goah atawa di luar... ke..ke.. asa
paciweuh euy teu singkron yeuh antara otak mikir goah jeung wadah beas...
kurang oli sigana...,heuheu... biasa bab ngacapruk urang balikan deui...

 

goah teh hiji rohangan di imah nu sifatna sakral teun uing mah, pripat
suriprat lah, tapi goah lain paranti nunda beas/pare, goah bisa dibatesan ku
rohangan jadi kamar atawa ngan ukur ku kaen dijieun siga hordeng, mun nyieun
ku kaen biasana di juru... naha di juru, nya meh hemat kaen we meureun
heu..heu.. pan ngan perlu dua sisi, sisi lainna pan ku tembok/bilik...

 

eusi goah aya

padaringan, pabeasan, paibuan (pare sageugeus), wadah rujakeun, anggoan,
kendi eusi cai, hihid jeung pucuk hanjuang, parupuyan (paranti meuleum
menyan), wadah lemareun sa set, nu wadah seureuhna semu segitiga tea
geuning, nu siga wadah tisu... nu aya kacip tea... nu ayeuna geus
karahaan.... nu uing poho ngaranna tea geuning... (bari kerung mikir rek
sapokpokeun poho suroho) heu heu heu

 

padaringan eusina beas, umumna beas munggaran tina meunang panen, ngeusi
padaringan biasa disebut oge ngalinggihkeun tapi leuwih mineng disebut
nginebkeun, ke nginebkeun beh handap gera urang bari nginget2 kumaha
prak2anna... puguh rada pajeulit wae padahal geus dibalikan heuheu

 

Wadah rujakeun, biasana tina baki nu gede, eusina aya rujak cau, kalapa,
asem ngan tara aya rujak bebek mah heuheu..., rurujakan ieu diwadahan kana
limas (daun cau diteroskeun siga paparahuan, tungtungna diseumat), terus aya
kupat, leupeut, tantang angin, puncak manik, beuleum cau kapas ...
pasedek..sedek nya...

 

samemeh nginebkeun

ari pare/ beas = nyi pohaci, 'diperlakukeun' ku kaheman, nya dina melak aya
istilah nitipkeun, rek panen aya nepangan, tah beres moe geus garing
saeunggeus nutu aya nginebkeun

 

ngineb ==> nginebkeun => prosesi nunda beas anyar nutu, ayeuna mah ngheler
tea, prakna sok aya istilah hamin, ngadoa sakulawarga we... paling aki bapa
ema jeung uing baheula teh, setelah melewati proses ijab jeung doa... beas
anyar nutu (tina dingkul) ditaker diasupkeun kana padaringan...

 

tah beh dieu pisan uing sok pang menekona... sabab... nya didieu pisan eta
eusi rujakeun bakal meunang diopi, jadi rada inget, ema naker beas tina
dingkul kana padaringa ...  tah bapa/aki ngagerendeng...:

 

"nyai anu geulis kawanti-wanti, nu endah kabina, ayeuna tos aya dinagara
nyai, mangka reugreug mangka pageuh, ulah unggut kalinduan ulah gedag
kaanginan aci sari cahya pangawasa nyai,,,,,hurip ku peuting waras ku
beurang..., nyanggakeun pangabaktos kalandep salira nyai..., rujak cau ka
susunan ibu.., rujak kalapa ka susunan rama..., rujak amis ka kersana
nyai..., nyanggakeun sisir eunteung boboreh rampe...."

 

terus ema nundaan eunteung luhureun beas jeung sisir... rup dituruban kaen
bodas...., terus sesa beas dina dingkul diasupkeun kana pabeasan tea... bari
ema ngagerendeng... "nyai... manawi sakedik patri loba nyesa, leuir pedit
tebih kecit..., patri nakerna... ageung merena..."

 

sila teh uing geus diudar... da pasti.. ceuk bapa " mangga sok bageur...
pinter... kasep... (ka uing nyaanna ge MJ ka uing), tah emameunna..., 

 

ngan ayeuna mun eta pabeasan dipoto bakal aya tulisan KOSMOS heuheuheu

 

punten ah..., lelempeng bilih bingkeng mah

paralun

 

 

 

 

Kirim email ke