Sim kuring mah unggal mayar tol sok ditaroskeun ka nu nampina, "kapan sih, 
mas/mbak, selesai perbaikannya, bayar segini jadi kemahalan nih..." Tapi upami 
nu jagina geulis mah teu wantun ketang, hehehe...
Cobi upami unggal nu mayar komplen jiga kitu ... Aya 3 kamungkinan sih, tiasa 
jalan enggal direngsekeun, atanapi tarif tol diturunkeun, atanapi nu jagina di 
gentos janten gareulis sadayana, hehehe...
Sakapeung sok dijawab, saurna ngejar lebaran beres pak...
Tah kang, upami bade ngalangkung ka jalan tol Jakarta - Merak, saena ba'da 
lebaran. Ulah hilap mampir ka Cilegon. Bilih bade nyandak tahu Sumedang atanapi 
tahu Bandung mangga, teu sawios-wios, engke ku abdi dipulang... penjagi tol, 
hahaha...
Hatur nuhun.

Wassalam,
eman abdurahman



________________________________
From: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Fri, August 6, 2010 10:07:40 AM
Subject: Re: [urang sunda] Ulin ka Kediri


Sok atuh padungdung deui ...hehehe jiga jalan tol Tangerang-Merak. Kunaon 
jalan tol Tangerang-Merak teh "padungdung" wae, diomean teu beres-beres mani 
lami pisan nya Kang Eman? Dua minggu kamari kuring ngaliwat kadinya, angger 
we siga 3-4 taun katukang, loba hahalang nandakeun jalan keur diomean. Komo 
eta di palabuhan Merak, mani macet ..cet da keur didamel jalan layang. 
Kabayang engke lamun lebaran, pisakumahaeun we macetna.

Baktos,
WALUYA 





      

Kirim email ke