Ari pamadegan kuring mah sabalikna. sains jeung agama kudu sajalan.

Agama teh bebeneran anu mutlak salila eta agama nuju langsung ka Robbna
atawa liwat rasulna anu dimakshum (diriksa tina kasalahan).

Sedengkeun sains 'nyoba' ngulik bebeneran, teu masalah hiji 'bebeneran' kudu
jadi salah lamun tetela manggih 'bebeneran' anu anyar leuwih alus jeung bisa
meruhkeun nu mimiti.

Sains jeung agama kudu sajalan. Jadi nu bener mah, diajar sains teh kudu
dumasar kana agama. Hiji bebeneran anu kapanggih dina sains kuduna nambahan
kandelna iman manehna, lantaran kayakinanana nambah ku bukti anyar.

Lamun 'bebeneran' nurutkeun pamanggih sains tetela tojaiah jeung agama, geus
tangtu eta 'bebeneran' teh palsu atawa saestuna salah, kari ngulik deui
bukti sejena.

Geus teu kaitung lobana bukti tina teknologi kiwari anu geus bisa
ngabuktikeun elmu-elmu anu digambarkeun dina Al-Quran.

Elmu Allah taya wates wangena. Mun can bisa ngabuktikeun, eta bukti yen
manusa teh bodo keneh. Naa atuh nya jang hawking teh teu nalipak maneh! lain
beuki pinter, beuki kolot teh kalahka beuki sasar.

Atuh puguh we orientalis jeung materialis mah atoh pisan ku eta buku anyar
:(


2010/9/5 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> > From: "Remi" <rsyaif...@yahoo.com <rsyaifoel%40yahoo.com>>
> > Tah...aya bahan adurenyomkeuneun!:))
> > Hawking: Tuhan bukan pencipta semesta
>
> Hehehehe ieu mah biasa "panyakit" urang Fisika Teoritis nu sakapeung sok
> resep "ngajleng' ka lain wilayahna. Kuring mah rumasa belet dina perkara
> teori fisika teoritis mah, hese kahartina, karasana abstrak, meureun teu
> boga "sense" sanajan kungsi sakola di jurusan fisika oge. Tapi sigana
> Hawkin
> boga pamadegan kitu teh, lain kulantaran ku kacindekan fisika, tapi ku
> kasang tukang jeung pangalaman pribadi manehna. Teu kabeh ahli fisika
> (teoritis) jadi atheis. Prof Abus Salam, ahli fisika nu meunang hadiah
> Nobel, tetep relijius da maneha kasang tukangna saurang Akhamdiah anu
> soleh.
>
> Tapi ari ceuk fisika mah, nu prinsipna ti baheula oge teu robah, kakara
> diaku lamun bagugna (fisikna) aya, ka deteksi ku panca indera. Tapi lamun
> teu bisa, kudu bisa kaukur ku alat. Salila teu kaditeksi ku panca indera
> atawa teu bisa diukur mah, Fisika tetep bakal nganggap EUWEUH. Contona di
> alam ieu aya sinar nu teu katempo jeung aya sora teu kadenge, tapi sarerea
> oge yakin ayana da bisa kaukur, malah dimanfaatkeun jadi remote control
> televisi. Sabalikna sabagian gede manusa percaya ayana alam gaib, tapi ari
> ceuk fisika mah, euweuh, da teu bisa ka deteksi ku panca indera / alat keur
>
> ngabuktikeunana. Memang aya nu "ngarasa" kungsi boga urusan jeung alam gaib
>
> (contona papanggih jeung jurig), ngan salila nu sejen teu bisa ngalaman hal
>
> nu sarua, tetep moal diaku ku sains mah. Tong boro soal alam gaib, elmuwan
> nu teorina geus diaku bener oge, satungtung teorina acan bisa dibuktikeun
> make percobaan/ alat, moal dibere hadiah Nobel. Einstein teu meunang hadiah
>
> Nobel kulantaran teori relativistikna nu kasohor sabab keur jaman manehna
> hirup, acan aya alat keur ngabuktikeunana. Manehna meunang hadiah nobel ti
> penemuan sejen, bisa nerangkeun efek fotolistrik. Hawking oge teu kungsi
> meunang Nobel tina teori-teorina.
>
> Jadi? Kuring mah tetep kana kacindekan yen agama jeung sains teu bisa
> "dicampur-adukkeun", prinsip dasarna beda pisan. Lamun dicampur-adukeun
> ...nya bisa mucunghulkeun kontroversi siga pamadegan Hawking ieu .....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke