Maksad kuring nyaeta budaya birokrat mah sifatna universal sapertos kajujuran, 
integritas sareng sajaba ti eta. Panginten anu dimaksad saderek Asep Salahudin 
dina artikelna anu aya kaitanana sareng perilaku masyarakat umum sareng 
perilaku 
para birokrat. Kedah dibedakeun budaya birokrasi anu berlaku sacara universal 
sareng perilaku birokrat anu aya dina sistem birokrasi.

aya dongeng ti babaturan anu salah sahiji putrana damel di Departemen Agama 
urusan kahajian. Departemen Agama teh pan salah sahiji lembaga anu nerapkeun 
birokrasi modern. Tapi aya aturan kieu, upama hoyong naek pangkat jadi kasubbag 
(eselon IV) aya sarat-saratna (duka sarat ieu teh tertulis atanapi sacara lisan 
wae). Sarat kahiji kudu apal minimal 10 surat Al Qur'an. Kudu apal 4 macem do'a 
anu beda. Katilu kudu geus naek haji. Upama ditingali sacara sapintas mah, enya 
bener da nguruskeun soal haji anu aya pakaitna sareng agama (Islam), nya kudu 
apal surah al qur'an jeung do'a. Engke kumaha lamun mingpin shalat berjamaah, 
maenya bacaanana ngan kulhu jeung falak binas wae atawa do'a 'sapujagat' 
robbana 
atina fidunya hasanah wae. Upama ditingali sajorelat mah, enya sarat di luhur 
teh perlu da di departemen agama. Tapi teu rasional upama ditilik sacara umum 
aturan birokrasi. Kumaha engke lamun aya PNS ti departemen sejen pindah ka 
Departemen Agama, naha kudu nedunan sarat eta supaya ditarima sabage PNS 
Departemen Agama?

Conto sanesna dina perkara papakean. Aya aturan dina poe tertentu PNS wajib 
make 
saragam hansip, atawa batik. Eta aturan masih relevan sacara umum heunteu 
patukang tonggong jeung aturan birokrasi. Tapi kumaha tah upama PNS di daerah 
Papua kusabab hayang ngamumule budaya daerah tea, dina hiji poe satiap PNS di 
Papua diwajibkeun make koteka? Mana tahaannnn!

mrachmatrawyani





________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, July 27, 2010 11:11:42 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] (artikel) Unpad, seleksi CPNS dan kabuyutan

  
 
Wah piraku kang budaya teu aya hubungan jeung birokrasi? Da modern oge budaya. 
Budaya maju, budaya tertib bin disiplin. Budaya pns nu sawareh males, eta mah 
sanes budaya modern. Heuheu. Eta mah budaya kedul, budaya lokal khas negeri 
tropis.  Maksudna masih aya pakaitna sagala rupa jeung kabudayaan.
 
Ngaitkeunana ulah sacara langsung teknis. Tapi meureun nu dimaksud kang Asep 
teh 
konsep unpad salaku wawakil budaya lokal sunda, kudu bisa nembongkeun ajen nu 
make jurus baheula mah kabuyutan tea. Da sanaos disebut modern oge aya adat 
suradat klasik nu masih dipake. Cara jujur, ti baheula adat nu dikudukeun 
ayana...


      

Kirim email ke