sacara pabukon mah tos aya sababaraha judul buku arsitekur sunda, boh
hasil panalitian dinas budpar jabar, atawa akademis. aya jeung teu hiji
arsitek nu neuleuman arsitektur sunda, cara ir roza mintaredja (kang oca
di kisunda), arsitek alumni unpar (disebut kampusna, sabab jurusan
arsitektur unpar kaitung hade). sanajan memang can aya nu lengkep siga
ensikopedia.

nu keur digarap ayeuna teh parabot, fokusna ka wawadahan pare beas sangu.
bade ditoong ti jihad estetikana. jadi memeh ka ditu ka dieu teh neangan
heula sarupaning konsep estetika budaya rupa sunda (kudu budaya rupa, da
aya deui budaya atawa heureutna seni musik-tari/pertunjukkan oge sastra,
nu sanajan boga benang beureum, papada make prinsip estetika nu sarua,
rupana beda.

tah neangan we ka kosmologi-mitologi (naskah jatiraga, naskah kosmologi
sunda,mitologi pare, nyi pohaci sanghyang asri tea), naskah sunda kuno (nu
geus ditarjamahkeun, cara sewaka darma, sang hyang siksa kandang karesian,
jeung amanat galunggung oge carita parahyangan), jeung ka babasan jeung
paribasa. nya geus manggih sanajan sigana can cukup, sakapanggihna we. oge
nanya ka dua tilu budawayan sunda, kaasup kang oca arsitek, kang ajip
rosidi (jujuluk ka ar, urang sunda pangbadagna haha mangga we, bebaslah),
oge ka abah surya (hidayat suryalaga). tangtu kurang tatanya teh, ngan
diwatesan da kabeh ditanya mah moal anggeus-anggeus. heuheu. nya make
kriteria we. cara ajip rosidi, budayawan sunda, kolektor lukisan, bah
surya cenderung ka sastra jeung seni pertunjukan oge soal etika sunda (
legana nya adat suradat tradisi). terus dikumpulkeun, diaku we konsep
estetika budaya rupa sunda.

ke senen presentasi akhir semester. geus genep semester (tilu taun) geus
beak beasiswana, haha,  tapi karek setor bab 1,2,3. bab 4 hehesena, keur
dikeureuyeuh. bab 4 ieu minangka ngabedah (desain tradisional) Wawadahan
pare beas sangu, ku konsep estetika sunda nu kapanggih di tilu sumber di
luhur. terusna, bab 5 nya meureun sarupaning 'after thought' atawa kajian
filosopis, bari duka teuing kumaha atawa rek nulis naon, kumaha curuk we
hehe.

nya nu sanesna mangga garap widang naon bae oge ku cara nu bisa jeung resep.

mj
kaleungitan blackberry, dua kali. hahaha

> Gumantung cara "memandangna" sareng bade dinaonkeun? Naha ngan sakadar
> panineungan nyawang alam katukang, atawa aya kareteg hate, kumaha caranya
> mulasarana di jaman ayeuna sangkan alam lestari. Sabab upama urang cicing
> wae teu aya aksi naon-naon, hartosna urang ngalawan hukum alam. Ari
> sunatullah di dunya ieu pan "perubahan". Getih jadi janin, janin jadi
> orok, orok jadi budak, budak jadi rumaja, jadi kolot, hos paeh. Kajaba
> upama urang tos disurga, pan cenah  anu
> jadi pasangan jalmi soleh/solehah di surga mah teu kolot-kolot.
>
> Kamari kuring oge nembe nampi beja, ceuk cenah aya dosen  Fakultas Ilmu
> Komputer UI anu ngadamel database motif-motif batik sa Indonesia, sarta
> tos dipatenkeun. Sing saha wae anu hoyong terang motif-motif batik
> Indonesia heubeul tiasa nyungkeun bantuan dosen eta, kalayan gratis. Ceuk
> ki dosen teh cenah ide ngadatabasekeun batik teh kapangaruhan ku ayana
> klaim batik ku nagri jiran malaysia.
>
> Tah, upama ayeuna teu acan aya database arsitektur sunda manfaat sareng
> filsofina, sigana tos cunduk kana waktuna, upama  disertasina mang Jamal
> didatabasekeun ngangge teknologi informasi (TI), Insya Allah para wadya
> balad KUSNET pasti aya nu mantuan. Danana timana? Ajeukeun wae ka Pemda
> Jabar, tibatan APBDna dialokasikeun pikeun waragad film PERANG BUBAT,
> atawa pikeun wgumantung kawijakan "anu ngangge bendo".
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
>
>

Kirim email ke