Teh mia upami kueh dodongkal eta jirimna jiga kumaha? Hahah
2010/7/22, Mia <[email protected]>: > > > > Mang Omaaaan, Uwa Tito oge baraya daramang? > > euh ieu mah enjing2 maos perkuehan....kabayang eta banros haneut2 :-) > > Mang Oman, abi bade tumaros..naha eta di handap nyarioskeun banros aya 2 > rupi geuning, nu amis sareng nu asin. > sakaterang abi, nu di sebat banros mah aya oge nu amis wungkul, nu di > sukabumi mah adonan banros di purulukan kalapa ngora nu di potong dadu, > sanes di parud. > aya oge kue nu sanes, nu dua rupa mah nu di sebat pancong tea...tah eta nu > aya dua rupa mah...nu amis mah..adonan na di purulukan kalapa ngora, pas > nembe satengah mateng di awuran gula. > upami nu asin, kalapa na nu rada seueur , teu di gulaan dugi ka asakna. > Janten nu leres nu mana ieu teh? > ma'lum abi mah sunda pituin oge da kirang elmu kasundaan na :( > > Eh muhun aya nu can kasebat katuangan jaman baheula teh...aya awug sareng > dodongkal :-) > > Hatur nuhun sateuacan na. > > Baktos, > Mia > > > 2010/7/21 oman abdurahman <[email protected]> > >> >> >> Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda. >> >> Kueh balok anu kahot ayeuna tos mimiti dipidangkeun oge di restoran badag >> atawa salah sahiji menu panutup acara tuang di hotel-hotel gede. Di RM >> Bancakan, upamana, urang tiasa mesen ti anu dagangna anu ngajagrag jero eta >> restoran. >> >> Kota anu mashur ku (kueh) banros (atawa: bandros) nyaeta Sukabumi (Smi). >> Di Sukabumi, sabaraha tukang banros jadi langganan masyarakat atawa anu >> nganjang ka eta kota (anu geus apal, tangtuna oge). Upamana wae, tukang >> bandros anu aya di jalan Wastukancana, Smi. Di bandung banros ilaharna >> dijual ku cara diiderkeun. Tukang banros di Bandung - anu kapanggih ku >> sorangan - umumna asal ti Garut. Kade ulah hilap, kueh banros aya dua rupa: >> anu amis (teu make kalapa), jeung anu asin (bahan kalapa rada loba). Parudan >> kalapa nambah nyari katempona lamun tembong di beulah hareup kueh banros anu >> karek nyat dijait tina citakanana. Lamun tos antel kana letah, karaos >> ngageregel dibarung ku hipu lebah tipungna. Pedo pisan, komo haneut keneh >> dituang bari di luar hujan ngaririncik. >> >> Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang >> kakuping aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di >> Bandung masih mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan >> sajaba ti Odading anu didagangkeun matuh di warung-warung atawa sababaraha >> kantin. Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta >> gorowok-nawarkeunana: "Oooo-dading!!!" ("ngucapkeun "o"-na teh dipanjangkeun >> laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu kakuping). >> >> Memang, aya sababaraha kueh Sunda (baheula) anu ayeuna ampir tara >> kapanggih deui atawa masih aya, ngan geus rada langka. Upamana wae: Japilus, >> Kolontong ("Kolontong" kueh ieu mah. lain "kolontong" barang), Sagon, Adas >> (anu ieu asana masih mindeng manggung ), Dampit, Caketra, Tengteng, Cuhcur, >> jjrd. Bisa oge Noga kaasup kueh heubeul sok sanajan jaman ayeuna masih loba >> anu ngajarualan. Lamun nguping "noga" sok ras inget barudak ayeuna anu >> hawar-hawar mindeng nyebut "noga", tapi lain kueh, balikta "Nobunoga", tokoh >> hiji pilem Jepang. >> >> Kueh Gemblong, warisan kueh baheula oge, anu ayeuna rame deui >> didagangkeun. Anu mindeng kapanggih, tukang keuh Gemblon di wewengkon >> Cipanas nepi ka Bogor, oge di sakapeung di jalan tol deukeut gerbang tol. >> Nanawarkeun daganganana teh ka anu tarumpak mobil lamun mobilna keur eureun >> di lampu stopan atawa kapegat macet, atawa kusabab rek mayar karcis tol. >> >> Cag heula...(sabab di luar hawar-hawar aya anu ngagorowok:"Oooo....:) ). >> >> manar >> >> . >> >> > >

