nuhun ka akang Siddik anu nos ngajelaskeun ieu perihal ka -cikundulan , jadi 
hoyong ziarah deui yeuh ka cikundul.mung can aya waktos. Cikundul salahsahiji 
tempat ziarah anu pantes dibanggakeun pikeun urang sunda... 

masalah sayyid jeung syarif ngiring nambihan kieu mureun :
istilah sayyid mulana leres kanggo turuna imam husein as istilah syarif kanggo 
imam hasan as tapi belah dieu jadi teu kitu deui bahakan syarif oge kanggo 
turunan husein , samisal syarif hidayatullah.

kaum sadaat ( jamakna sayyid) datang ka indonesia lamun dina sajarah aya dua 
tahapan badagna :
1. zaman kapungkur sakitar kurang leuwihna 1300 an , tah ieu nyandak mazhab  
kana Syiah imamiah atawa zaidiah , sabagean berpendapat kana hanafi .. tapi ku 
seueurna bukti sajarahna , misalna sunan bonang anu cenang solatna dina batu 
atawa turbah, atawa bendera sunan gunung jati singa ali warna hideung, panjina 
5 jalmi maksum (rasul, Ali, Fatimah hasanhusein) warna beureum, meriam banten 
anu tulisanana ( La fatta illa ali la saifa illa dzulfiqar) TEU AYA KAMENANGAN 
ISLAM LIAN KU ALI TEU AYA KEMENANGAN ISLAM LIAN KU PEDANG ALI. ,  budaya 
asyuroan  jeung nu sanesna ngalambangkeun kasyiahanana,,, komo ari syeikh siti 
jenar mah ngan didieu masalah filsafat ketuhanan wungkul nu benten jeung wali 
sanga nu sanesna...bukti nu lainna tina masalah perkawinan yen di Syiah sayyid 
awewe atawa lalaki teu masalahrek kawin jeung lain sayyid oge, ku kituna rea ti 
maranehanana kawin jeung kaum pribumi di indonesia. beda deui ari mazhab syafei 
anu ngalarang perihal ieu.
kaum sayyid awwal dina tablighna aya seuseurna nganggo  kasufian , tarekat, 
seuseurna, lamun ditilik2 tarekatan oge seuseurna nyambungna ka imam ahlulbaet 
as. komo deui tarikatan satariah anu 12 Imam syiah  ditambihan ku guru2na,


2. KAum sayyid nu kadua nyaeta anyar2 sakitar 1800 atawa 1900 kaluhur anu 
seuseurna nyandak mazhab syafei hadramaut. nu kahiji oge hadramaut, ngan 
bentenna ati nu kahiji teu kaburu pindah ti hadramaut teu nepi ka fatwa ti 
Alfaqih almuqaddam (anu aki-akina ti sayyid kadua) anu dina sajarah disebatkeun 
pindah mazhab ti syiah ka syafei, tah ari nu kadu mah meunang kana fatwa ieu.. 
Alfaqih almuqaddam pindah mazhab ieu aya dua kamungkinan :
 - nu kahiji taqiah ( pura-pura mazhab syafei) kulantaran baheula di yaman rea 
kaum khawariz pembenci ahlulbaet jeung katurunana , seueru korban pembantaian 
kaum sayyid, ku kituna supaya ngajaga ieu anjeunna pura2 ka mazhab syafei 
supaya rada aman jeung supaya teu kawin kaum sayyid jeung kaum wahabi.. 
- nu kadua anjeunna beneran pindah ka mazhab syafei , kulantaran meureun 
meunangkeun pengajaranana dina guru mazhab syafei

walaupun sayyid gelombang kadua ieu ayeuna seueur anu lebet kana mazhab syiah.

walhasil:
1. Ahlulbaet geus ngabudaya di urang sunda ku pernikahan, ku tabligh jeung nu 
sanesna, ngan meureun anu dimaksad ahlulbaet nu Umum maknana lain nu khusus nu 
disebatkeun ku Al-Ahzab 33 anu suci tea... justru keberadan sayyid ieu teh 
ngabuktikeun keberadaan ahlulbaet nu khusus sacara teu langsung kunaon, 
kulantaran ari ahlulbaet dina al-ahzab 33 mah sacara jelas (thahir) suci tah 
ari sayyid nu ayeuna mah teu suci (kumah we jiga urang)  ku kituna ahlulbaet 
dina al-ahzab 33 mah maksadna  khusus lain kaum sayyid umumna...atawa lain 
maksadna keluarga sacara bahasa kamus atawa bahasa literalna, tapi bahasa Quran 
... nyaeta keluarga nabi anu suci.
2. Ari jasana kaum sayyid seueur pisan di tanah air urang , penghormatan ka 
anjeunna memang diatur ku ajaran islam, ngan meureun ari dina fiqih ahlulbaet 
mah jelas diaturna supaya teu aya penghormatan anu berlebihan. tah di sabagean 
mazhab terlalu berlebihan samisal karomat kudu cium tangan ka kaum sayyid 
dll... justru ari ku mazhab ahlulbaet mah kabeh oge kudu dihormatan komo deui 
nu shaleh mah.
3. Urang sunda rea anu sayyid nu tahapan kahiji tea, samisal katurunan karajaan 
Cirebon , banten jeung sabagean nu lainna, samisal kapungkur ay anu namina IPAh 
( tina sarifah) , siti ( kapondokkan sayyid), atawa sidi, tubagus, ratu, raden 
(aya nu sayyid aya nu henteu) , samisal syeikh sempur di purwakarta atawa 
syeikh nawawi albanteni teh sayyid., tah lamun ibuna sayyid bapakna sanes 
sayyid disebatna Mirza ( di irak atawa di iran mah) samisal syeikh abdul muhyi 
tasik malaya anu ibuna teh sayyidah bapana turunan karajan galuh.
tah meureun sabagean turunan cikundul oge disebatna MIRZA.

4. anu intinama :
parameter ti hareupeun Allah mah katakwaan jeung kaimananana sanes ku sayyid 
jeung heunteuna.


________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, June 7, 2010 9:01:37 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sayid jeung Syarif

  
> Siddik Wiradireja <cikund...@...> wrote:
> Salajengna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku putrana Nyi R. 
> Tanjungnagara (putra
> Dalem Muhidin/Aria Wira Tanu Datar V, atanapi rai Aria Wira Tanu Datar > VI 
> anu nikah sareng hiji ulama ti Banten.
> Putra Ny. R. Tanjungnagara ieu anu neraskeun kalungguhan bupati 
> Cianjur nganggo gelar
> R. Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur ka VII/1813~1833, anu 
> saterasna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku turunanana dugika > 
> bupati Cianjur ka X.

Hatur nuhun Apih kana walernana. Saatos buku Van den Berg dibaca sakali deui, 
aya disebatkeun bupati Cinajur nu ngawitan marentah ti taun 1813 sareng 
katurunan Kasultanan Banten ( nu dianggap ku Van den Berg katurunan Arab). 
Janten panginten leres pisan RAA Prawiradiredja I nu disebat Dalem Cianjur 
"katurunan Arab" teh. Van Den Berg nyarioskeun sanajan Dalem Cianjur gaduh 
teureuh Arab, tapi parantos janten "jawa" sagemblengna (panginten maksudna 
Sunda sagemblengna, sigana Van Den Berg nganggap Sunda teh identik sareng Jawa).

Upami abdi teu lepat maca, Van den Berg oge nyebatkeun saleresna sanes priagung 
(menak) Cianjur wae nu aya teureuh Arab, tapi oge priagung di Jawa sanesna, nu 
ngangken katurunan Sunan Gunung Jati. Mung sacara budaya, aranjeunna parantos 
jadi pribumi sagemblengna. Oge teureuh arab di priagung menak jawa/sunda 
kumargi kawin mawin. Cenah, ceuk Van Den Berg, pendatang nu bisa dipulung 
minantu ku kaum menak, pendatang ti Arab. Ari pendatang ti Cina mah umumna 
lamun kawin ka pribumi ti golongan handap. Pon kitu deui Urang Eropa, sanajan 
maranehna status sosialna pangluhurna di masyarakat kolonial,  tapi tara ngawin 
pribumi sacara resmi, ukur didamel "nyai-nyai". Akibatna istri kaum menak mah 
teu aya/ jarang nu kersa.

Mung di abad ka 19, kulawarga-kulawarga menak Jawa/ Sunda ( nu saleresna 
kateureuhan Arab oge), teu pati narima Arab-Arab deui dijadikeun minantu. Aya 
kamungkinan kulantaran pangaruh politik pamarentah Walanda, nu nganggap urang 
Arab "ngabahayakeun". 

Van Der Berg sorangan, nyimpulkeun urang Arab kaum Hadrami (Hadralmaut) teu 
"ngabahayakeun", jadi benten sareng anggapan urang Walanda umumna. Salah sahiji 
alesanana, snajan sami-sami Muslim,  msayarakat pribumi mah resep kana tasauf 
ari urang Arab mah teu resepeun ....

Baktos,
WALUYA


 


      

Kirim email ke