--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, a_dimya...@... wrote: > > <<Namun baru pada tahun 1992 Paus Yohannes Paulus II menyatakan putusan gereja terhadap Galileo salah serta gereja Katolik tidak berseteru dengan sain>> > Mun Gereja Katolik kakara deklarasi teu ngamusuhan sains di taun 1992, tapi naha masih keneh nolak teori evolusi? Kumaha di Islam? Sigana di Islam mah, kebijakan ngeunaan sikep ka sains henteu aya pamuseuran kawenangan, sanajan aya lembaga Rabithah 'Alam Islami jeung aya lembaga fatwa di tiap nagara (MUI di Indonesia). Kuring mah ngarasa soal ieu mah bisa jadi sikep otonom masing-masing mangkeluk. Contona kuring masih nganggap sains jeung kayakinan agama bisa ngahiji, tapi kang R keukeuh hayang misahkeun agama jeung sains. > > Urang teruskeun deui yu sawalana? > Haturan Kang AD, Sok lah dilanjut kadinyah. Kuring mah saminggu kaclep heula. (Geus) usum liburan deui wae di dieu mah Kang euy he he he. Saminggu barudak libur usum ragrag (Sunda na?). Isukan rebun berangkat ka kidul heula sakeudeung. Perkara pipisahan antara sains jeung agama: Haar, tong salah harti Kang. Ceuk panempo kuring agama jeung sains teh emBE jeung kuDA. Teu sarua! Duanana perlu... ngan TEU bisa diHIJIkeun. Jadi teu cocog mun kuring dianggap hayang MISAHKEUN agama jeung sains. Teu tepung2 acan... kumaha kuring rek misahkeunana he he he... Anu jelas kuring TEU (acan) bisa ngahijikeunana. Pedah teu (acan) katepi kitu? Duka teh teuing. Anu jelas nepi ka ayeuna kuring teu gedag kaanginan kana ieu sikep. Can aya bukti na. Cana kataekan? :))


Kirim email ke