Jang De,

konon (ceuk ceunah) Kediri teh kota nu ngahasilkeun tahu oge.
Panginten  tos ngaraosan... cik pami sareng tahu Sumedang kinten2
raos mana?

  

ro2

USA

  


  ----- Original Message ----- 
  From: 
  jangdede 
  
  To: sunda 
  Sent: Tuesday, August 03, 2010 6:05 
  PM
  Subject: [urang sunda] Ulin ka 
  Kediri
  
  
  
  
  Kamari poe saptu jeung minggu sikuring ngadon ulin ka babaturan di Kediri 
  jeung budak mitoha. Indit ti Surabaya teh jam 2-an beurang, nepi ka kediri 
teh 
  jam 7 sore. Cenahmah kuduna ngan 2 setengah jam mun mawa mobil sorangan 
  teh. Tapi da ku alatan macet, nya jadi 5 jam, katambah ku eureun dahar heula 
  di Jombang. Kakara sikuring nincak ka eta weqwengkon.
  Sanggeus istirahata di imah babaturan tuluy kukurilingan di kota Kediri 
  ti mimiti Simpang Lima Mumbul, dermaga Sungai Brantas (ngadon dahar), jeung 
  ngurilingan pabrik penghasil haseup (Rokok) Gudang Garam anu gedena 
manghektar 
  hektar di dalam kota.
  Peutingna ngadon karokean jeung babaturan nepi ka jam 2 janari tuluy we 
  si kuring di ajak dugem tea di X3 da cenah sibabaturan teh boga freepass 
  (haratis.... ) nepi ka jam 3-an leuwih. 
  Tuluy balik bari rada palalur mawa mobil teh, da enya atuh kaayaan jam 
  sakitu mah traffict light teh geus pareum, jadi kudu lalaonan pisan mawa 
mobil 
  teh, bari jeunng mobil kantor pamajikan.
   
  Jam 10 beurang, sikuring di ajak ka hiji kamung anu katelah kampung 
  Inggris deukeut kota Pare, mun teu salahmah Kediri beulah Kaler. Sikuring teh 
  lapar, tuluy neangan warung sangu. Ari babaturan kalahkah mugen diajak dahar 
  teh. Pokna : mahal...!
  Ah sikuring teh teu pati percaya antukna turun we di deukeut warung dahar 
  teh. Mesen nginum Kopi Mix sa gelas jeung roti bakar ari pamajikan mah menta 
  jeruk tiis (es jeruk) wungkul. 
  Mimiti asup ka warung sikuring ngarasa rada aneh, da si eta tukang wrung 
  teh make bahasa inggris. Akhirna sikuring rada maklum, da eta lembur teh 
  lembur Inggris anu bahasa sapopoena loba make bahasa inggris. Kampung anu 
  disisi kota tapi loba pisan losmen jeung tempat kursus bahasa inggris. 
  Nya sikuring oge menta kopi teh kudu mke bahasa inggris. Nanya ,harga 
  gening biasa biasa wae, kopi mix sa cangkir ngan 2 rebu. Cenah : Two 
  Thousand....
  Eta si Ibu warung teh nyorocos make english euy ngajak ngobrol, nanya 
  urang mana, ngaran jeung pagawean. Nya atuh sikuring teh papauket mikir heula 
  mun rek ngajawab teh, da enya atuh sikuring teh kena englishmah rada alergi. 
  enya oge resep maca da ari kudu nyarita mah rada geumpeur...
  Antuknamah pamajikan anu nyoros ngajawab teh, da enya manehnamah rada 
  caang kena bahasa urang merika teh. 
   
   
  cag ah...capek ngetikna.
  ------------ --------- --------- --------- --------- --
Telkom Point Rejeki Tumpah.
Sekali Libas, Rejeki Tumpah Ruah.
Kumpulkan Point dan menangkan total hadiah
milyaran rupiah + hadiah langsung.
============ ========= ========
 This Email Has been Scan by Antivirus
============ ========= ========



    
     

    
    


 



  





Kirim email ke