nuhun ka akang Siddik anu nos ngajelaskeun ieu perihal ka -cikundulan , jadi hoyong ziarah deui yeuh ka cikundul... Cikundul salahsahiji tempat ziarah anu pantes dibanggakeun pikeun urang sunda...
masalah sayyid jeung syarif ngiring nambihan kieu meureun : istilah sayyid mulana leres kanggo turuna imam husein as istilah syarif kanggo imam hasan as tapi belah dieu jadi teu kitu deui bahkan syarif oge kanggo turunan husein , samisal syarif hidayatullah. kaum sadaat ( jamakna sayyid) datang ka indonesia lamun dina sajarah aya dua tahapan badagna : 1. zaman kapungkur sakitar kurang leuwihna 1300 an , tah ieu nyandak mazhab anu deukuet kana Syiah imamiah atawa zaidiah , sabagean berpendapat kana hanafi .. tapi ku seueurna bukti sajarahna , misalna sunan bonang anu cenang solatna dina batu, atawa bendera sunan gunung jati jeung nu sanesna ngalambangkeun kasyiahanana,,, komo ari syeikh siti jenar mah ngan didieu masalah filsafat ketuhanan wungkul nu benten jeung wali sanga nu sanesna...bukti nu lainna tina masalah perkawinan yen di Syiah sayyid awewe atawa lalaki teu masalah rek kawin jeung lain sayyid oge, ku kituna rea ti maranehanana kawin jeung kaum pribumi di indonesia boh lalaki boh awewe, misalna indungna Syeikh Abdul Muhyi Tasik malaya ajeunna sayyidah tapi bapakna mah katurunan Karajaan GAluh (pribumi). beda deui ari "mazhab lainna" anu ngalarang perihal ieu. kaum sayyid awwal dina tablighna aya nu nganggo kasufian , tarekat, seuseurna, lamun ditilik2 tarekatan oge seuseurna nyambungna ka imam ahlulbaet as. 2. KAum sayyid nu kadua nyaeta anyar2 sakitar 1800 atawa 1900 kaluhur anu seuseurna nyandak mazhab syafei hadramaut. nu kahiji oge hadramaut, ngan bentenna ari nu kahiji teu kaburu pindah ti hadramaut teu nepi beunang ku fatwa ti Alfaqih almuqaddam (anu aki-akina ti sayyid kadua) anu dina sajarah disebatkeun pindah mazhab ti syiah ka syafei, tah ari nu kadua mah meunang kana fatwa ieu.. Alfaqih almuqaddam pindah mazhab ieu aya dua kamungkinan : - nu kahiji taqiah ( pura-pura mazhab syafei) kulantaran baheula di yaman rea kaum khawariz pembenci ahlulbaet jeung katurunana , seueru korban pembantaian kaum sayyid, ku kituna supaya ngajaga ieu anjeunna pura2 ka mazhab syafei supaya rada aman jeung supaya teu kawin kaum sayyid jeung kaum khawarij - nu kadua anjeunna beneran pindah ka mazhab syafei , kulantaran meureun meunang diajarna kana mazhab syafei jadi kapanguruhan ku mazhab syafei. Urang sunda seueur turunan Sayyid boh ti indung boh ti bapak, lamun di iran atawa di irak lamun indungna sayyid disebatna Mirza, lamun bapakna sayyid disebatna Sayyid oge. tah di indonesia seueur namina teh IPAH (ti sarifah), siti , sidi, atawa ratu, raden (aya dua sayyid jeung lain) Maulana, Tubagus, dll, tapi kulantaran jaman penjajahan seueur nu ngaleungitkeun we , misalna turunan sultan ageng tirtayasa anu perang jeung anakna sorangan anu pro belanda , ari turunan ageng tirtayasa mah jarang nganggo tubagus ( kulantaran sieun) nepi ka ayeuna walaupun silsilahna gaduh. atawa turunan ti sunan gunung jati oge... wal hasil : 1. Sayyid teh hiji bukti ayana Rasulullah jeug ahlulbaet nabi... tapi ulah salah anu dimaksad ku al-Ahzab 33 nu suci mah lain sayyid umumna, tapi anu khusus,,. jadi makna ahlul baet dina alahzab 33 ieu ngabuktikeun maknana khusus lain UMUM. buktina rea sayyid nu ngalakukeun dosa. 2. budaya ahlulbaet mah ti kapungkur geus ngahiji jeung budaya sunda. 3. Ngahormatan sayyid hiji perkara anu fitrah , kulantaran fitrah manusa ngahormatan incu nabi, ngan meureun sayyid nu mana heula ( nu shaleh ) , buktin rea kaum sayyid nu berperan dina kapamimpinan jeung dakwah islam di nusantara. 4. Lamun di MAzhab ahlulbaet disebatkeun yen penghormatan ka kaum sayyid diatur ku fiqih jadi teu leuleuwiheun ( teu kaluar jalur dina ajaran Islam) , mumkin aya sabagean mazhab anu leuleuwiheun dina panghormatan. ku kituna teu salah lamun aya nu nganggap yen maranehanan boga KARAMAT. (ceuk kapercayaan sabagean mazhab)., bahkan kuring pernah diskusi jeung sayyid "sabagean mazhab" anu nyebatkeun yen manehanan pasti disyafaatan ku rasul ( ku dalil al-ahzab 33) boh tukang maksiat boh henteu, boh sok solat boh henteu, ieu perkara bertolak belakang jeung ajaran KAADILAN. 5. NU DINILAI KU ALLAH MAH KATAKWAANANA kaimanana LAIN KU SAYYID JEUNG HENTEUNA. Allahummah shalli ala muhammad waali muhammad ________________________________ From: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Mon, June 7, 2010 9:01:37 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Sayid jeung Syarif > Siddik Wiradireja <cikund...@...> wrote: > Salajengna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku putrana Nyi R. > Tanjungnagara (putra > Dalem Muhidin/Aria Wira Tanu Datar V, atanapi rai Aria Wira Tanu Datar > VI > anu nikah sareng hiji ulama ti Banten. > Putra Ny. R. Tanjungnagara ieu anu neraskeun kalungguhan bupati > Cianjur nganggo gelar > R. Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur ka VII/1813~1833, anu > saterasna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku turunanana dugika > > bupati Cianjur ka X. Hatur nuhun Apih kana walernana. Saatos buku Van den Berg dibaca sakali deui, aya disebatkeun bupati Cinajur nu ngawitan marentah ti taun 1813 sareng katurunan Kasultanan Banten ( nu dianggap ku Van den Berg katurunan Arab). Janten panginten leres pisan RAA Prawiradiredja I nu disebat Dalem Cianjur "katurunan Arab" teh. Van Den Berg nyarioskeun sanajan Dalem Cianjur gaduh teureuh Arab, tapi parantos janten "jawa" sagemblengna (panginten maksudna Sunda sagemblengna, sigana Van Den Berg nganggap Sunda teh identik sareng Jawa). Upami abdi teu lepat maca, Van den Berg oge nyebatkeun saleresna sanes priagung (menak) Cianjur wae nu aya teureuh Arab, tapi oge priagung di Jawa sanesna, nu ngangken katurunan Sunan Gunung Jati. Mung sacara budaya, aranjeunna parantos jadi pribumi sagemblengna. Oge teureuh arab di priagung menak jawa/sunda kumargi kawin mawin. Cenah, ceuk Van Den Berg, pendatang nu bisa dipulung minantu ku kaum menak, pendatang ti Arab. Ari pendatang ti Cina mah umumna lamun kawin ka pribumi ti golongan handap. Pon kitu deui Urang Eropa, sanajan maranehna status sosialna pangluhurna di masyarakat kolonial, tapi tara ngawin pribumi sacara resmi, ukur didamel "nyai-nyai". Akibatna istri kaum menak mah teu aya/ jarang nu kersa. Mung di abad ka 19, kulawarga-kulawarga menak Jawa/ Sunda ( nu saleresna kateureuhan Arab oge), teu pati narima Arab-Arab deui dijadikeun minantu. Aya kamungkinan kulantaran pangaruh politik pamarentah Walanda, nu nganggap urang Arab "ngabahayakeun". Van Der Berg sorangan, nyimpulkeun urang Arab kaum Hadrami (Hadralmaut) teu "ngabahayakeun", jadi benten sareng anggapan urang Walanda umumna. Salah sahiji alesanana, snajan sami-sami Muslim, msayarakat pribumi mah resep kana tasauf ari urang Arab mah teu resepeun .... Baktos, WALUYA