wah eta resep ti nini tukang urut kang Aldo?
Ah si babaturan sing nginuman nu jiga kitu lah...
daripada ngabaheuman pel anu teu bener ti dokter.
hahhah

2010/6/15 Aldo Desatura ™ <[email protected]>

>
>
> salian ti bisa ngusir sumindal atawa cucunguk tea.. alhamdulillah ayeuna
> pun istri teu pati "CHUBBY" pisan kusabab unggal isuk hayoh wae ninyuh daun
> salam 7 lambar ti 2 gelas cai nepi ka hiji gelas ... lek we di inum...
> alhamdulillah tiasa ngurangan berat badan teh,.. mangga di cobian geura da
> iyeu mah resep ti "nini urut" nu biasa ngurutan si eneng syarifah di depok
>
> 2010/6/14 jangdede <[email protected]>
>
>
>>
>> Sumuhun Bah...salam teh salasahiji tutuwuhan anu loba pisan ditemukan di
>> leuweung atawa gunung anu tingkat kalembabanna rada tiis. Loba cai jeung
>> dinu hieum (loba tatangkalan sejen anu leuwih jangkung). Dau salam teh upami
>> teu lepatmah jiga daun tangkil/melinjo ngan rada leleus jeung semu anu
>> lesang. Tangkalna bisa di jieun kai pikeun imah, ngan kakuatan nana kurang.
>> Samodel di lembur kuring eta tangkal salam teh di jieun kai usuk atawa
>> ereng. Daun salam mah rada seungit da memang bubuhan sok di pake salasarebu
>> samara dapur mun ku kolot mah bahuela mah. Tapi duka ayeunamah?
>>
>> Lamun eta si Tangkal Salam teh di klaim jadi salasapuluh kakayaan sunda,
>> jigana da teu pati adil. Da memang tangkal salam teh loba oge di panggihan
>> di luar tanah sunda. Mun rek di klaim jigana kudu di talungtik heula supados
>> teu kajadian asal klaim jiga tatangga nagara urang. Pan sok isin mun ngaku2
>> barang batur teh..
>>
>>
>> Cag ah
>> 2010/6/14 <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> Pas pisan, cikeneh barudak di imah ribut loba sumindal, cucunguk.
>>> Disemprotan ku baygon kadong were sa imah. Hehehehe. Urang coba ku daun
>>> salam. Soal ikon sunda jigana teu bisa kitu wae, da di aceh oge seueur daun
>>> salam teh.
>>>
>>> Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
>>> ------------------------------
>>> *From: *oman abdurahman <[email protected]>
>>> *Sender: *[email protected]
>>> *Date: *Mon, 14 Jun 2010 10:47:43 +0700
>>> *To: *<[email protected]>
>>> *ReplyTo: *[email protected]
>>> *Cc: *urang sunda<[email protected]>; milis_tasik<
>>> [email protected]>; <[email protected]>
>>> *Subject: *[Urang Sunda] [Unak-anik tutuwuhan] Ngusir sumindal ku daun
>>> Salam
>>>
>>>
>>>
>>> Baraya,
>>>
>>> Isuk-isuk keneh geus meunang beja ngeunaan manfaat tutuwuhan, khususna
>>> manfaat daun Salam (Syzygium polyanthum). Ceuk eta warta anu katarima, daun
>>> Salam anu di urang - malah di seler sejen oge - sok digunakeun pikeun
>>> sambara (bumbu) pasakan tetela mibanda loba manfaat sejenna. Salah sahijina:
>>> pikeun ngusir sumindal (BI: kecoa). Bisa disebutkeun sarerea oge rudet lamun
>>> nempo di imah atawa di pakarangan loba sumindal, malah ibu-ibu atawa para
>>> wanoja mah teu saeutik anu ngoceak sieun lamun ningal sumindal. Tah,
>>> daun salam ceuk beja bisa digunakeun pikeun ngusir sumindal. Kumaha carana?
>>>
>>> Carana, cenah, daun salam anu seger keneh disiksikan, laju hasil
>>> siksikanana diteundeun di tempat-tempat anu loba sumindalan atawa di mana
>>> wae anu urang miharep teu kadatangan sumindal. Mujarab cenah, sumindal teu
>>> daekeun datang ka hiji tempat anu didinya aya atawa loba daun salam seger.
>>> Lamun geus rada garing eta siksikan daun sumindal gancang ganti ku anu seger
>>> deui. Rada riwuh memang, bari kabayang di iimah baris rada patulayah daun
>>> salam (kitu soteh lamun nyimpenna padu wae), tapi wayahna pikeun ngusir sang
>>> sumin mah hal eta perlu dilakukeun.
>>>
>>> Ceuk beja deui, cenah masih loba manfaat daun salam, khususna keur
>>> kasehatan. Cikan sugan baraya aya anu gaduh infona, mangga dialungkeun wae
>>> ka milist. Oge anu kumaha wangun daun atawa tangkal salam teh? Diantos sugan
>>> aya anu haat maparin gambarna.
>>>
>>>
>>> Tangkal Salam oge khas salah sahiji ciri sarakan (lemah cai) Tatar Sunda,
>>> jadi kaasup ikon budaya Sunda. Jadi...naon deui...der geura tambahan ieu
>>> informasi upama memang ieu milist teh keur madungdengkeun budaya jeung
>>> kabudayaan Sunda.
>>>
>>>
>>> Hatur nuhun.
>>>
>>> Salam salam,
>>>
>>> manar
>>>
>>>
>>
>
>
> --
> Aldo Desatura ® & ©
> ================
> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>
>
>  
>

Kirim email ke