Harrrr geus kaca ka 18 wae....??? 1 - 17 na mana???? 2010/8/22 Abbas Amin <[email protected]>
> > > Bhima teh kaluar ti Upawilya, lantaran bade ngempelkeun para Putra, > utamana Sang Purabaya, andelan sadaya. > > Enggal Bhimasena ngaluarkeun soanten nu tarik, nu hartosna ngageroan > Gatotkacha, nu ayeuna duka di mana; teras nenjrag bumi 3X tandaning > ngagero Putrana Antareja/Antasena; teras ngagero nami Jakatawang, nu > hartosna mgawartosan supaya Jakatawang enggal ngadep. > > Teu patos lami, pating kurunyung para Putra Bima. Ngawitan nu sumping, > nya eta Sang Krincing Wesi; norojol ti leuweung gerot teras nyembah; teu > kantos lami, torojol Antareja; nu akhirna sumping oge Jakatawang. Sadayana > sambi nyarembah ka ingkang Rama. > > Enggalna Gatot Kacha, nyarios:"Duuuh Kangjeng Rama, Putra sadaya siap > sadia ngalaksanakeun naon wae anu bade ditugaskeun ka Putra sadaya." > > Antasena sareng Jakatawang ngarojong meh bareng:"Duh Rama, leres naon > nu disaurkeun ku Rayi GatotKacha, sadaya tos siap nampi Dawuhan Rama." > > "Hemmmmm, sakeudeung deui Bharata Yudha bakal kajadian; teu bisa > dihalangan deui; Duryodhana nyata2 gurat batu; nya daek teu daek urang > bakal2 toh2an silih paehan jeung sabangsa/sadulur; jadi mangka waspada; > sampeyan kudu gancang ngagabung ka Pasukan nu ayeuna sayaga boh di > Wiratha, boh di Upawilya. Mun boga pasukan, bawa kabeh ka ieu peperangan." > > "Sendika Rama." Sendika Rama" Sendika Rama" > Sadayana sami2 ngawaleran ampir bareng. > > "Bral ayeuna arindit; jeung gancang balik deui." > > Saparantos sasauran kitu , enggal Bima mulih ka Upawilya. Ari Gatot Kacha > teras ngayakeun briefing sareng Antareja, Jakatawang. Ari nu dua ki lanceuk > mah nya kumaha Gatotkacha we cenah; naon wae nu digariskeun ku > Gatotkacha, tangtu ditumut boh ku Antasena, boh ku Jakatawang. > Hartosna Pimpinan dipasrahkeun ka Gatotkacha, najan pang anomna diantara > nu tiluan Putra Bima. Enggalna Gatotkacha ngahubungan ka Citrasena. > Yaksa Citrasena kacida atoheunana, yen Gatot Kacha parantos kersa ngajak > manehna miluan perang. Tah ayeuna cenah bakal nuntaskeun nu baheula > katunda. Atuh Yaksa Citrasena nyanggupan manehana jeung pasukanana > bakal datang ka Upawilya; tapi pasti moal katembong ku jalama biasa mah. > > Tunda ieu nu tiluan kacaturkeun, Sakuni keur nyarios sareng Suyudhna. > Saur Sakuni:"Suyudhana, jung sampeyan ayeuna kudu ngondang Kresna jeung > Baladewa/Balarama; supaya daek biluk ka urang, daek ngabantuan urang." > > Saur Suyudhana:"Nya atuh ayeuna bakal ngajurung Duta ka Balarama, supaya > daek ngabantu ka urang; ari Kresna mah teu kudu lah, keur naon da manehna > mah sok loba gaulna jeung Pandawa." > > "Lamun kitu anjeun bakal gagal Pangeran Duryodhana. Balarama bakal Netral > moal pipilueun perang; mun Kresna teu milu mah." > > "Eueueu....hh kitu ? Keun atuh Kaula bakal nitah Duta nu istimewa pikeun > ngondang Kresna." > > "Ah, enyaan sampeyan mah can ngarti urusan, Suyudhana. Ieu teh penting > pisan. > Teu bisa ngajurung sasaha oge; kudu sampeyan pisan nu ngondang ka Kresna > mah. Lamun Kresna daek biluk ka urang, tangtu jeung geus jadi kaniscayaan > yen KURAWA bakal meunang." > > HANCA > > > > > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

