Bhima teh kaluar ti Upawilya, lantaran bade ngempelkeun para Putra,
utamana Sang Purabaya, andelan sadaya.

Enggal Bhimasena ngaluarkeun soanten nu tarik, nu hartosna ngageroan
Gatotkacha, nu ayeuna duka di mana; teras nenjrag bumi 3X tandaning
ngagero Putrana Antareja/Antasena; teras ngagero nami Jakatawang, nu
hartosna mgawartosan supaya Jakatawang enggal ngadep.

Teu patos lami, pating kurunyung para Putra Bima. Ngawitan nu sumping,
nya eta Sang Krincing Wesi; norojol ti leuweung gerot teras nyembah; teu
kantos lami, torojol Antareja; nu akhirna sumping oge Jakatawang. Sadayana
sambi nyarembah ka ingkang Rama.

Enggalna Gatot Kacha, nyarios:"Duuuh Kangjeng Rama, Putra sadaya siap
sadia ngalaksanakeun naon wae anu bade ditugaskeun ka Putra sadaya."

Antasena sareng Jakatawang ngarojong meh bareng:"Duh Rama, leres naon
nu disaurkeun ku Rayi GatotKacha, sadaya tos siap nampi Dawuhan Rama."

"Hemmmmm, sakeudeung deui Bharata Yudha bakal kajadian; teu bisa
dihalangan deui; Duryodhana nyata2 gurat batu; nya daek teu daek urang
bakal2 toh2an silih paehan jeung sabangsa/sadulur; jadi mangka waspada;
sampeyan kudu gancang ngagabung ka Pasukan nu ayeuna sayaga boh di 
Wiratha, boh di Upawilya. Mun boga pasukan, bawa kabeh ka ieu peperangan."

"Sendika Rama." Sendika Rama" Sendika Rama"
  Sadayana sami2 ngawaleran ampir bareng.

"Bral ayeuna arindit; jeung gancang balik deui."

Saparantos sasauran kitu , enggal Bima mulih ka Upawilya. Ari Gatot Kacha
teras ngayakeun briefing sareng Antareja, Jakatawang. Ari nu dua ki lanceuk
 mah nya kumaha Gatotkacha we cenah; naon wae nu digariskeun ku 
Gatotkacha, tangtu ditumut boh ku Antasena, boh ku Jakatawang.
Hartosna Pimpinan dipasrahkeun ka Gatotkacha, najan pang anomna diantara
nu tiluan Putra Bima. Enggalna Gatotkacha ngahubungan ka Citrasena.
Yaksa Citrasena kacida atoheunana, yen Gatot Kacha parantos kersa ngajak
manehna miluan perang. Tah ayeuna cenah bakal nuntaskeun nu baheula
katunda. Atuh Yaksa Citrasena nyanggupan manehana jeung pasukanana
bakal datang ka Upawilya; tapi pasti moal katembong ku jalama biasa mah.

Tunda ieu nu tiluan kacaturkeun, Sakuni keur nyarios sareng Suyudhna.
Saur Sakuni:"Suyudhana, jung sampeyan ayeuna kudu ngondang Kresna jeung
Baladewa/Balarama; supaya daek biluk ka urang, daek ngabantuan urang."

Saur Suyudhana:"Nya atuh ayeuna bakal ngajurung Duta ka Balarama, supaya
daek ngabantu ka urang; ari Kresna mah teu kudu lah, keur naon da manehna
mah sok loba gaulna jeung Pandawa."

"Lamun kitu anjeun bakal gagal Pangeran Duryodhana. Balarama bakal Netral
moal pipilueun perang; mun Kresna teu milu mah."

"Eueueu....hh kitu ? Keun atuh Kaula bakal nitah Duta nu istimewa pikeun
ngondang Kresna."

"Ah, enyaan sampeyan mah can ngarti urusan, Suyudhana. Ieu teh penting pisan.
Teu bisa ngajurung sasaha oge; kudu sampeyan pisan nu ngondang ka Kresna
mah. Lamun Kresna daek biluk ka urang, tangtu jeung geus jadi kaniscayaan
yen KURAWA bakal meunang."

HANCA






      

Kirim email ke