Paingan atuh sepen teh sok poek, da sok dianggo paranti
nyepi/muja semedi? Pami teu dipantoan, pasti  dihordengan… mun lebet kadinya 
teh sok muriding bin
muringkak bulu punduk… teu puguh cabak da ku geueuman tea. Dipiwarang nyandak
kalapa ku nini kalahka waluh kolekeun da teu katingali hahaha… angger
dititah balik deui, nya kapaksa sieun-sieun oge…  Ari ngaheneng ngaraga meneng 
mah…mindeng, unggal
subuh tapi lain di sepen… heuheu…




Owh, nembe terang pakeun tajug/masigit dibagi 3 rohangan,
ari sugan teh tos kitu we tidituna… kacipta pami teu aya rohangan
paragi "kabur teu ka kemot" imam teh  nyempod we di pojok hihi...




nuhun inpona,

ro2 









 



--- On Mon, 10/5/10, mh <[email protected]> wrote:

2010/5/10 mh <khs...@gmail. com>



"sepen" teh tina "sepi",
"panyepenan" tempat paranti nyepi, muja semedi, ngaheneng ngaraga
meneng. goah salian fungsina pikeun gudang atawa storage, fungsi lainna
keur tempat panyepenan, ngahormat dewi sri. numatak sok aya sasajen,
eunetung jeung sisirna sagala. kitu ceuk ujaring carita. 




  
tambahan, nu sok aya panyepenan teh salian ti goah, oge
tajug alias masigit. di bagean hareup masigit kampung dibagi tilu
rohangan: bagian tengah keur imam; bagean kenca aya panto nyambung ka
paimaran terus kaluar, fungsina keur panto darurat, bisi imam hitut
ngarah bisa terus kaluar diganti ku ajudan imam; bagean katuhu
panyepenan.

  












 



  





Kirim email ke