Mang Gir... (naon nya keur nyalukana ka TUkang Giribig??), MJ oge nu laina, aya 
nu bade ditaroskeun
baheula keur leutik, bangsa 20 taun ka tukangan meureun mun teu pohomah, digoah 
nu aya di imah aki uing aya peti tinu kayu ukurana mun teu salahmah kurang 
leuwih jangkungna sa meter, lebarna 80 cm, panjangna 120 cm (kira2 etage). 
Jiganamah eta petiteh dijieuna tina kayu alus da weweg tur beurat kacida, jeung 
deui aya ukiran, teuing ukiranamah poho deui ngabentuk naon. tutupna dibagian 
luhur, cara mukana diangkat saeutik terus digeses, da tutupnage beurat
Tah ari nu kitu naon ngarana? naha pangeusi matuh goah oge?

hatur nuhun

Nana Suwargana



________________________________
Dari: TukangGiribig <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kam, 6 Mei, 2010 18:22:19
Judul: Re: [Urang Sunda] wawadahan pare beas sangu

  
teuh teuh... MJ mah ngeleketek wae lah..., cik atuh 
uing teh bere kasempetan menikmati selayaknya eksekutip dimana sore2 bgini 
ngitung untung penutupan kandang entog terakhir, da giribig uing geus 
listing di nikey deudeukeutan heula jaba pan sodara tua tea heu 
heu...
 
padaringan pabeasan nyaan eta2keneh bungkeuleukanna 
teh, padaringa nundana oge digoah... padaringan mah biasana di teun uing 
hiji... 
ari pabeasan bisa leuwih ti hiji jeung nundana bisa di goah atawa di luar... 
ke..ke.. asa paciweuh euy teu singkron yeuh antara otak mikir goah jeung wadah 
beas... kurang oli sigana...,heuheu. .. biasa bab ngacapruk urang balikan 
deui...
 
goah teh hiji rohangan di imah nu sifatna sakral 
teun uing mah, pripat suriprat lah, tapi goah lain paranti nunda beas/pare, 
goah bisa dibatesan ku rohangan jadi kamar atawa ngan ukur ku kaen dijieun siga 
hordeng, mun nyieun ku kaen biasana di juru... naha di juru, nya meh hemat kaen 
we meureun heu..heu.. pan ngan perlu dua sisi, sisi lainna pan ku 
tembok/bilik. ..
 
eusi goah aya
padaringan, pabeasan, paibuan (pare 
sageugeus), wadah rujakeun, anggoan, kendi eusi cai, hihid jeung 
pucuk hanjuang, parupuyan (paranti meuleum menyan), wadah lemareun sa set, nu 
wadah seureuhna semu segitiga tea geuning, nu siga wadah tisu... nu aya kacip 
tea... nu ayeuna geus karahaan.... nu uing poho ngaranna tea geuning... (bari 
kerung mikir rek sapokpokeun poho suroho) heu heu heu
 
padaringan eusina beas, umumna beas munggaran tina 
meunang panen, ngeusi padaringan biasa disebut oge ngalinggihkeun tapi leuwih 
mineng disebut nginebkeun, ke nginebkeun beh handap gera urang bari nginget2 
kumaha prak2anna... puguh rada pajeulit wae padahal geus dibalikan 
heuheu
 
Wadah rujakeun, biasana tina baki nu gede, eusina 
aya rujak cau, kalapa, asem ngan tara aya rujak bebek mah heuheu..., rurujakan 
ieu diwadahan kana limas (daun cau diteroskeun siga paparahuan, tungtungna 
diseumat), terus aya kupat, leupeut, tantang angin, puncak manik, beuleum cau 
kapas ... pasedek..sedek nya...
 
samemeh nginebkeun
ari pare/ beas = nyi pohaci, 'diperlakukeun' ku 
kaheman, nya dina melak aya istilah nitipkeun, rek panen aya nepangan, tah 
beres 
moe geus garing saeunggeus nutu aya nginebkeun
 
ngineb ==> nginebkeun => prosesi nunda beas 
anyar nutu, ayeuna mah ngheler tea, prakna sok aya istilah hamin, ngadoa 
sakulawarga we... paling aki bapa ema jeung uing baheula teh, setelah melewati 
proses ijab jeung doa... beas anyar nutu (tina dingkul) ditaker diasupkeun kana 
padaringan.. .
 
tah beh dieu pisan uing sok pang menekona... 
sabab... nya didieu pisan eta eusi rujakeun bakal meunang diopi, jadi rada 
inget, ema naker beas tina dingkul kana padaringa ...  tah 
bapa/aki ngagerendeng. ..:
 
"nyai anu geulis kawanti-wanti, nu endah 
kabina, ayeuna tos aya dinagara nyai, mangka reugreug mangka pageuh, ulah 
unggut kalinduan ulah gedag kaanginan aci sari cahya pangawasa nyai,,,,,hurip 
ku 
peuting waras ku beurang..., nyanggakeun pangabaktos kalandep salira nyai..., 
rujak cau ka susunan ibu.., rujak kalapa ka susunan rama..., rujak amis ka 
kersana nyai..., nyanggakeun sisir eunteung boboreh rampe...."
 
terus ema nundaan eunteung luhureun beas jeung 
sisir... rup dituruban kaen bodas...., terus sesa beas dina 
dingkul diasupkeun kana pabeasan tea... bari ema ngagerendeng. .. "nyai... 
manawi sakedik patri loba nyesa, leuir pedit tebih kecit..., patri nakerna... 
ageung merena..."
 
sila teh uing geus diudar... da pasti.. ceuk bapa " 
mangga sok bageur... pinter... kasep... (ka uing nyaanna ge MJ ka uing), tah 
emameunna... , 
 
ngan ayeuna mun eta pabeasan dipoto bakal aya 
tulisan KOSMOS heuheuheu
 
punten ah..., lelempeng bilih bingkeng 
mah
paralun
 
 
 
 
 
----- Original Message ----- 
>From: mj 
>To: urangsu...@yahoogro ups.com 
>Sent: Thursday, May 06, 2010 3:26 
>PM
>Subject: RE: [Urang Sunda] wawadahan pare 
>  beas sangu
>
>  
>Heuheu…kamana tah 
>  tukang giribig. Resep maca tulisanana ( bari pakepuk 
>  pepeta tea, haha)
>Tukang giribig mah 
>  klan na sami jeung syam ridwan, sumedang, the last emperor tea. Sigana 
> ayeuna 
>  di jakarta.  Heuheu. Harebat urang sumedang, waranoh ka budaya antikna 
>  jero. Eta we, soal dangdeur, sihoreng tangkal randu/kapuk jalu. Munggaran 
>  manggih harti dangdeur ti pa pulung urang ciranji.
>“rek mawa dangdeur 
>  jang bawaeun ka bandung ?”
>Si kuring jeung kang 
>  wahyu ngahuleung. Pa pulung seuri, “Oh di bandung mah 
>  ngarana sampeu.” Pokna ngeceskeun what is the meaning of dangdeur di 
>  baduy
>Tapi di sumedang mah 
>  dangdeur teh tangkal kapuk jalu, cenah markas jurig buta. Lengkepna keun 
>  Tukang Giribig sina ngadongeng deui. Sugan kang Syam Ridwan mantuan 
> J
>
________________________________
 
>From:>  urangsu...@yahoogro ups.com 
>  [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of Awan Sundiawan
>Sent: Thursday, May 06, 2010 2:26 
>  PM
>To: >  urangsu...@yahoogro ups.com
>Subject: Bls: [Urang Sunda] wawadahan 
>  pare beas sangu
>
>
>
>
>Kang MJ, katawisna tukang giribig lokasina di 
>        luar kampung "adat" eta nya kang, hehehe.
>
>--- Pada Rab, 5/5/10, mj < ja...@itenas. ac.id > >        menulis:
>
>Dari: mj 
>        < ja...@itenas. ac.id >
>Judul: [Urang Sunda] 
>        wawadahan pare beas sangu
>Kepada: 
>        urangsu...@yahoogro ups.com
>Cc: 
>        kisu...@yahoogroups .com
>Tanggal: Rabu, 5 Mei, 2010, 11:58 
>        PM
>  
>Ieu ngarinci objek nu baris 
>        dipaluruh tea unsur estetikana, nya meureun bari 
>        leumpang, dibahas teknisna, bahan jsb. 
>Imah 
>        Tukang Giribig, pabeasan merek Cosmos
>Imah 
>        Tukang Giribig : Magic jar 
>
>
>
 

Kirim email ke