2010/5/10 roro rohmah <[email protected]>

>
>
>  Asa kaemutan, jaman pun nini aya keneh, aya hiji kamar nu ngahaja
> dijantenkeun “gudang logistik” (hihihi.. meh gaya). Tuda, ari noong eta
> kamar teh sagala aya, lian ti paragi nyimpen beas, aya oge cau, asem nu aya
> kulitan keneh, jagong, suuk, boled & sampeu nu digaringkeun. Di kamar eta
> keneh, jaman baheula mah teu acan aya lomari makan atanapi disimpen na meja
> makan dituruban ku tudung saji, tuangeun hasil masak teh sok disimpen dina
> nyiru nu digantungkeun kana para kamar (gugulawingan) supados teu digembrong
> sireum & rerencanganana. Kamari ngawangkong sareng pun biang, naha pun nini
> mah nyebat eta kamar teh “sepen”. Saurna teh,”Sepen teh goah, sarua-rua
> keneh jeung pabeasan”
>

"sepen" teh tina "sepi", "panyepenan" tempat paranti nyepi, muja semedi,
ngaheneng ngaraga meneng. goah salian fungsina pikeun gudang atawa storage,
fungsi lainna keur tempat panyepenan, ngahormat dewi sri. numatak sok aya
sasajen, eunetung jeung sisirna sagala. kitu ceuk ujaring carita.



>
> Iseng kamari motoan ku hp (gambarna di email ti payun), gaduh langseng nu
> wangunna jiga sééng. Langseng made in Cikajang – Garut nu masih keneh satia
> satuhu ka pun biang salami kirang langkung 25 taunan teu rengrot-rengrot,
> dipleter unggal dinten masih keneh kiat dianggo nyangu & nyeupan. Saparantos
> aya magic jar, “tugas”na teu pati kerep teuing, mung teu acan dugi ka MPP...
> heheh.  Teu kantos naroskeun ka ki lanceuk (nu ngicalna), naha ieu
> langseng mangrupi reinkarnasi tina seeng? Margi rupina jiga seeng mung aya
> ceulian. Saurna seeng tiasa dianggo interlokal? Tah, duka ieu mah can kantos
> nyobian heuheu…
>
>
>
> ro2
>
>
> --- On *Thu, 6/5/10, mh <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: mh <[email protected]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas
> To: [email protected]
> Date: Thursday, 6 May, 2010, 10:03 PM
>
>
>
>
>
>
> 2010/5/6 mj <ja...@itenas. ac.id <http://mc/[email protected]>
> >
> >
> > Salah sahiji objek studi teh wadah beas. Kamari ka kampung naga, ku nu
> boga imah teu kaci nempo jerona goah. Ari di ciranji baduy mah meunang, kitu
> deui di gajeboh. Sawareh goah di baduy mah teu mangrupa rohangan husus, tapi
> ngahiji jeung dapur. Aya nu dipisahkeun, tapi teu make panto, nya teu beda
> di pendeng/enggon, ngan eusina pabeasan nu rupana gentong tea jeung sagala
> rupa peralatan dapur, kayaning boboko jeung baris.
>
> jigana wae misah henteuna goah jeung rohangan sejen lain gumantung ka
> tempat geografina, tapi gumantung ka tingkatan ekonomina. lamun imahna cukup
> gede, nya meureun logis mun bisa nyadiakeun goah make rohangan khusus. ari
> imahna sederhana mah boro-boro keur nyieun goah husus, nya dapur teh meureun
> jadi rohangan sarwaguna, nya jadi goah, tempat ngaliwet, malah sakaligus
> jadi tempat balakencrakan barang dahar.
>
> > Dina ensiklopedia sunda mah, bedana padaringan jeung pabeasan ( nu
> gentong tea) ngan dibedakeun dina tatacara atawa memperlakukanana.
> Padaringan mah cenah masih keneh make acara adat, make sagala rupa upacara,
> menyan, rupa rupa kembang, jst, ari pabeasan mah nya ukur wadah beas. Rupana
> mah eta-eta keneh. Can kapaluruh di lokasi studi, kumaha bae bag-bagan
> upacara adatna pikeun padaringan teh. Tapi sigana patali jeung asal usul
> pare beas tea, ti nyi pohaci sang hyang asri (dewi sri tea).
>
> ari sainget uing mah, eta nu dimaksud padaringan jeung pabeasan teh eta-eta
> keneh. nyebutkeunana teh kumaha ingetna, teu gumantung ka ensiklopedia, da
> teu apaleun meureun. mun nu keur ingetna kecap padaringan, nya nyebutna teh
> padaringan. upama keur inget ka pabeasan, nya nyebutna teh pabeasan. mun
> keur usum tiwerat, usum paceklik, mangsa usum hese barang dahareun,
> disebutna teh padaringan garing cenah alias pabeasan kosong.
> >
> > Saliwatan nempo goah di kp naga, biasana rohangan leutik gigireun dapur.
> Beulah kencaeun dapur. Kenca teh meureun ruang istri, katuhu pameget.
>
> tah ieu ge, nu kapanggih jeung kainget ku uing mah posisi goah teh
> rupa-rupa: aya nu di gigireun kenca hawu paragi popolah; aya oge nu tempatna
> tukangeun nu keur siduru hareupeun hawu.
>
> saeutik dongeng perkara goah:
>
> nu kapanggih mah goah teh multi fungsi jiga peso "swiss army": jadi gudang
> tempat nyimpen sasadiaan bahan dahareun sapanjang taun, kayaning nyimpen
> segon jeung barayana bangsal, gaplek jeung kiripik sampeu, di luhurna rawey
> beungkeutan jagong jeung kacang nu geus digaringkeun; oge eta tempat
> padaringan atawa pabeasan tea, nyimpen beas dina gentong karamat, sarta teu
> kaliwat entik batok kalapa keur nyiuk beasna; fungsi sejenna goah teh jadi
> laboratorium permentasi, nyaeta jadi tempat keur peupeuyeuman, boh meuyeum
> ketan hideung, meuyeum sampeu, meuyeum gaplek, oge meuyeum cau.
>
> sabenerna mah tempat nyimpen beas di goah teh lain ukur gentong si jimat,
> tapi oge karung. karung teh fungsina jadi storage temporal, mun gentong geus
> kosong beas na karung dicicikeun keur ngeusian gentong. meureun salah sahiji
> kauntungana teh mun nyimpen beas dina gentong gampang ngedukna ku entik
> batok kalapa tea.
>
> diantara barang nu aya digoah, nu lain barang dahareun, nyaeta parupuyan
> paragi nyeungeut menyan. parupuyan teh bentukna jiga coet ngan aya sukuan.
> tah gigireun parupuyan aya barang sejen karesep uing, aya cangkir nu eusina
> rujak cau emas. enya disebutna teh kitu, rujak cau emas, padahal mah jiga
> kolek, cau emas disiksikan terus dikeueum kinca gula kawung nu seungit
> pandan tea. mun my-biang bongoh, ku uing sok diregot rujak cau emasna,
> hahaha. urang lembur mangsa harita, taun 70-an, di goah teh unggal malem
> salasa jumaah sok nyeungeut menyan bari nyayagikeun sasajen rujak cau emas
> tea. jigana wae eta haseup menyan nu ngelun teh aya mangpaatna keun mantuan
> ngawetkeun barang simpenan di goah.
> >
> > Ngan nya kitu, unikna, sanajan gentong pabeasan teh wadah wajib kudu aya
> di unggal goah, di baduy, teu aya warga nu nyieun gerabah gentong kitu.
> Hartina meureun teknologi gerabah teu kakuasai, teu cara nyieun bedog, di
> baduy kampung nu kakoncara kampung batubeulah. Jadi si gentong pabeasan teh
> meuli ti luar. Ari urang kp kuta kp naga mah meuli ka pasar garut, salawu
> atawa singaparna, ari urang baduy mah cenah sok meuli kanu jualan nu datang
> ti luar. Kitu deui seeng. Sanajan wajib aya paranti nyepan sangu, teu
> dijarieun ku urang dinya, tapi meuli ka luar atawa aya nu jualan ka baduy.
> >
> > Mangga dilajeng kanu terang, ketrukeun deui J
> >
> > nuhuns
>
>
>
>
> 
>

Kirim email ke