Tos seueur atuh. Pan kaselang ku patarosan ngeunaan Gatot Kacha.
Pleng weh disimpen heula. Samemeh eta B Kombayana; panginten
Kang Aldo mah teu maos hiji2 acan ?
Mangga we di File US aya panginten. Mangga kotektak.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Aldo Desatura ™ <hanja...@...> wrote:
>
> Harrrr geus kaca ka 18 wae....??? 1 - 17 na mana????
> 
> 2010/8/22 Abbas Amin <abas_ami...@...>
> 
> >
> >
> > Bhima teh kaluar ti Upawilya, lantaran bade ngempelkeun para Putra,
> > utamana Sang Purabaya, andelan sadaya.
> >
> > Enggal Bhimasena ngaluarkeun soanten nu tarik, nu hartosna ngageroan
> > Gatotkacha, nu ayeuna duka di mana; teras nenjrag bumi 3X tandaning
> > ngagero Putrana Antareja/Antasena; teras ngagero nami Jakatawang, nu
> > hartosna mgawartosan supaya Jakatawang enggal ngadep.
> >
> > Teu patos lami, pating kurunyung para Putra Bima. Ngawitan nu sumping,
> > nya eta Sang Krincing Wesi; norojol ti leuweung gerot teras nyembah; teu
> > kantos lami, torojol Antareja; nu akhirna sumping oge Jakatawang. Sadayana
> > sambi nyarembah ka ingkang Rama.
> >
> > Enggalna Gatot Kacha, nyarios:"Duuuh Kangjeng Rama, Putra sadaya siap
> > sadia ngalaksanakeun naon wae anu bade ditugaskeun ka Putra sadaya."
> >
> > Antasena sareng Jakatawang ngarojong meh bareng:"Duh Rama, leres naon
> > nu disaurkeun ku Rayi GatotKacha, sadaya tos siap nampi Dawuhan Rama."
> >
> > "Hemmmmm, sakeudeung deui Bharata Yudha bakal kajadian; teu bisa
> > dihalangan deui; Duryodhana nyata2 gurat batu; nya daek teu daek urang
> > bakal2 toh2an silih paehan jeung sabangsa/sadulur; jadi mangka waspada;
> > sampeyan kudu gancang ngagabung ka Pasukan nu ayeuna sayaga boh di
> > Wiratha, boh di Upawilya. Mun boga pasukan, bawa kabeh ka ieu peperangan."
> >
> > "Sendika Rama." Sendika Rama" Sendika Rama"
> >   Sadayana sami2 ngawaleran ampir bareng.
> >
> > "Bral ayeuna arindit; jeung gancang balik deui."
> >
> > Saparantos sasauran kitu , enggal Bima mulih ka Upawilya. Ari Gatot Kacha
> > teras ngayakeun briefing sareng Antareja, Jakatawang. Ari nu dua ki lanceuk
> >  mah nya kumaha Gatotkacha we cenah; naon wae nu digariskeun ku
> > Gatotkacha, tangtu ditumut boh ku Antasena, boh ku Jakatawang.
> > Hartosna Pimpinan dipasrahkeun ka Gatotkacha, najan pang anomna diantara
> > nu tiluan Putra Bima. Enggalna Gatotkacha ngahubungan ka Citrasena.
> > Yaksa Citrasena kacida atoheunana, yen Gatot Kacha parantos kersa ngajak
> > manehna miluan perang. Tah ayeuna cenah bakal nuntaskeun nu baheula
> > katunda. Atuh Yaksa Citrasena nyanggupan manehana jeung pasukanana
> > bakal datang ka Upawilya; tapi pasti moal katembong ku jalama biasa mah.
> >
> > Tunda ieu nu tiluan kacaturkeun, Sakuni keur nyarios sareng Suyudhna.
> > Saur Sakuni:"Suyudhana, jung sampeyan ayeuna kudu ngondang Kresna jeung
> > Baladewa/Balarama; supaya daek biluk ka urang, daek ngabantuan urang."
> >
> > Saur Suyudhana:"Nya atuh ayeuna bakal ngajurung Duta ka Balarama, supaya
> > daek ngabantu ka urang; ari Kresna mah teu kudu lah, keur naon da manehna
> > mah sok loba gaulna jeung Pandawa."
> >
> > "Lamun kitu anjeun bakal gagal Pangeran Duryodhana. Balarama bakal Netral
> > moal pipilueun perang; mun Kresna teu milu mah."
> >
> > "Eueueu....hh kitu ? Keun atuh Kaula bakal nitah Duta nu istimewa pikeun
> > ngondang Kresna."
> >
> > "Ah, enyaan sampeyan mah can ngarti urusan, Suyudhana. Ieu teh penting
> > pisan.
> > Teu bisa ngajurung sasaha oge; kudu sampeyan pisan nu ngondang ka Kresna
> > mah. Lamun Kresna daek biluk ka urang, tangtu jeung geus jadi kaniscayaan
> > yen KURAWA bakal meunang."
> >
> > HANCA
> >
> >
> >
> >
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> Aldo Desatura ® & ©
> ================
> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>


Kirim email ke