tos dibaca subuh iyeu salse.... kakara wae salse maca Kombayana 1 - 21
hehehe hebatt pisan eta carita carita teh... nambihan elmu... jeung deui
kakara terang dunia perwayangan teh pantes wae seueur nu deudeuh... sok
diantosan deui ah kisah kisah nu sejen...

2010/8/23 Abbas <abas_ami...@yahoo.com>

>
>
> Tos seueur atuh. Pan kaselang ku patarosan ngeunaan Gatot Kacha.
> Pleng weh disimpen heula. Samemeh eta B Kombayana; panginten
> Kang Aldo mah teu maos hiji2 acan ?
> Mangga we di File US aya panginten. Mangga kotektak.
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, Aldo
> Desatura â„¢ <hanja...@...> wrote:
> >
> > Harrrr geus kaca ka 18 wae....??? 1 - 17 na mana????
> >
> > 2010/8/22 Abbas Amin <abas_ami...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Bhima teh kaluar ti Upawilya, lantaran bade ngempelkeun para Putra,
> > > utamana Sang Purabaya, andelan sadaya.
> > >
> > > Enggal Bhimasena ngaluarkeun soanten nu tarik, nu hartosna ngageroan
> > > Gatotkacha, nu ayeuna duka di mana; teras nenjrag bumi 3X tandaning
> > > ngagero Putrana Antareja/Antasena; teras ngagero nami Jakatawang, nu
> > > hartosna mgawartosan supaya Jakatawang enggal ngadep.
> > >
> > > Teu patos lami, pating kurunyung para Putra Bima. Ngawitan nu sumping,
> > > nya eta Sang Krincing Wesi; norojol ti leuweung gerot teras nyembah;
> teu
> > > kantos lami, torojol Antareja; nu akhirna sumping oge Jakatawang.
> Sadayana
> > > sambi nyarembah ka ingkang Rama.
> > >
> > > Enggalna Gatot Kacha, nyarios:"Duuuh Kangjeng Rama, Putra sadaya siap
> > > sadia ngalaksanakeun naon wae anu bade ditugaskeun ka Putra sadaya."
> > >
> > > Antasena sareng Jakatawang ngarojong meh bareng:"Duh Rama, leres naon
> > > nu disaurkeun ku Rayi GatotKacha, sadaya tos siap nampi Dawuhan Rama."
> > >
> > > "Hemmmmm, sakeudeung deui Bharata Yudha bakal kajadian; teu bisa
> > > dihalangan deui; Duryodhana nyata2 gurat batu; nya daek teu daek urang
> > > bakal2 toh2an silih paehan jeung sabangsa/sadulur; jadi mangka waspada;
> > > sampeyan kudu gancang ngagabung ka Pasukan nu ayeuna sayaga boh di
> > > Wiratha, boh di Upawilya. Mun boga pasukan, bawa kabeh ka ieu
> peperangan."
> > >
> > > "Sendika Rama." Sendika Rama" Sendika Rama"
> > > Sadayana sami2 ngawaleran ampir bareng.
> > >
> > > "Bral ayeuna arindit; jeung gancang balik deui."
> > >
> > > Saparantos sasauran kitu , enggal Bima mulih ka Upawilya. Ari Gatot
> Kacha
> > > teras ngayakeun briefing sareng Antareja, Jakatawang. Ari nu dua ki
> lanceuk
> > > mah nya kumaha Gatotkacha we cenah; naon wae nu digariskeun ku
> > > Gatotkacha, tangtu ditumut boh ku Antasena, boh ku Jakatawang.
> > > Hartosna Pimpinan dipasrahkeun ka Gatotkacha, najan pang anomna
> diantara
> > > nu tiluan Putra Bima. Enggalna Gatotkacha ngahubungan ka Citrasena.
> > > Yaksa Citrasena kacida atoheunana, yen Gatot Kacha parantos kersa
> ngajak
> > > manehna miluan perang. Tah ayeuna cenah bakal nuntaskeun nu baheula
> > > katunda. Atuh Yaksa Citrasena nyanggupan manehana jeung pasukanana
> > > bakal datang ka Upawilya; tapi pasti moal katembong ku jalama biasa
> mah.
> > >
> > > Tunda ieu nu tiluan kacaturkeun, Sakuni keur nyarios sareng Suyudhna.
> > > Saur Sakuni:"Suyudhana, jung sampeyan ayeuna kudu ngondang Kresna jeung
> > > Baladewa/Balarama; supaya daek biluk ka urang, daek ngabantuan urang."
> > >
> > > Saur Suyudhana:"Nya atuh ayeuna bakal ngajurung Duta ka Balarama,
> supaya
> > > daek ngabantu ka urang; ari Kresna mah teu kudu lah, keur naon da
> manehna
> > > mah sok loba gaulna jeung Pandawa."
> > >
> > > "Lamun kitu anjeun bakal gagal Pangeran Duryodhana. Balarama bakal
> Netral
> > > moal pipilueun perang; mun Kresna teu milu mah."
> > >
> > > "Eueueu....hh kitu ? Keun atuh Kaula bakal nitah Duta nu istimewa
> pikeun
> > > ngondang Kresna."
> > >
> > > "Ah, enyaan sampeyan mah can ngarti urusan, Suyudhana. Ieu teh penting
> > > pisan.
> > > Teu bisa ngajurung sasaha oge; kudu sampeyan pisan nu ngondang ka
> Kresna
> > > mah. Lamun Kresna daek biluk ka urang, tangtu jeung geus jadi
> kaniscayaan
> > > yen KURAWA bakal meunang."
> > >
> > > HANCA
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > Aldo Desatura ® & ©
>
> > ================
> > Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> > Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
> >
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke