Kang Willy;
Untung fisika teh teu sagemblengna sains, oge teu sagemblengna bebeneran, nya?
Aya dua pilihan keur "ngahijikeun" agama jeung sains. Kahiji, nyieun definisi 
anyar keur boh keur agama boh keur sains. Kadua, nyieun wahana anyar pikeun 
neangan jeung netepkeun bebeneran nu beda boh jeung agama boh jeung sains, 
sebut 
wae WAHANA KATILU. Alesanana: dina definisina nu ayeuna, boh agama boh elmu teu 
cukup keur ngalarapkeun kapasitas manusa nu sagemblengna. Jadi mun ngeukeuweuk 
otoritas agama jeung sains teu daek atawa teu panuju ngarobah definisina, kudu 
diciptakeun wahana sejen nu bisa nampung kapasitas manusa sagemblengna. Keur 
kalangan Islam mah, sigana keur neangan definisi agama jeung sains nu anyar teh 
bisa nalungtik leuwih jero naskah para ulama jeung ahli sains jaman kaemasan 
abad pertengahan kitu?
Khusus keur prisnsip fisika nu nganggap barang teh euweuh mun teu 
bisa dideteksi 
ku pancaindera atawa ku alat, bisa dihartikeun yen Fisika mampu netepkeun nu 
aya 
tapi teu mampu netepkeun nu teu aya. Teu kadeteksi ku indera jeung ku alat can 
pasti nangtukeun teu ayana barang sabab bisa jadi indera jeung alatna nu teu 
mampu ngadeteksi. Ku ungkapan sejen lain barangna teu aya, tapi can aya "alat 
keur ngadeteksina".
Nya ieu mah sami-sami ngiring "ngarahul" ceuk kang Rahman mah.

A. Dimyati




________________________________
From: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Sent: Sunday, September 5, 2010 23:24:45
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: agama vs sains? jilid 9

  
> From: "Remi" <rsyaif...@yahoo.com>
> Tah...aya bahan adurenyomkeuneun!:))
> Hawking: Tuhan bukan pencipta semesta

Hehehehe ieu mah biasa "panyakit" urang Fisika Teoritis nu sakapeung sok 
resep "ngajleng' ka lain wilayahna. Kuring mah rumasa belet dina perkara 
teori fisika teoritis mah, hese kahartina, karasana abstrak, meureun teu 
boga "sense" sanajan kungsi sakola di jurusan fisika oge. Tapi sigana Hawkin 
boga pamadegan kitu teh, lain kulantaran ku kacindekan fisika, tapi ku 
kasang tukang jeung pangalaman pribadi manehna. Teu kabeh ahli fisika 
(teoritis) jadi atheis. Prof Abus Salam, ahli fisika nu meunang hadiah 
Nobel, tetep relijius da maneha kasang tukangna saurang Akhamdiah anu soleh.

Tapi ari ceuk fisika mah, nu prinsipna ti baheula oge teu robah, kakara 
diaku lamun bagugna (fisikna) aya, ka deteksi ku panca indera. Tapi lamun 
teu bisa, kudu bisa kaukur ku alat. Salila teu kaditeksi ku panca indera 
atawa teu bisa diukur mah, Fisika tetep bakal nganggap EUWEUH. Contona di 
alam ieu aya sinar nu teu katempo jeung aya sora teu kadenge, tapi sarerea 
oge yakin ayana da bisa kaukur, malah dimanfaatkeun jadi remote control 
televisi. Sabalikna sabagian gede manusa percaya ayana alam gaib, tapi ari 
ceuk fisika mah, euweuh, da teu bisa ka deteksi ku panca indera / alat keur 
ngabuktikeunana. Memang aya nu "ngarasa" kungsi boga urusan jeung alam gaib 
(contona papanggih jeung jurig), ngan salila nu sejen teu bisa ngalaman hal 
nu sarua, tetep moal diaku ku sains mah. Tong boro soal alam gaib, elmuwan 
nu teorina geus diaku bener oge, satungtung teorina acan bisa dibuktikeun 
make percobaan/ alat, moal dibere hadiah Nobel. Einstein teu meunang hadiah 
Nobel kulantaran teori relativistikna nu kasohor sabab keur jaman manehna 
hirup, acan aya alat keur ngabuktikeunana. Manehna meunang hadiah nobel ti 
penemuan sejen, bisa nerangkeun efek fotolistrik. Hawking oge teu kungsi 
meunang Nobel tina teori-teorina.

Jadi? Kuring mah tetep kana kacindekan yen agama jeung sains teu bisa 
"dicampur-adukkeun", prinsip dasarna beda pisan. Lamun dicampur-adukeun 
...nya bisa mucunghulkeun kontroversi siga pamadegan Hawking ieu .....

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke