2010/5/6 mj > > Salah sahiji objek studi teh wadah beas. Kamari ka kampung
naga, ku nu boga imah teu kaci nempo jerona goah. Ari di ciranji baduy mah
meunang, kitu deui di gajeboh. Sawareh goah di baduy mah teu mangrupa
rohangan husus, tapi ngahiji jeung dapur. Aya nu dipisahkeun, tapi teu make
panto, nya teu beda di pendeng/enggon, ngan eusina pabeasan nu rupana
gentong tea jeung sagala rupa peralatan dapur, kayaning boboko jeung baris.
jigana wae misah henteuna goah jeung rohangan sejen lain gumantung ka tempat
geografina, tapi gumantung ka tingkatan ekonomina. lamun imahna cukup gede,
nya meureun logis mun bisa nyadiakeun goah make rohangan khusus. ari imahna
sederhana mah boro-boro keur nyieun goah husus, nya dapur teh meureun jadi
rohangan sarwaguna, nya jadi goah, tempat ngaliwet, malah sakaligus jadi
tempat balakencrakan barang dahar. > Dina ensiklopedia sunda mah, bedana
padaringan jeung pabeasan ( nu gentong tea) ngan dibedakeun dina tatacara
atawa memperlakukanana. Padaringan mah cenah masih keneh make acara adat,
make sagala rupa upacara, menyan, rupa rupa kembang, jst, ari pabeasan mah
nya ukur wadah beas. Rupana mah eta-eta keneh. Can kapaluruh di lokasi
studi, kumaha bae bag-bagan upacara adatna pikeun padaringan teh. Tapi
sigana patali jeung asal usul pare beas tea, ti nyi pohaci sang hyang asri
(dewi sri tea). ari sainget uing mah, eta nu dimaksud padaringan jeung
pabeasan teh eta-eta keneh. nyebutkeunana teh kumaha ingetna, teu gumantung
ka ensiklopedia, da teu apaleun meureun. mun nu keur ingetna kecap
padaringan, nya nyebutna teh padaringan. upama keur inget ka pabeasan, nya
nyebutna teh pabeasan. mun keur usum tiwerat, usum paceklik, mangsa usum
hese barang dahareun, disebutna teh padaringan garing cenah alias pabeasan
kosong. > > Saliwatan nempo goah di kp naga, biasana rohangan leutik
gigireun dapur. Beulah kencaeun dapur. Kenca teh meureun ruang istri, katuhu
pameget. tah ieu ge, nu kapanggih jeung kainget ku uing mah posisi goah teh
rupa-rupa: aya nu di gigireun kenca hawu paragi popolah; aya oge nu tempatna
tukangeun nu keur siduru hareupeun hawu. saeutik dongeng perkara goah: nu
kapanggih mah goah teh multi fungsi jiga peso "swiss army": jadi gudang
tempat nyimpen sasadiaan bahan dahareun sapanjang taun, kayaning nyimpen
segon jeung barayana bangsal, gaplek jeung kiripik sampeu, di luhurna rawey
beungkeutan jagong jeung kacang nu geus digaringkeun; oge eta tempat
padaringan atawa pabeasan tea, nyimpen beas dina gentong karamat, sarta teu
kaliwat entik batok kalapa keur nyiuk beasna; fungsi sejenna goah teh jadi
laboratorium permentasi, nyaeta jadi tempat keur peupeuyeuman, boh meuyeum
ketan hideung, meuyeum sampeu, meuyeum gaplek, oge meuyeum cau. sabenerna
mah tempat nyimpen beas di goah teh lain ukur gentong si jimat, tapi oge
karung. karung teh fungsina jadi storage temporal, mun gentong geus kosong
beas na karung dicicikeun keur ngeusian gentong. meureun salah sahiji
kauntungana teh mun nyimpen beas dina gentong gampang ngedukna ku entik
batok kalapa tea. diantara barang nu aya digoah, nu lain barang dahareun,
nyaeta parupuyan paragi nyeungeut menyan. parupuyan teh bentukna jiga coet
ngan aya sukuan. tah gigireun parupuyan aya barang sejen karesep uing, aya
cangkir nu eusina rujak cau emas. enya disebutna teh kitu, rujak cau emas,
padahal mah jiga kolek, cau emas disiksikan terus dikeueum kinca gula kawung
nu seungit pandan tea. mun my-biang bongoh, ku uing sok diregot rujak cau
emasna, hahaha. urang lembur mangsa harita, taun 70-an, di goah teh unggal
malem salasa jumaah sok nyeungeut menyan bari nyayagikeun sasajen rujak cau
emas tea. jigana wae eta haseup menyan nu ngelun teh aya mangpaatna keun
mantuan ngawetkeun barang simpenan di goah. > > Ngan nya kitu, unikna,
sanajan gentong pabeasan teh wadah wajib kudu aya di unggal goah, di baduy,
teu aya warga nu nyieun gerabah gentong kitu. Hartina meureun teknologi
gerabah teu kakuasai, teu cara nyieun bedog, di baduy kampung nu kakoncara
kampung batubeulah. Jadi si gentong pabeasan teh meuli ti luar. Ari urang kp
kuta kp naga mah meuli ka pasar garut, salawu atawa singaparna, ari urang
baduy mah cenah sok meuli kanu jualan nu datang ti luar. Kitu deui seeng.
Sanajan wajib aya paranti nyepan sangu, teu dijarieun ku urang dinya, tapi
meuli ka luar atawa aya nu jualan ka baduy. > > Mangga dilajeng kanu terang,
ketrukeun deui J > > nuhuns

Kirim email ke