Hatur nuhun infona Mama Manar.
Di imah kuring rada loba tah sakdang sumidal teh

Baktos
tantan

2010/6/16 jangdede <jangd...@gmail.com>

>
>
> wah eta resep ti nini tukang urut kang Aldo?
> Ah si babaturan sing nginuman nu jiga kitu lah...
> daripada ngabaheuman pel anu teu bener ti dokter.
> hahhah
>
> 2010/6/15 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail.com>
>
>
>>
>> salian ti bisa ngusir sumindal atawa cucunguk tea.. alhamdulillah ayeuna
>> pun istri teu pati "CHUBBY" pisan kusabab unggal isuk hayoh wae ninyuh daun
>> salam 7 lambar ti 2 gelas cai nepi ka hiji gelas ... lek we di inum...
>> alhamdulillah tiasa ngurangan berat badan teh,.. mangga di cobian geura da
>> iyeu mah resep ti "nini urut" nu biasa ngurutan si eneng syarifah di depok
>>
>> 2010/6/14 jangdede <jangd...@gmail.com>
>>
>>
>>>
>>> Sumuhun Bah...salam teh salasahiji tutuwuhan anu loba pisan ditemukan di
>>> leuweung atawa gunung anu tingkat kalembabanna rada tiis. Loba cai jeung
>>> dinu hieum (loba tatangkalan sejen anu leuwih jangkung). Dau salam teh upami
>>> teu lepatmah jiga daun tangkil/melinjo ngan rada leleus jeung semu anu
>>> lesang. Tangkalna bisa di jieun kai pikeun imah, ngan kakuatan nana kurang.
>>> Samodel di lembur kuring eta tangkal salam teh di jieun kai usuk atawa
>>> ereng. Daun salam mah rada seungit da memang bubuhan sok di pake salasarebu
>>> samara dapur mun ku kolot mah bahuela mah. Tapi duka ayeunamah?
>>>
>>> Lamun eta si Tangkal Salam teh di klaim jadi salasapuluh kakayaan sunda,
>>> jigana da teu pati adil. Da memang tangkal salam teh loba oge di panggihan
>>> di luar tanah sunda. Mun rek di klaim jigana kudu di talungtik heula supados
>>> teu kajadian asal klaim jiga tatangga nagara urang. Pan sok isin mun ngaku2
>>> barang batur teh..
>>>
>>>
>>> Cag ah
>>> 2010/6/14 <riframadl...@yahoo.com>
>>>
>>>
>>>>
>>>> Pas pisan, cikeneh barudak di imah ribut loba sumindal, cucunguk.
>>>> Disemprotan ku baygon kadong were sa imah. Hehehehe. Urang coba ku daun
>>>> salam. Soal ikon sunda jigana teu bisa kitu wae, da di aceh oge seueur daun
>>>> salam teh.
>>>>
>>>> Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
>>>> ------------------------------
>>>> *From: *oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>>>> *Sender: *urangsu...@yahoogroups.com
>>>> *Date: *Mon, 14 Jun 2010 10:47:43 +0700
>>>> *To: *<kisu...@yahoogroups.com>
>>>> *ReplyTo: *urangsu...@yahoogroups.com
>>>> *Cc: *urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>; milis_tasik<
>>>> ta...@yahoogroups.com>; <sub...@yahoogroups.com>
>>>> *Subject: *[Urang Sunda] [Unak-anik tutuwuhan] Ngusir sumindal ku daun
>>>> Salam
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Baraya,
>>>>
>>>> Isuk-isuk keneh geus meunang beja ngeunaan manfaat tutuwuhan, khususna
>>>> manfaat daun Salam (Syzygium polyanthum). Ceuk eta warta anu katarima, daun
>>>> Salam anu di urang - malah di seler sejen oge - sok digunakeun pikeun
>>>> sambara (bumbu) pasakan tetela mibanda loba manfaat sejenna. Salah 
>>>> sahijina:
>>>> pikeun ngusir sumindal (BI: kecoa). Bisa disebutkeun sarerea oge rudet 
>>>> lamun
>>>> nempo di imah atawa di pakarangan loba sumindal, malah ibu-ibu atawa para
>>>> wanoja mah teu saeutik anu ngoceak sieun lamun ningal sumindal. Tah,
>>>> daun salam ceuk beja bisa digunakeun pikeun ngusir sumindal. Kumaha carana?
>>>>
>>>> Carana, cenah, daun salam anu seger keneh disiksikan, laju hasil
>>>> siksikanana diteundeun di tempat-tempat anu loba sumindalan atawa di mana
>>>> wae anu urang miharep teu kadatangan sumindal. Mujarab cenah, sumindal teu
>>>> daekeun datang ka hiji tempat anu didinya aya atawa loba daun salam seger.
>>>> Lamun geus rada garing eta siksikan daun sumindal gancang ganti ku anu 
>>>> seger
>>>> deui. Rada riwuh memang, bari kabayang di iimah baris rada patulayah daun
>>>> salam (kitu soteh lamun nyimpenna padu wae), tapi wayahna pikeun ngusir 
>>>> sang
>>>> sumin mah hal eta perlu dilakukeun.
>>>>
>>>> Ceuk beja deui, cenah masih loba manfaat daun salam, khususna keur
>>>> kasehatan. Cikan sugan baraya aya anu gaduh infona, mangga dialungkeun wae
>>>> ka milist. Oge anu kumaha wangun daun atawa tangkal salam teh? Diantos 
>>>> sugan
>>>> aya anu haat maparin gambarna.
>>>>
>>>>
>>>> Tangkal Salam oge khas salah sahiji ciri sarakan (lemah cai) Tatar
>>>> Sunda, jadi kaasup ikon budaya Sunda. Jadi...naon deui...der geura tambahan
>>>> ieu informasi upama memang ieu milist teh keur madungdengkeun budaya jeung
>>>> kabudayaan Sunda.
>>>>
>>>>
>>>> Hatur nuhun.
>>>>
>>>> Salam salam,
>>>>
>>>> manar
>>>>
>>>>
>>>
>>
>>
>> --
>> Aldo Desatura ® & ©
>> ================
>> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
>> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>>
>>
>>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

Kirim email ke