pun istri, punten lepat. Nu leres pun bojo... --- Pada Sen, 14/6/10, Aldo Desatura ™ <[email protected]> menulis:
Dari: Aldo Desatura ™ <[email protected]> Judul: Re: [Urang Sunda] [Unak-anik tutuwuhan] Ngusir sumindal ku daun Salam Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 14 Juni, 2010, 11:34 PM salian ti bisa ngusir sumindal atawa cucunguk tea.. alhamdulillah ayeuna pun istri teu pati "CHUBBY" pisan kusabab unggal isuk hayoh wae ninyuh daun salam 7 lambar ti 2 gelas cai nepi ka hiji gelas ... lek we di inum... alhamdulillah tiasa ngurangan berat badan teh,.. mangga di cobian geura da iyeu mah resep ti "nini urut" nu biasa ngurutan si eneng syarifah di depok 2010/6/14 jangdede <jangd...@gmail. com> Sumuhun Bah...salam teh salasahiji tutuwuhan anu loba pisan ditemukan di leuweung atawa gunung anu tingkat kalembabanna rada tiis. Loba cai jeung dinu hieum (loba tatangkalan sejen anu leuwih jangkung). Dau salam teh upami teu lepatmah jiga daun tangkil/melinjo ngan rada leleus jeung semu anu lesang. Tangkalna bisa di jieun kai pikeun imah, ngan kakuatan nana kurang. Samodel di lembur kuring eta tangkal salam teh di jieun kai usuk atawa ereng. Daun salam mah rada seungit da memang bubuhan sok di pake salasarebu samara dapur mun ku kolot mah bahuela mah. Tapi duka ayeunamah? Lamun eta si Tangkal Salam teh di klaim jadi salasapuluh kakayaan sunda, jigana da teu pati adil. Da memang tangkal salam teh loba oge di panggihan di luar tanah sunda. Mun rek di klaim jigana kudu di talungtik heula supados teu kajadian asal klaim jiga tatangga nagara urang. Pan sok isin mun ngaku2 barang batur teh.. Cag ah 2010/6/14 <riframadlans@ yahoo.com> Pas pisan, cikeneh barudak di imah ribut loba sumindal, cucunguk. Disemprotan ku baygon kadong were sa imah. Hehehehe. Urang coba ku daun salam. Soal ikon sunda jigana teu bisa kitu wae, da di aceh oge seueur daun salam teh. Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone From: oman abdurahman <omana...@gmail. com> Sender: urangsu...@yahoogro ups.com Date: Mon, 14 Jun 2010 10:47:43 +0700 To: <kisu...@yahoogroups .com> ReplyTo: urangsu...@yahoogro ups.com Cc: urang sunda<urangsu...@yahoogro ups.com>; milis_tasik<ta...@yahoogroups. com>; <sub...@yahoogroups. com> Subject: [Urang Sunda] [Unak-anik tutuwuhan] Ngusir sumindal ku daun Salam Baraya, Isuk-isuk keneh geus meunang beja ngeunaan manfaat tutuwuhan, khususna manfaat daun Salam (Syzygium polyanthum). Ceuk eta warta anu katarima, daun Salam anu di urang - malah di seler sejen oge - sok digunakeun pikeun sambara (bumbu) pasakan tetela mibanda loba manfaat sejenna. Salah sahijina: pikeun ngusir sumindal (BI: kecoa). Bisa disebutkeun sarerea oge rudet lamun nempo di imah atawa di pakarangan loba sumindal, malah ibu-ibu atawa para wanoja mah teu saeutik anu ngoceak sieun lamun ningal sumindal. Tah, daun salam ceuk beja bisa digunakeun pikeun ngusir sumindal. Kumaha carana? Carana, cenah, daun salam anu seger keneh disiksikan, laju hasil siksikanana diteundeun di tempat-tempat anu loba sumindalan atawa di mana wae anu urang miharep teu kadatangan sumindal. Mujarab cenah, sumindal teu daekeun datang ka hiji tempat anu didinya aya atawa loba daun salam seger. Lamun geus rada garing eta siksikan daun sumindal gancang ganti ku anu seger deui. Rada riwuh memang, bari kabayang di iimah baris rada patulayah daun salam (kitu soteh lamun nyimpenna padu wae), tapi wayahna pikeun ngusir sang sumin mah hal eta perlu dilakukeun. Ceuk beja deui, cenah masih loba manfaat daun salam, khususna keur kasehatan. Cikan sugan baraya aya anu gaduh infona, mangga dialungkeun wae ka milist. Oge anu kumaha wangun daun atawa tangkal salam teh? Diantos sugan aya anu haat maparin gambarna. Tangkal Salam oge khas salah sahiji ciri sarakan (lemah cai) Tatar Sunda, jadi kaasup ikon budaya Sunda. Jadi...naon deui...der geura tambahan ieu informasi upama memang ieu milist teh keur madungdengkeun budaya jeung kabudayaan Sunda. Hatur nuhun. Salam salam, manar -- Aldo Desatura ® & © ============ ==== Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

