Masalahna, Pan, kadang aya baraya KUSnet nu ngarasa teu tumaninah mun maca tulisan nu semu garihal kitu. Nya wayahna we kudu kompromi bin adaptasi. Sabab urang hirup di masarakat. Ari ku cara kitu mah, mere kesan, keur sakuringeun, sirik dot com malah. Haha. jeung da baraya KUSnet nu online make BB ge asa teu loba. Jeung teu nanaon, ngan ukur make gadget anyar. Teu matak ngahurungkeun katidakadilan sosial.
Hareupeun imah anak mitoha di blackwater, aya imah dokter ahli tulang, Asgar. Mobilna loba, nu marahal. BMW, Pajero, jsb. Boga moge Harley deuih. Garasina ngan mahi hiji, pikeun harley. Mobil diparkir di luar. Si kuring mah reueus we nu aya. Aya US beunghar. Sanajan sacara desain mah, geus beunghar kitu asa hade mun imahna pindah ka kavling nu leuwih gede, teu nu sarua jeung model imah si kuring. Hehe. Tapi meureun da betah di dinya. Soal anti kemapanan, memang hese rek 100% teh. Malah sering patojaiyah jeung cara hirup urang nu sejena. Cara pakasaban ente. Widang IT mah bidang mapan pisan, gajihna ge gede. Haha. nu teu mapan mah, jadi patani, atawa sektor informal. Anapon dosen siga si kuring, asup ka "pekerjaan terpandang tapi tidak punya uang" haha. tapi teu ngaleuleungit rizki ti pangeran. Sanajan memang kamari aya nu leungit nu nyababkeun gempa mental 10 richter. Heuheu. Sacara ekonomi, kelas menangah atau kaum gajih kelas menengah-bawah siga si kuring tipe ekonomi tekor. Rek dimahi-mahikeun hese. Iuran sakola budak, transport angkot si kuring, bensin mobil indungna paranti nganteur budak sakola TK, cicilan KPR, resiko dapur, listrik, cai, jsb. model kieu teh ampir kabeh. Sarua di mana-mana oge di dunia inih teh (meureun ketang). Harga jeung gajih teu saimbang. Sanajan gajih tilu-lima juta, harga barang marahal atawa harga duit murah. Jadi gajihan tanggal hiji, terus dipake babayar hutang pangabutuh (dasar) sapoe dua poe, beak. Syukur mun baraya KUSnet sejen mah ngalakonan hirup geus teu model kitu. Haha. Mj _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of irpan rispandi Sent: Friday, June 11, 2010 10:07 AM To: [email protected] Subject: Re: [urang sunda] Tuluangan..... Ah, si Mang J mah, kawas nu teu apal ka Si Irpan wae. he...he..he.. nu kitu wae di tanyakeun. Biasa mang J, jalma nu anti kemapanan teh salah sahijina kieu. lamun dina musik mah, barudak Punk atawa Skinhead nu sok mahiwal teh. tah sabab kuring mah teu bisa maen musik, nya anti kemapanan na dina bentuk signature. mun teu salah sababaraha waktu katukang kuring kungsi posting tulisan anu judulna 'Simbol'. nganyatakeun ka prihatinan kuring kana karakter jalma indonesia anu 'biar tekor asal nyohor' he..he..he.. -- Aing teu gableg BlackBerry On 06/11/2010 09:34 AM, mj wrote: Ieu dihandap teh pernyataan sirik atawa kumaha. Asana teu make tulisan aing teu gableg blackberry oge teu nanaon, malah hade. Atawa hayang dibere kitu. Dina bb memang sok aya tulisan sent by blackberry, cenah otomatis dina bb-na kitu. Bisa oge diset, bisa dileungitkeun tulisan eta atawa merekna ku kecap sent by mobile device, tujuanana pikeun mere pengumuman yen bisi tulisanana saeutik atawa kurang eces, mugia dihampura Sabab dikirimna make perangkat mobile bb tea. Wayahna we sing ngeunah merenah tumaninah Nuhun. Mj -- Aing teu gableg BlackBerry

