Ah, si Mang J mah, kawas nu teu apal ka Si Irpan wae. he...he..he..
nu kitu wae di tanyakeun.
Biasa mang J, jalma nu anti kemapanan teh salah sahijina kieu.
lamun dina musik mah, barudak Punk atawa Skinhead nu sok mahiwal teh.
tah sabab kuring mah teu bisa maen musik, nya anti kemapanan na dina
bentuk signature.
mun teu salah sababaraha waktu katukang kuring kungsi posting tulisan
anu judulna 'Simbol'.
nganyatakeun ka prihatinan kuring kana karakter jalma indonesia anu
'biar tekor asal nyohor' he..he..he..
--
Aing teu gableg BlackBerry
On 06/11/2010 09:34 AM, mj wrote:
Ieu dihandap teh pernyataan sirik atawa kumaha.
Asana teu make tulisan aing teu gableg blackberry oge teu nanaon,
malah hade. Atawa hayang dibere kitu.
Dina bb memang sok aya tulisan sent by blackberry, cenah otomatis dina
bb-na kitu.
Bisa oge diset, bisa dileungitkeun tulisan eta atawa merekna ku kecap
sent by mobile device, tujuanana pikeun mere pengumuman yen bisi
tulisanana saeutik atawa kurang eces, mugia dihampura
Sabab dikirimna make perangkat mobile bb tea.
Wayahna we sing ngeunah merenah tumaninah
Nuhun.
Mj
--
Aing teu gableg BlackBerry