> From: Ahmad Dimyati
> Khusus keur prisnsip fisika nu nganggap barang teh euweuh mun teu bisa 
> dideteksi ku pancaindera atawa ku alat, bisa
>  dihartikeun yen Fisika mampu netepkeun nu aya tapi teu mampu netepkeun nu 
> teu aya. Teu kadeteksi ku indera jeung ku
> alat can pasti nangtukeun teu ayana barang sabab bisa jadi indera jeung 
> alatna nu teu mampu ngadeteksi. Ku ungkapan
> sejen lain barangna teu aya, tapi can aya "alat keur ngadeteksina".

Haturan Kang AD, sami abdi ge resep ngocoblak jeung ngarahul ...hehehe. 
Leres pisan Kang, Fisika mah saleresna "heureut", ukur nengetan nu tiasa 
dideteksi ku panca indera sareng ku alat. Diluar eta mah "sanes" fisika. 
Fisika oge ngadamel teori tina hasil nengetan gejala alam. Teori tiasa 
ningkat statusna jadi  "hukum/ potsulat", umpama teori ieu bisa "diturutan"/ 
dicoba di laboratorium. Teori sapertos Teori bigbang, jelas moal tiasa 
diturutan, ngawitan mucunghul kulantaran aya hasil tengetan astronomi yen 
bentang-bentang teh geuning teu cicing tapi gerak terus, saling ngajauhan. 
Akibatna aya pikiran meureun tadina mah asalna ti hiji titik. Mucunghul weh 
teori big bang nu terus dilengkepan tepi ka ayeuna, ku kapendakna 
bukti-bukti nu sanesna. Tapi da tetep dugi ka ayeuna  ge jelema teu bisa 
nyieun "miniatur" gejala big bang, nya statusna tetep we dina tataran teori. 
Dina sains sejenna oge saleresna sami, sapertos Teori Evolusi atawa Teori 
lempeng Tektonik nu ayeuna ngadak-ngadak jadi populer di Indonesia gara-gara 
seueur lini.

Kumargi prinsipna kitu, ceuk abdi mah fisika (oge sains nu sanesna) ulah 
"diadu-adu"  atawa dicampur-adukeun jeung kayakinan dina agama.  Ari dina 
agama mah kudu yakin, bade kadeteksi atawa henteu, bade nganggo teori atawa 
henteu, pokona kudu percaya. Dina kurikulum pelajaran sakola oge geus 
katingali beda prinsip antara pelajaran agama sareng pelajaran sains. Dina 
pelajaran sains, diajarkeun TEU MEUNANG PERCAYA KITU WAE, kudu ditengetan 
jeung kudu ngalakukeun paraktikum, nyoba, sanajan eta teh geus sidik benerna 
(Mahasiswa eksakta tingkat I, biasana sok ngutruk kulantaran praktikum 
Fisika teh ngabosenkeun, da sabenerna mah nengetan kajadian sapopoe nu teu 
aneh). Tapi dina pelajaran agama, malah sabalikna KUDU PERCAYA.  Ti TK 
(malah ti playgroup keneh)  dina pelajaran agama geus diajarkeun KUDU 
PERCAYA. Ieu benten jeung pelajaran sains, sanajan budak geus biasa 
nyenyekel ngoperasikeun remote kontrol, manehna kakara diajar soal "sinar nu 
teu katempo" waktu geus SMP, SMA, malah di PT mah kudu praktikum, 
"ngabuktikeun" sinar eta teh bener-bener" aya (padahal geus sidik aya).

Dua prinsip nu patulang tonggong ieu, aya nu nyoba "ngahijikeun", nya 
hasilna jadi pabaliut, saperti pamandegan tuan Hwaking ieu, manehna mikir 
make pikiran "sains" keur nimukeun "Gusti",  nya moal kapendak, sabab 
perkara "Gusti" (kayakinan agama) mah kudu "dideukeutan" ku hate (rasa). 
Hawking sigana ngaleungitkeun faktor "hate" ieu, bari manehna oge teu bisa 
leupas tidinya sabab  "rasa hate" manehna gumantung kana kasang-tukang jeung 
pangalaman pribadina nu cenderung atheis. Abdi yakin,  lamun manehna jalma 
relijius kacindekanana bakal beda .....

Tos ah ngacaprukna. Wilujeng boboran Siam kang AD, oge ka sadayana, neda 
hapunten samudaya kalepatan.

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke