> Siddik Wiradireja <cikund...@...> wrote:
> Salajengna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku putrana Nyi R. 
> Tanjungnagara (putra
> Dalem Muhidin/Aria Wira Tanu Datar V, atanapi rai Aria Wira Tanu Datar > VI 
> anu nikah sareng hiji ulama ti Banten.
> Putra Ny. R. Tanjungnagara ieu anu neraskeun kalungguhan bupati 
> Cianjur nganggo gelar
> R. Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur ka VII/1813~1833, anu 
> saterasna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku turunanana dugika > 
> bupati Cianjur ka X.

Hatur nuhun Apih kana walernana. Saatos buku Van den Berg dibaca sakali deui, 
aya disebatkeun bupati Cinajur nu ngawitan marentah ti taun 1813 sareng 
katurunan Kasultanan Banten ( nu dianggap ku Van den Berg katurunan Arab). 
Janten panginten leres pisan RAA Prawiradiredja I nu disebat Dalem Cianjur 
"katurunan Arab" teh. Van Den Berg nyarioskeun sanajan Dalem Cianjur gaduh 
teureuh Arab, tapi parantos janten "jawa" sagemblengna (panginten maksudna 
Sunda sagemblengna, sigana Van Den Berg nganggap Sunda teh identik sareng Jawa).

Upami abdi teu lepat maca, Van den Berg oge nyebatkeun saleresna sanes priagung 
(menak) Cianjur wae nu aya teureuh Arab, tapi oge priagung di Jawa sanesna, nu 
ngangken katurunan Sunan Gunung Jati. Mung sacara budaya, aranjeunna parantos 
jadi pribumi sagemblengna. Oge teureuh arab di priagung menak jawa/sunda 
kumargi kawin mawin. Cenah, ceuk Van Den Berg, pendatang nu bisa dipulung 
minantu ku kaum menak, pendatang ti Arab. Ari pendatang ti Cina mah umumna 
lamun kawin ka pribumi ti golongan handap. Pon kitu deui Urang Eropa, sanajan 
maranehna status sosialna pangluhurna di masyarakat kolonial,  tapi tara ngawin 
pribumi sacara resmi, ukur didamel "nyai-nyai". Akibatna istri kaum menak mah 
teu aya/ jarang nu kersa.

Mung di abad ka 19, kulawarga-kulawarga menak Jawa/ Sunda ( nu saleresna 
kateureuhan Arab oge), teu pati narima Arab-Arab deui dijadikeun minantu. Aya 
kamungkinan kulantaran pangaruh politik pamarentah Walanda, nu nganggap urang 
Arab "ngabahayakeun". 

Van Der Berg sorangan, nyimpulkeun urang Arab kaum Hadrami (Hadralmaut) teu 
"ngabahayakeun", jadi benten sareng anggapan urang Walanda umumna. Salah sahiji 
alesanana, snajan sami-sami Muslim,  msayarakat pribumi mah resep kana tasauf 
ari urang Arab mah teu resepeun ....

Baktos,
WALUYA





Kirim email ke