teuh teuh... MJ mah ngeleketek wae lah..., cik atuh uing teh bere kasempetan 
menikmati selayaknya eksekutip dimana sore2 bgini ngitung untung penutupan 
kandang entog terakhir, da giribig uing geus listing di nikey deudeukeutan 
heula jaba pan sodara tua tea heu heu...

padaringan pabeasan nyaan eta2keneh bungkeuleukanna teh, padaringa nundana oge 
digoah... padaringan mah biasana di teun uing hiji... ari pabeasan bisa leuwih 
ti hiji jeung nundana bisa di goah atawa di luar... ke..ke.. asa paciweuh euy 
teu singkron yeuh antara otak mikir goah jeung wadah beas... kurang oli 
sigana...,heuheu... biasa bab ngacapruk urang balikan deui...

goah teh hiji rohangan di imah nu sifatna sakral teun uing mah, pripat suriprat 
lah, tapi goah lain paranti nunda beas/pare, goah bisa dibatesan ku rohangan 
jadi kamar atawa ngan ukur ku kaen dijieun siga hordeng, mun nyieun ku kaen 
biasana di juru... naha di juru, nya meh hemat kaen we meureun heu..heu.. pan 
ngan perlu dua sisi, sisi lainna pan ku tembok/bilik...

eusi goah aya
padaringan, pabeasan, paibuan (pare sageugeus), wadah rujakeun, anggoan, kendi 
eusi cai, hihid jeung pucuk hanjuang, parupuyan (paranti meuleum menyan), wadah 
lemareun sa set, nu wadah seureuhna semu segitiga tea geuning, nu siga wadah 
tisu... nu aya kacip tea... nu ayeuna geus karahaan.... nu uing poho ngaranna 
tea geuning... (bari kerung mikir rek sapokpokeun poho suroho) heu heu heu

padaringan eusina beas, umumna beas munggaran tina meunang panen, ngeusi 
padaringan biasa disebut oge ngalinggihkeun tapi leuwih mineng disebut 
nginebkeun, ke nginebkeun beh handap gera urang bari nginget2 kumaha 
prak2anna... puguh rada pajeulit wae padahal geus dibalikan heuheu

Wadah rujakeun, biasana tina baki nu gede, eusina aya rujak cau, kalapa, asem 
ngan tara aya rujak bebek mah heuheu..., rurujakan ieu diwadahan kana limas 
(daun cau diteroskeun siga paparahuan, tungtungna diseumat), terus aya kupat, 
leupeut, tantang angin, puncak manik, beuleum cau kapas ... pasedek..sedek 
nya...

samemeh nginebkeun
ari pare/ beas = nyi pohaci, 'diperlakukeun' ku kaheman, nya dina melak aya 
istilah nitipkeun, rek panen aya nepangan, tah beres moe geus garing saeunggeus 
nutu aya nginebkeun

ngineb ==> nginebkeun => prosesi nunda beas anyar nutu, ayeuna mah ngheler tea, 
prakna sok aya istilah hamin, ngadoa sakulawarga we... paling aki bapa ema 
jeung uing baheula teh, setelah melewati proses ijab jeung doa... beas anyar 
nutu (tina dingkul) ditaker diasupkeun kana padaringan...

tah beh dieu pisan uing sok pang menekona... sabab... nya didieu pisan eta eusi 
rujakeun bakal meunang diopi, jadi rada inget, ema naker beas tina dingkul kana 
padaringa ...  tah bapa/aki ngagerendeng...:

"nyai anu geulis kawanti-wanti, nu endah kabina, ayeuna tos aya dinagara nyai, 
mangka reugreug mangka pageuh, ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan aci 
sari cahya pangawasa nyai,,,,,hurip ku peuting waras ku beurang..., nyanggakeun 
pangabaktos kalandep salira nyai..., rujak cau ka susunan ibu.., rujak kalapa 
ka susunan rama..., rujak amis ka kersana nyai..., nyanggakeun sisir eunteung 
boboreh rampe...."

terus ema nundaan eunteung luhureun beas jeung sisir... rup dituruban kaen 
bodas...., terus sesa beas dina dingkul diasupkeun kana pabeasan tea... bari 
ema ngagerendeng... "nyai... manawi sakedik patri loba nyesa, leuir pedit tebih 
kecit..., patri nakerna... ageung merena..."

sila teh uing geus diudar... da pasti.. ceuk bapa " mangga sok bageur... 
pinter... kasep... (ka uing nyaanna ge MJ ka uing), tah emameunna..., 

ngan ayeuna mun eta pabeasan dipoto bakal aya tulisan KOSMOS heuheuheu

punten ah..., lelempeng bilih bingkeng mah
paralun





  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, May 06, 2010 3:26 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] wawadahan pare beas sangu


    



  Heuheu.kamana tah tukang giribig. Resep maca tulisanana (bari pakepuk pepeta 
tea, haha)



  Tukang giribig mah klan na sami jeung syam ridwan, sumedang, the last emperor 
tea. Sigana ayeuna di jakarta.  Heuheu. Harebat urang sumedang, waranoh ka 
budaya antikna jero. Eta we, soal dangdeur, sihoreng tangkal randu/kapuk jalu. 
Munggaran manggih harti dangdeur ti pa pulung urang ciranji.

  "rek mawa dangdeur jang bawaeun ka bandung?"

  Si kuring jeung kang wahyu ngahuleung. Pa pulung seuri, "Oh di bandung mah 
ngarana sampeu." Pokna ngeceskeun what is the meaning of dangdeur di baduy



  Tapi di sumedang mah dangdeur teh tangkal kapuk jalu, cenah markas jurig 
buta. Lengkepna keun Tukang Giribig sina ngadongeng deui. Sugan kang Syam 
Ridwan mantuan J






------------------------------------------------------------------------------

  From: [email protected] [mailto:[email protected]] On 
Behalf Of Awan Sundiawan
  Sent: Thursday, May 06, 2010 2:26 PM
  To: [email protected]
  Subject: Bls: [Urang Sunda] wawadahan pare beas sangu








        Kang MJ, katawisna tukang giribig lokasina di luar kampung "adat" eta 
nya kang, hehehe.

        --- Pada Rab, 5/5/10, mj <[email protected]> menulis:


        Dari: mj <[email protected]>
        Judul: [Urang Sunda] wawadahan pare beas sangu
        Kepada: [email protected]
        Cc: [email protected]
        Tanggal: Rabu, 5 Mei, 2010, 11:58 PM

          

        Ieu ngarinci objek nu baris dipaluruh tea unsur estetikana, nya meureun 
bari leumpang, dibahas teknisna, bahan jsb. 



        Imah Tukang Giribig, pabeasan merek Cosmos



        Imah Tukang Giribig : Magic jar




       







  

Kirim email ke