punten ah mangwalerkeun :
raos keneh tahu sumedang Teh....margi tahu kediri mah teuas...ceuk paribasa mun 
dibaledogkeun ka anjing pasti ngaguik heheheheh
================================
TITO SURYANA - AR SURABAYA
DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
TLP. 031 5350510
FLEXI. 031 70951507
HP. 08123548519
----------------------------------------------------------
  ----- Original Message ----- 
  From: roro rohmah 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, August 04, 2010 4:03 PM
  Subject: Re: [urang sunda] Ulin ka Kediri


    
          Jang De,
          konon (ceuk ceunah) Kediri teh kota nu ngahasilkeun tahu oge. 
Panginten  tos ngaraosan... cik pami sareng tahu Sumedang kinten2 raos mana?

          ro2
          USA


            ----- Original Message ----- 
            From: jangdede 
            To: sunda 
            Sent: Tuesday, August 03, 2010 6:05 PM
            Subject: [urang sunda] Ulin ka Kediri


              

            Kamari poe saptu jeung minggu sikuring ngadon ulin ka babaturan di 
Kediri jeung budak mitoha. Indit ti Surabaya teh jam 2-an beurang, nepi ka 
kediri teh jam 7 sore. Cenahmah kuduna ngan 2 setengah jam mun mawa mobil 
sorangan teh. Tapi da ku alatan macet, nya jadi 5 jam, katambah ku eureun dahar 
heula di Jombang. Kakara sikuring nincak ka eta weqwengkon.
            Sanggeus istirahata di imah babaturan tuluy kukurilingan di kota 
Kediri ti mimiti Simpang Lima Mumbul, dermaga Sungai Brantas (ngadon dahar), 
jeung ngurilingan pabrik penghasil haseup (Rokok) Gudang Garam anu gedena 
manghektar hektar di dalam kota.
            Peutingna ngadon karokean jeung babaturan nepi ka jam 2 janari 
tuluy we si kuring di ajak dugem tea di X3 da cenah sibabaturan teh boga 
freepass (haratis.... ) nepi ka jam 3-an leuwih. 
            Tuluy balik bari rada palalur mawa mobil teh, da enya atuh kaayaan 
jam sakitu mah traffict light teh geus pareum, jadi kudu lalaonan pisan mawa 
mobil teh, bari jeunng mobil kantor pamajikan.

            Jam 10 beurang, sikuring di ajak ka hiji kamung anu katelah kampung 
Inggris deukeut kota Pare, mun teu salahmah Kediri beulah Kaler. Sikuring teh 
lapar, tuluy neangan warung sangu. Ari babaturan kalahkah mugen diajak dahar 
teh. Pokna : mahal...!
            Ah sikuring teh teu pati percaya antukna turun we di deukeut warung 
dahar teh. Mesen nginum Kopi Mix sa gelas jeung roti bakar ari pamajikan mah 
menta jeruk tiis (es jeruk) wungkul. 
            Mimiti asup ka warung sikuring ngarasa rada aneh, da si eta tukang 
wrung teh make bahasa inggris. Akhirna sikuring rada maklum, da eta lembur teh 
lembur Inggris anu bahasa sapopoena loba make bahasa inggris. Kampung anu 
disisi kota tapi loba pisan losmen jeung tempat kursus bahasa inggris. 
            Nya sikuring oge menta kopi teh kudu mke bahasa inggris. Nanya 
,harga gening biasa biasa wae, kopi mix sa cangkir ngan 2 rebu. Cenah : Two 
Thousand....
            Eta si Ibu warung teh nyorocos make english euy ngajak ngobrol, 
nanya urang mana, ngaran jeung pagawean. Nya atuh sikuring teh papauket mikir 
heula mun rek ngajawab teh, da enya atuh sikuring teh kena englishmah rada 
alergi. enya oge resep maca da ari kudu nyarita mah rada geumpeur...
            Antuknamah pamajikan anu nyoros ngajawab teh, da enya manehnamah 
rada caang kena bahasa urang merika teh. 


            cag ah...capek ngetikna.

------------ --------- --------- --------- --------- --Telkom Point Rejeki 
Tumpah.Sekali Libas, Rejeki Tumpah Ruah.Kumpulkan Point dan menangkan total 
hadiahmilyaran rupiah + hadiah langsung.============ ========= ======== This 
Email Has been Scan by Antivirus============ ========= ======== 



  
--------------------------------------------------
Telkom Point Rejeki Tumpah.
Sekali Libas, Rejeki Tumpah Ruah.
Kumpulkan Point dan menangkan total hadiah
milyaran rupiah + hadiah langsung.
=============================
 This Email Has been Scan by Antivirus
=============================

Kirim email ke