Ieu mah mamanawian tiasa ngawaler seratan Bah Willy (rumaos sanes ahlina), khusus dina padalisan dihandap anu dikeliran bulao.
Nyutat tina buku "Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Wira Tanu Dalem Cikundul, Cianjur" yasana drs. Bayu Suryaningrat, anu dipedalkeun ku : Rukun Warga Cianjur-Jakarta, (anu mung hiji-hijina anu dipimilik ku sim abdi). Numutkeun eta buku anu janten bupati di Cianjur turunan langsung ti Rd. Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wira Tanu, mung dugi ka bupati ka VI (Aria Wira Tanu Datar VI/Dalem Aria Enoh/1776~1813), margi putra dalem Aria Enoh/Aria Wiira Tanu Datar VII nyaeta R. Abas/Aria Wira Tanu Datar VIII dibenum janten bupati Garut. Salajengna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku putrana Nyi R. Tanjungnagara (putra Dalem Muhidin/Aria Wira Tanu Datar V, atanapi rai Aria Wira Tanu Datar VI anu nikah sareng hiji ulama ti Banten. Putra Ny. R. Tanjungnagara ieu anu neraskeun kalungguhan bupati Cianjur nganggo gelar R. Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur ka VII/1813~1833, anu saterasna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku turunanana dugika bupati Cianjur ka X. Rupina bupati ieu anu disebatkeun katurunan Arab dina seratan Bah Willy. Mung aya kahanjakal dina buku eta henteu disebatkeun jenengan Ulama ti Banten, anu nikah sareng Nyi R. Tanjungnagara Sakitu anu kapihatur, leres lepatna, wallahu alam ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya <[email protected]> Kitu cenah, ah ieu mah sakadar hayang babagi we, pedah bukuna rada aneh, perkara urang Arab di Indonesia jeung dijieun leuwih ti 100 taun katukang. Buku ieu, keur urang Sunda aya nu matak hemeng. Nu kahiji eusi panganteur (kata pengantarna) ti Dr. Karel A, Seetbrink jeung Ismail Fajrie Alatas, nu nyebutkeun Hoelle, salah saurang penasehat Gubernur Jendral, Walanda nu gede pangaruhna kana basa Sunda, sobatna panghulu M. Musa, panghulu Garut) teh sabenerna phobia/ paranoid Islam. Hoelle mimiti nganjurkeun basa Sunda teh make huruf jawa-sunda (hanacaraka) terus huruf laten, padahal ti kalangan pribumi usulna make huruf Arab. Nu kadua, Van den Berg nyebutkeun Bupati Cianjur teh katuruanan Arab!, sanajan geus leungit kaarabana. Duka Bupati Cianjur nu jaman mana, ngan sigana nu sajaman jeung Van den Berg, pertengahan/ akhir abad ka 19. Manawi aya nu terang? Baktos, WALUYA (Mudah-mudahan teu salah maca, rada hese ngartina, duka nu ngaindonesiakeunaa kurang pas, atawa kuringna nu hese ngarti ...hehehe)

