Mun ceuk urang jerman mah, sigana artikel eta teh make dasar das sein jeung
das solen tea. Nu aya jeung nu kudu aya. Sigana mun tangkal mah, asep nyoba
nyambungkeun akar jeung pucuk. Akar lokal, pucuk kamoderenan sistem nu can
keneh modern. Di birokrasi urang terkenal pomeo, mun bisa dipersulit naha
dipermudah tea. heuheu
Tulisan Asep Salahudin nu hiji deui, nyambungkeun soal undak usuk basa jeung
politik. Nya bisa nyambung bisa henteu. Heuheu.
_____
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of MRachmat Rawyani
Sent: Tuesday, July 27, 2010 11:45 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] (artikel) Unpad, seleksi CPNS dan kabuyutan
Maksad kuring nyaeta budaya birokrat mah sifatna universal sapertos
kajujuran, integritas sareng sajaba ti eta. Panginten anu dimaksad saderek
Asep Salahudin dina artikelna anu aya kaitanana sareng perilaku masyarakat
umum sareng perilaku para birokrat. Kedah dibedakeun budaya birokrasi anu
berlaku sacara universal sareng perilaku birokrat anu aya dina sistem
birokrasi.
aya dongeng ti babaturan anu salah sahiji putrana damel di Departemen Agama
urusan kahajian. Departemen Agama teh pan salah sahiji lembaga anu nerapkeun
birokrasi modern. Tapi aya aturan kieu, upama hoyong naek pangkat jadi
kasubbag (eselon IV) aya sarat-saratna (duka sarat ieu teh tertulis atanapi
sacara lisan wae). Sarat kahiji kudu apal minimal 10 surat Al Qur'an. Kudu
apal 4 macem do'a anu beda. Katilu kudu geus naek haji. Upama ditingali
sacara sapintas mah, enya bener da nguruskeun soal haji anu aya pakaitna
sareng agama (Islam), nya kudu apal surah al qur'an jeung do'a. Engke kumaha
lamun mingpin shalat berjamaah, maenya bacaanana ngan kulhu jeung falak
binas wae atawa do'a 'sapujagat' robbana atina fidunya hasanah wae. Upama
ditingali sajorelat mah, enya sarat di luhur teh perlu da di departemen
agama. Tapi teu rasional upama ditilik sacara umum aturan birokrasi. Kumaha
engke lamun aya PNS ti departemen sejen pindah ka Departemen Agama, naha
kudu nedunan sarat eta supaya ditarima sabage PNS Departemen Agama?
Conto sanesna dina perkara papakean. Aya aturan dina poe tertentu PNS wajib
make saragam hansip, atawa batik. Eta aturan masih relevan sacara umum
heunteu patukang tonggong jeung aturan birokrasi. Tapi kumaha tah upama PNS
di daerah Papua kusabab hayang ngamumule budaya daerah tea, dina hiji poe
satiap PNS di Papua diwajibkeun make koteka? Mana tahaannnn!
mrachmatrawyani
_____
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, July 27, 2010 11:11:42 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] (artikel) Unpad, seleksi CPNS dan kabuyutan
Wah piraku kang budaya teu aya hubungan jeung birokrasi? Da modern oge
budaya. Budaya maju, budaya tertib bin disiplin. Budaya pns nu sawareh
males, eta mah sanes budaya modern. Heuheu. Eta mah budaya kedul, budaya
lokal khas negeri tropis. Maksudna masih aya pakaitna sagala rupa jeung
kabudayaan.
Ngaitkeunana ulah sacara langsung teknis. Tapi meureun nu dimaksud kang Asep
teh konsep unpad salaku wawakil budaya lokal sunda, kudu bisa nembongkeun
ajen nu make jurus baheula mah kabuyutan tea. Da sanaos disebut modern oge
aya adat suradat klasik nu masih dipake. Cara jujur, ti baheula adat nu
dikudukeun ayana.
..