Ih, nyaan ieu mah Kang JP matak muriding & muringkak
padahal tara “makan issue” hehehe… da kitu
kaayaanana, duka pedah alit keneh harita mah… matak pikasieuneun. Wah,
kaleresan tara nyumput di sepen, da sok
dibubura ku pun nini bisi aya nu coceng eusi sepenna heheh…


 


Owh, ari sepen di masigit mah kitu nya? nuhun ah,
nambihan deui tah katerang teh…



ro2



--- On Tue, 11/5/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:

From: Jalak Pakuan <[email protected]>
Subject: Bls: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas
To: [email protected]
Date: Tuesday, 11 May, 2010, 10:14 AM







 



  


    
      
      
      Haaar
naaha tempat muja/semedi bet jadi tempat pikasieuneun? Asa jadi tibalik
ah, kapanan  ari tempat semedi/dzikir mah tempat nu betah keur
ngangkleung  nenangkeun pikiran jeung hate. Jadi tempat
pikabetaheun ngalila-lila maneh, sanes tibuburanjat kulantaran
muringkak. Muringkak sieun teh panginten "termakan issue",  pan
kolot mah nyingsieunan soteh supaya semedi/dzikir di sepen teu
kaganggu. Biasa pan sepen teh tempat favorit lamun keur ucing sumput.

Tah
ari rohangan nu katuhu di tajug/masjid biasa disebut sepen teh sanes
keur semedi, eta mah di luar pan tempatna semedi/dzikir/ i'tikaf, ari
sepen mah goah/gudang leutik tempat nyimpen paralatan saperti samak,
karpet, qur'an, katut jadi "gudang logistik" mini.

baktos,
JP
 Makarya Mawa Raharja



   





 



  





Kirim email ke