Subuh ieu subuh kahiji nu kaalaman ku sim kuring di Lisabon, Portugal. Henteu 
ka 
masjid, da anggang teuing. Sajaba ti eta, sanggeus solat aya sms ti Menteri 
Pertanian jeung email ti mitra kerja di Indonesia nu kudu dijawab. 

Kamar hotel Fenix cukup legana keur ngamparkeun sajadah nu dibawa ti lembur. 
Arah kiblat geus diverifikasi ka Doni, urang Cihanjuang,  Cimahi nu ngumbara di 
dieu jadi staf lokal KBRI. Waktu solat magrib jeung isa mah teu karasa nanaon 
nu 
ngaharib kana hikmahna solat da eleh ku rasa cape jeung tunduh, sabada acara 
buka beresama di Wisma Indonesia. Duta besarna pa Albert Matondang, nu kungsi 
panggih basa kuring nyaba ka Fiji taun 2003, someah pisan. 

Solat subuh teh asa leuwih jero karasana kana batin. Asa sarua jeung salah 
sahiji solat subuh poe Jumaah nu diimaman ku ustad Ade Purnama di masjid 
kompleks perumahan di Pasarminggu, tapi can kasorang deui sanajan sababaraha 
kali usatad Ade ngimaman bari make sujud tilawah siga harita.
Eta kitu pedah solatna di tempat nu sepi teu aya nu rame tina pengeras suara? 
Atawa hasil tina hadiah memeh solat ka para pahlawan Moor nu syahid di ieu 
wewengkon jeung sabudeurna?
Asa sarua basa ngalaman solat di Miami, Amerika Sarikat bulan puasa taun 1997.
Cing kang Rahman jeung para kanca sanesna nu boga pangalaman nu siga kieu geura 
pedar di ieu forum. Manawi aya mangpaatna keur urang sadayana.
Salam sono.

AD

Kirim email ke