heueueuh aing mah, geus tah signature na diganti.
kumaha ? sugema ?
he..he..he..
--
Sim abdi teu gaduh BlackBerry
On 06/11/2010 10:24 AM, mj wrote:
Masalahna, Pan, kadang aya baraya KUSnet nu ngarasa teu tumaninah mun
maca tulisan nu semu garihal kitu. Nya wayahna we kudu kompromi bin
adaptasi. Sabab urang hirup di masarakat. Ari ku cara kitu mah, mere
kesan, keur sakuringeun, sirik dot com malah. Haha. jeung da baraya
KUSnet nu online make BB ge asa teu loba. Jeung teu nanaon, ngan ukur
make gadget anyar. Teu matak ngahurungkeun katidakadilan sosial.
Hareupeun imah anak mitoha di blackwater, aya imah dokter ahli
tulang, Asgar. Mobilna loba, nu marahal. BMW, Pajero, jsb. Boga moge
Harley deuih. Garasina ngan mahi hiji, pikeun harley. Mobil diparkir
di luar. Si kuring mah reueus we nu aya. Aya US beunghar. Sanajan
sacara desain mah, geus beunghar kitu asa hade mun imahna pindah ka
kavling nu leuwih gede, teu nu sarua jeung model imah si kuring. Hehe.
Tapi meureun da betah di dinya.
Soal anti kemapanan, memang hese rek 100% teh. Malah sering patojaiyah
jeung cara hirup urang nu sejena. Cara pakasaban ente. Widang IT mah
bidang mapan pisan, gajihna ge gede. Haha. nu teu mapan mah, jadi
patani, atawa sektor informal. Anapon dosen siga si kuring, asup ka
"pekerjaan terpandang tapi tidak punya uang" haha. tapi teu
ngaleuleungit rizki ti pangeran. Sanajan memang kamari aya nu leungit
nu nyababkeun gempa mental 10 richter. Heuheu.
Sacara ekonomi, kelas menangah atau kaum gajih kelas menengah-bawah
siga si kuring tipe ekonomi tekor. Rek dimahi-mahikeun hese. Iuran
sakola budak, transport angkot si kuring, bensin mobil indungna
paranti nganteur budak sakola TK, cicilan KPR, resiko dapur, listrik,
cai, jsb. model kieu teh ampir kabeh. Sarua di mana-mana oge di dunia
inih teh (meureun ketang). Harga jeung gajih teu saimbang. Sanajan
gajih tilu-lima juta, harga barang marahal atawa harga duit murah.
Jadi gajihan tanggal hiji, terus dipake babayar hutang pangabutuh
(dasar) sapoe dua poe, beak.
Syukur mun baraya KUSnet sejen mah ngalakonan hirup geus teu model
kitu. Haha.
Mj
------------------------------------------------------------------------
*From:* [email protected] [mailto:[email protected]]
*On Behalf Of *irpan rispandi
*Sent:* Friday, June 11, 2010 10:07 AM
*To:* [email protected]
*Subject:* Re: [urang sunda] Tuluangan.....
Ah, si Mang J mah, kawas nu teu apal ka Si Irpan wae. he...he..he..
nu kitu wae di tanyakeun.
Biasa mang J, jalma nu anti kemapanan teh salah sahijina kieu.
lamun dina musik mah, barudak Punk atawa Skinhead nu sok mahiwal teh.
tah sabab kuring mah teu bisa maen musik, nya anti kemapanan na dina
bentuk signature.
mun teu salah sababaraha waktu katukang kuring kungsi posting tulisan
anu judulna 'Simbol'.
nganyatakeun ka prihatinan kuring kana karakter jalma indonesia anu
'biar tekor asal nyohor' he..he..he..
--
Aing teu gableg BlackBerry
On 06/11/2010 09:34 AM, mj wrote:
Ieu dihandap teh pernyataan sirik atawa kumaha.
Asana teu make tulisan aing teu gableg blackberry oge teu nanaon,
malah hade. Atawa hayang dibere kitu.
Dina bb memang sok aya tulisan sent by blackberry, cenah otomatis dina
bb-na kitu.
Bisa oge diset, bisa dileungitkeun tulisan eta atawa merekna ku kecap
sent by mobile device, tujuanana pikeun mere pengumuman yen bisi
tulisanana saeutik atawa kurang eces, mugia dihampura
Sabab dikirimna make perangkat mobile bb tea.
Wayahna we sing ngeunah merenah tumaninah
Nuhun.
Mj
--
Aing teu gableg BlackBerry