Lodaya apan parantos punah Mang H, kantun dongengna. Dina ayana oge
moal aya di Jawa Barat, tapi di Blauran Banyuwangi (di daerah eta
kungsi aya beja nu mendakan tapak maung ngasah kukuna dina tangkal).
Alesan surili didamel mascot, upami teu lepat mah, kulantaran di
leuweung di Jawa Barat,
Sigana nu dimaksud maung lodaya teh maung belang. Dina basa Sunda,
kecap maung ditujukeun keur sato nu siga ucing tapi awakna jauh leuwih
gede tibatan ucing.
Meureun eta oge .
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED] wrote:
tibaheula nepi ka ayeuna
Satujuh Kang Kumi. ucing badag dina basa sunda henteu dibeda-
bedakeun, sadayana disebat maung. Benten jeung basa Inggris, maung
dibedakeun saluyu jeung speciesna, maung lodaya disebat tiger, maung
tutul disebat leopard ( maung tutul nu hirup di Asia/Afrika) atawa
Jaguar (nu hirup di Amerika).
Tah lebah dieu kuring oge lebeng, ngan nyaho meong congkok wungkul (
di tatar sunda/ pulo Jawa). Meong nu sejenna duka aya, duka teu aya.
Nu jelas di lembur kuring, aya istilah KERUD, keur meong salian ti
meong congkok. Cenah Kerud leuwih gede ti meong congkok. Tapi ieu
ukur ceuk cenah, sabab
Neng Emme, ulah nyingsieunan ah , dina detik.com dinten ieu, BMG
nolak wartos bade aya lini + tsunami kaping 7 juni, cenah mah wartos
ieu teh kalebet wartos jahat. Lini dugi ka ayeuna oge teu acan aya nu
tiasa ngaramalkeun, komo dugi ka pas jeung tanggalna mah
Baktos,
WALUYA
---
Minggu katukang MetroTV, muter film lalakon Mahatma Gandhi. Sanajan
kuring baheula geus lalajo (1983) tapi ngalalajoan deui eta film,
henteu bosen. Bubuhan film hade, meunang piala oscar sababraha hiji.
Nempo film eta, urang bisa ngarasakeun kumaha teu ngeunahna jadi jadi
bangsa nu dijajah.
Innalillaahi wainnailaihi roji'uun.
Mugia almarhum ditampi iman islamna sareng kulawargi nu dikantunkeun
sing dipasihan kasabaran.
Beu geus dua urang inohong sunda nu ngantunkeun taun ieu (2006).
Ngawitan ti Mang Ayat, ayeuna Pa Edi
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda
Kang Kumi, enya film Gandhi teh kantos diputer ku ANTV, harita kuring
nontonna pas rek enggeusan. Ngan ANTV salah neundeun acarana. Eta film
diputer dina acara film India (bollywood), padahal film Gandhi, sanes
film India, eta film Inggris/Hollywood. Sutradaranana oge sutradara
beken, nu
Indo, lain Indonesia, tapi indo didieu hartina kaum katurunan kaum
pendatang jeung urang Pribumi. Lamun ningali beungeut para elite
pamimpin Timur-Timur, katingali lain beungeut asli urang dinya, tapi
beungeut urang eropa (aria). Xanana Gusmao, Ramos Horta jrrd fisikna
nunjukkeun lain asli
Si Teh Ana jiwana pemberontak. Resep kuring mah jeung nu
sok barontak kana sistem anu maneuh teh. Tapi koreksi sakedik
perkawis RA KArtini. RA Kartini seseratan sareng Urang Walanda, ti
samemeh jadi istri anu ngora. RA Kartini ngantunkeun waktos
ngababarkeun putrana.
Sakitu koreksi ti sim
Ma Erot? hehehehe dua minggu katukang, kuring ka Bayah Banten, make
jalan ti Palabuhan Ratu. Pas rek ngaliwat ka Cisolok, kuring geus
ngomong ka supir nu kakara ngaliwat ka lebah dinya, ulah kaget lamun
aya motor anu ngudag-ngudag. Ceuk supir teh, Naha aya naon kitu Pa?
Ah engke oge nyaho
Kabisa kaum birokrat, memang ukur dugi kadinya MH. Ti keur jaman
Orba keneh, PNS teh sok diparotongan gajihna. Sigana teh kulantaran
ari PNS mah gajihna sumberna sami, jadi gampang motongna. PNS oge
paling gampang ngaturna, dititah naon wae oge OK, kaasup nyoblos
golkar hehehehe. Aya
Rek ngadongeng ah, ngadongeng perkara kawawuhan, sobat jeung senior
kuring, nu sok disarebat ku anak buahna Pa AB. Poe kamari di
lingkungan kantor kuring ngayakeun acara pelepasan purna bakti Pa
AB, nu pangsiun di bulan kamari dina yuswa 65 taun. Pa AB dianggap
gede jasana dina ngagedekeun
Seueur urang Batam di Babakan Kusnet. Kumaha yeuh umpama di Batam
diayakeun Kasino? . sanes ceuk kuring, tapi saur Pak Habibie,
sapertos nu diwartoskeun ku Media Indonesia Online :
Habibie Usulkan Batam Buka Kasino
Penulis: Emerson Tarihoran
BATAM--MIOL: Mantan Presiden BJ
Kanu gaduh niat nyandung, aya hadena oge terang UU Perkawinan RI.
Nyandung aya dina Pasal 3, 4 sareng 5. Hanjakalna teh dina UU
Perkawinan RI teu aya fasal-fasal nu ngatur/hukuman kumaha lamun
ngalanggar padahal di nagara-nagara sejen, aya hukum pidana kanggo
nu ngalanggar (di Amerika
Kawin Syiri (panginten) sah jeung henteu dosa ceuk agama. Tapi kawin
sanes urusan dosa wae, tapi oge urusan hukum jeung administrasi. Urusan
Hukum margi aya dua jalmi nu ngiket diri rek hirup babarengan
(kontrak hirup babarengan). Anologi kuring kieu, lamun urang gaduh
tanah kedah puguh
Ceuk beja, ayeuna pihak Otoritas Palestina, teu bogaeun duit keur
ngagajih pagawe jeung pulisi (bangkrut), sabab duit bantuan ti
Amerika jeung Uni Eropa dieureunkeun pedah ayeuna di Palestina nu
kawasa teh Hamas, nu teu ngaku ayana nagara Israel. Dina Kompas poe
ieu, aya wartos, ku
Pemprov Jabar oge rencanana bade ngadamel masjid caket Gedong sate,
legana 15,000 m2, biayana 15 milyar. Lamun enya teh jadi diwangun,
hebat lah di beulah wetan (800-1000 m), ngajegir mesjid Pusdai,
ditambahan masjid leutik di kompleks musium geologi (kantor kang
Oman). Di beulah kidul,
Barade nyarandung? ieu aya wartos nyandung massal di Bukit Sentul
Bogor, tina PR 1/5/2006. Deuh .mani raresep kitu, geura ieu
wartosna :
Syukuran Pernikahan Poligami yang Aneh tapi Nyata
MESKI tidak sedikit yang melakukan poligami, namun umumnya hal itu
dilakukan secara diam-diam
Puguh atuh, mani haget pisan Ua Tito ...hehehe. DOngkap jam sabaraha
ka Bandung? abdi mah jam satengah opat, ka bumina MJ heula. Jalanna
mabal ka Maribaya nu tembus ka Dago. Ka Surabaya nganggo KA panginten
nya? da karcis kapal hiber mah seep, manuk Garudana dinten kamari
sareng ayeuna
--- In urangsunda@yahoogroups.com, sunda pituin [EMAIL PROTECTED] wrote:
Ckckckc, aeh! aeh! dugi ka kitu nya. Tapi sae sae ketang ari
sadayana ikhlas mah :)
Enya nya Teh, upami ikhlas mah, ngan sesahna ikhlas mah teu tiasa
diukur, naha ikhlasna teh 50%, 75% atawa 100%( aya kitu nu 100%?)
Afghanistan, keur urang geus teu bireuk deui, kulantaran diserebu Uni
Soviet, geus kitu ayeuna ku Amerika. Nagara ieu, cenah mah baheula
aranna teh Gandara, tempat asal Sangkuni jeung Dewi Gandari istrina
Destrata nu nurunkeun kaum Korawa musuhna Pandawa. Ieu Aya novel
meunang urang Amerika
Tadi basa jumaahan nu khotbah teh ustadz senior, tapi moal disebat
namina mah, ngan kaasup ustadz beken di Bandung mah, anjeunna
ngangken kantos jadi pembina tahanan PKI di Pulo Buru, jeung oge urut
anggota parlemen (DPR). Aya hiji hal nu kuring rada kerung nengetan
eusi khotbah anjeunna
Salah sahiji conto perda Copy paste, nyaeta rencana perda (raperda)
anti maksiat di Depok. Depok nyontek Tangerang, ngan poho ngahapus
pasal soal minuman keras di Toko Duty Free di Bandara
Cengkareng hehehehe. Naha bisa kieu nya?. Asa inget kuring ari
nyieun laporan, sok maen copy-paste
Ayeuna jaman otonomi daerah. Daerah rame-rame nyieun Perda, sanajan
nabrak UU atawa malah konstitusi. Salah sahiji Perda nu
paling dipikaresep ku daerah nyaeta nyieun Perda Syariat Islam.
Padahal dina UU Otonomi Daerah, soal agama lain urusan daerah tapi
urusan Pusat. Ku Sumanget-sumangetna
--- In urangsunda@yahoogroups.com, joko tingkir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Jadi nu arana maling nya tetep maling jeung salah
sarta sakuduna dihukum. Tapi kulantaran dihampura nya
hukumanna dibebaskeun. Sedengkeun catetan
dosa/malingna mah tetep masih aya dina catetan henteu
dihapus/dipupus.
Kang Emod anu Lucu sareng Kang Edi, saleresna ieu heureyy Haji teh
(ngaheureuykeun Haji) geus ilahar diurang. Malah salah sahiji lagu
Sunda nu populer oge, dijudulan Sorban Palid, sanajan lirikna mah teu
ngaheureuykeun Haji, tapi tetep jadi patarosan, naon maksudna kecap-
kecap: Kang Haji
Kang SR, waktu kuring jeung pamajikan ningalian mobil urut di sababraha
showroom nu jualan mobil urut di daerah Ciateul - Kebon Kalapa Bandung,
si Engkoh jeung pagawena teh, nyebut Pa Haji ka kuring jeung Bu Haji ka
Pamajikan. Mani rebeh irung teh . ngan rada kuram-kireum, da puguh
acan
Satuju Kang. Ceuk kuring mah, babi diharamkeun, keur nguji urang nurut
henteu kana parentah Anjeunna. Tos we dugi kadinya, teu kedah
dipilarian alesan nu lebet akal. Sabab nyaeta nu ngaramkeun babi teh,
sapertos nu parantos disebat ku Bah Surtiwa, Agama Yahudi oge
ngaharamkeun. Malah urang
Peuting tadi, kuring nga SMS ka Kang Aldo, da anjeunna ngajapri. Ceuk
kuring teh hayu, kuring sanggup nyadiakeun tempatna, di lembur
kuring, di imah urut kolot kuring (ayeuna boga ki lanceuk) ngan
kosong. Bisa diinjeumlah, keur ririungan. Tempatna 1 km ti Cimalaka
ka arah Cirebon, tandana
-ilmuwan nu ahli dibidangna hoyong nalungtik haramana babi.
Nya..mun misalna nimu alasan ilmiahna keun wae etamah anggap wae
sebagai
'HIKMAH DIHARAMKANNYA BABI'.
waluya56 wrote:
Satuju Kang. Ceuk kuring mah, babi diharamkeun, keur nguji urang
nurut
henteu kana parentah Anjeunna. Tos we
--- In urangsunda@yahoogroups.com, joko tingkir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Wengi Minggu kamari aya debat terbuka di SCTV
negeunaan majalah playboy anu didongkapan oge ku UJ
(Saptu siangna UJ janten penceramah peringatan
maulid nabi di Masjid Agung Pamulang). Kumaha
pamadegan para wargi (anu
Aya deui Ustadz Jeffri. Anjeunna nganggo analogi kieu, lamun aya
jalma nu nyetel radio tarik pisan, tepi ka tatanggana ngarasa
kaganggu. Ku tatangga dilaporkeun ka RT, tapi eta jelema henteu
ngagugu. Dilaporkeun deui ka RW, keukeuh bedegong, nyetel lagu tetep
tarik pisan. Nya akhirna para
--- In urangsunda@yahoogroups.com, syam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Karek apal geuning ngaran
playboy teh lain ngan ukur ngaran majalah wae, tapi aya oge merek
kaos kaki
Kang SR, dua minggu kamari kuring jeung pamajikan ulin ka BSM (Bandung
Super Mall), nganteur si Bungsu nu
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kalakay jasinga
jasinga mun saur sesepuh abdi teh masih aya keneh
baraya sareung sumedang nyaeta ti embah jaya perkosa? nah kukitu teh
abdi keur nelusuri kang?
Kang Yana, ceuk dongeng Urang Sumedang Embah Jaya Perkosa teh,
kandanglante(Senapati kitu?) ti
--- In urangsunda@yahoogroups.com, joko tingkir [EMAIL PROTECTED] wrote:
dipotong =
jalma atawa penerbit anu bade kumawani nerbitkeun
majalah PKI tapi singkatan ti POLITIK Kebudayaan
Indonesia, naha bakal narima atawa nolak. Aran (judul
majalah) jelas PKI. Eusina lain soal
[EMAIL PROTECTED] wrote:
kumaha lamun kapanjanganna teu dibeja-beja? punten ieu mah. playboy
indonesia ge pan teu nyebutkeun maneh majalah teu porno nu eusina
(artikelna) alus.
Angger teu salah Kang, sabab ari hukum mah kudu jelas. Lamun aya
singketan, nya kudu puguh heula naon eta teh.
Minggu kamari, basa libur maulid Nabi, kuring kadatangan Alo ti
Sumedang, manehna ngadon ulin ka Bandung, mawa babaturan saurang. Alo
teh awewe masih di SMA. Ka babaturanana, kuring nanya : Ari Eneng
timana?
Manehna nyerengeh ngajawab: Sami sareng Lia, ti Gelembung.
Na da Bapa oge asalna urang
Ke punten kuring mah asa kirang ngartos, subyekna Transformasi
basa Sunda: perlu!, tapi ningali eusi posting kang Amin teu nyabit-
nyabit eta. Naha maksadna basa Sunda kedah ditransformasikeun kitu,
pedah ayeuna dina basa Sunda teh aya undak-unduk basa, nu nunjukkeun
urang Sunda teh gaduh
--- In urangsunda@yahoogroups.com, wildan thoyib~~ [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Dr.C Snouck Hurgronje, adalah salah munafikin/kafirin nu
ngancurkeun islam di indonesia, terutama di jantung-jantung
islam, sunda kelapa dan serambi
mekah (aceh), punten dikaji kembali ieu makluk teh...
Ke ke
Pairan si Kuring diselipkeun dina seratan Kang Amin.
--- In urangsunda@yahoogroups.com, amin mudzakkir [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Alhamdulillah email abdi seer nu ngarespons.
Abdi urang Sunda pituin, tapi punten bade nyerat ku bhs
Indonesia. Otoritas mana nu ngedahkan bahwa urang Sunda
Wah . tambah dilarang, malah tambah laku, dipilarian ...hehehehe.
Tapi kuring sanes hoyong ngobrolkeun Playboy ieu mah, hayang naroskeun
aya nu langganan TV cable kitu, kumaha eusina? rumasa kuring mah teu
kabedag jeung rada mikir-mikir oge rek langganan nu karaitu teh sok
sieun eusina nu
Bade negeskeun deui ti MJ, eta postingan tawaran teh teu aya dina
file-file web Kusnet (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda). Urang
jadi terang kulantaran tina repply Kris Gessang (saha ieu teh?). Rada
aneh oge da biasana lamun ngarepply, otomatis Kepada/To na teh eusian
alamat nu rek
--- In urangsunda@yahoogroups.com, wawan sukmana [EMAIL PROTECTED]
wrote:
===dipotong
ari pajajaran dimana ?
Wah ... Kang Wawan mah tinggaleun. Cobi geura milarian bukuna
Yoseph Iskandar atanapi karangan Prof Edi Ekajati, judulna teh
Pajajaran, aya dua jilid. Di toko buku Gramedia oge
--- In urangsunda@yahoogroups.com, riky dimiaty [EMAIL PROTECTED] wrote:
mun ceuk saya mah teu aya nu lepat tina pertanyaan kang amin. bentuk
pertanyaan kritis dan bahan yang tepat untuk perenungan eksistensi
kita sebagai masyarakat sunda. tong negatip thinking heula atu a'
Leres Kang
Akuuur Kang. Enya pisan Kang, keur ayeuna mah, rek resep atawa rek
henteu, bangsa urang teh perlu Amerika. Boh dina dagang (ekonomi),
militer jeung teknologi tinggi. Dina ekonomi, dagang paling
nguntungkeun dagang jeung nagara beunghar, konsumtif jeung rea
padumukna (Di Amerika lamun teu
Leres Kang di Brebes atawa di Banyumas (purwokerto, Cilacap,
Purbalingga, Banjarnegara), pangpangna mah kuloneun Kali Serayu, seueur
nu nyarios ku Basa Sunda. Malah aran tempatna oge khas Sunda, seueur nu
nganggo ci, siga Cipawon di Purbalingga. Tapi Kebumen mah ka wetan
deui, malah ka Yogya
--- In urangsunda@yahoogroups.com, totong usman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Ti kapungkur urang amerika sentries teuing, nu kacida katinggal dina
alat militer ampir kabeh buatan amerika.
Nyaeta atuh Kang Totong, jeung contona teu tebih-tebih, apan urang oge
bisa ngariung di dunya maya ieu teh
Di Kebumen Jawa Tengah, aya tempat rekreasi namina teh Gua Jatijajar.
Eta Guha teh aya legendana, rada mirip jeung dongeng Ciung Wanara di
Tatar Sunda. Dongeng lalampahan Putra Cikal Prabu Siliwangi,
Kamandaka alias Banyak Contro ieu, nunjukkeun yen Kebumen teh
baheulana aya dina pangaruh
Enya meureun kitu. Tapi sakanyaho kuring, kolot baheula (jalma
biasa / cacah) lamun nyebut jaman dijajah walanda teh jaman Normal
cenah. Duka naon nu dimaksud jaman harita nu normal teh
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, totong usman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Sanes pinter
Enya sigana mah MJ. Tatar Priangan relatif ayem tentrem ti taun 1636M
(ti saprakna pasukan Mataram newak Dipati Ukur) dugi ka taun 1940M
(400 taun!). Salami eta teu aya peperangan gede, teu aya bupati nu
barontak ka walanda. Tatar Priangan mimiti riweuh waktu jaman
Jepang. Si Jepang ieu
Daftar ah MJ, mudah-mudahan Rebo teh teu pakepuk jeung padamelan. Ari
Ua Sas sumping kitu? saha nu ti Kusnet bade sumping? salian ti MJ
nyalira?
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
UNDANGAN BEDAH BUKU
Komunitas Urang Sunda --
Ari nu disebut era teh nu kumaha? katempo antara handapeun bujal
jeung saluhureun tuur, atawa era teh jiga nu ditulis ku Usep Romli
dina PR kamari (2/4/2006)?
Tulisanana nyanggakeun, kanggo lenyepaneun .
Habis Sudah Rasa Malu
Oleh H. USEP ROMLI H.M
ADA sebuah kisah pada zaman Alexander
Hehehehe .. dibandingkeun teh pedah we di urang mah, loba nu
ngaku loba ka era tapi teu era-era lamun KKN atawa ngalanggar hukum
nu sejenna. Era di urang, ngan saukur tepi ka sahandapeun bujal
jeung saluhureun tuur, ari era nu sejenna mah ..duka teuing!
Baktos,
WALUYA
--- In
Teh, Walanda baheula waktu ngajajah urang pinter pisan. Maranehna teu
ngarobah sistem, tapi sistem anu aya ku maranehna diadopsi. Waktu
Priangan dipasihkeun ka Walanda ku Mataram, para pangawasa di
Priangan teu dipecatan ku Walanda, asal ulah barontak we. Jadi ngan
saukur robah dunungan,
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Waluya, Dani R [EMAIL PROTECTED]
wrote:
aya dongeng ti pun aki yen saprak saenggeus ngungsi, baralik deui
ka bandung tanah nu geus rata jeung tanéh teh di paratok ku nu
lain hak na,...hehehe nya kapaksa pun aki teh nu kabeneran ngungsi
ka ciawi
Leuh . aya keneh kitu di urang anu munjung? Munjung ka siluman
monyet disebat NGETEK, munjung ka siluman oray disebat NGIPRI, munjung
ka siluman bagong disebutna NYEGIK. Cik aya istilah sanes kanggo nu
munjung? hayang terang .yeuh
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com,
Satuju Teh Ika. Saleresna urang teh kudu reueus kana budaya sorangan.
Reueus teh sanes hartosna ngarasa leuwih pinunjul tibatur. Sabab lamun
hiji bangsa atawa etnis geus teu boga kareueus kana budayana sorangan,
akhirna jadi teu kaditu-teu kadieu. Maksad teh ...tiditu teu diaku,
tidieu teu
Haturan Kang (AA) Misan. Leuh mani resep nya ari di batur, teu jiga
di lembur. Ari di lembur mah pan aya istilahna Kang, Lamun bisa
dihesekeun, kunaon make kudu digampangkeun? hehehehe
Ieu mah ngabejaan ka urang Bandung, lamun meser mobil/motor urut,
parios heula STNK domisilina dimana,
Kaum Menak oge nu nyiptakeun etiket/ etika. Contona dina urusan dahar
nu ceuk cenah mah para Menak Perancis anu nyiptakeunana. Make
sendok, garpu jeung rupa-rupa peso, rupa-rupa gelas nginum. Urusan
dahar, lain wae urusan ngeusi beuteung, tapi geus jadi upacara.
Ayeuna, ciptaan para menak dina
Kang Deny, poe saptu kamari kuring ulin ka Garut, ka Kamojang.
Sanajan lain kakara kuring ka Kamojang, ngan kamari mah rada
istimewa, kuring nyupir sorangan, lumayan oge geuning rada keueung,.
maklum jalanna naek jeung leutik. Tepi ka Kamojang, halimun dimana-
mana, tetempoan ngan bisa nempo
Ceuk beja di millis sabeulah, cenah ayeuna di toko buku Gramedia, buku-
buku nu aya ngaharib-harib kana seks, teu aya, teu dipajang deui dina
rak-rakna. Buku-buku jiga Pendidikan seks keur rumaja atawa buku2 seks
keur kolot (salaki-pamajikan) jiga karangan prof dr. Wimpie
Pangkahita leungit di
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
Faridhal Al Khindy teh anu ngarang Babad Kerajaan Caringin Kurung
anu nyaritakeun yen karuhun bangsa Indonesia teh asalna ti Bogor,
ngan dugi ka ayeuna can medal.
Kutan kitu? kuring mah nembe terang. Aliran naon deui ieu
Panon Hideung ciptaan Ismail Marzuki Kang Dede. Enya ceuk beja mah
Ismail Marzuki nyalin lagu ieu tina lagu Rusia. Ari perkawis kunaon
ti Rusia mah, kuring oge teu terang, nya meureun pedah ngeunaheun we
melodina
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Jatigede [EMAIL
From: indung peuting [EMAIL PROTECTED]
Punten kang Yudi, bilih teu nyambung si teteh gaduh pamadegan
nyalira, wiosnya
Perkara teu nyambung antara nu pinter jeung jalmi biasa teh,
tiasa ditingali dina wartos kamari perkawis Exxon tea. Aya sakolompok
masyarakat di Jawa Tengah rek ngademo
Kuring kungsi maca bukuna Ramadhan KH, biographina Bu Inggit. Eta
buku teh tepi ka kucel da dibaca sababaraha balikan. Bakating ku
reueus ka Bu Inggit pacampur jeung rada keuheul ku nasib bu Inggit.
Hanjelu ngan sadar ieu teh biographi alias carita sabenerna lain
dongeng Pangeran jeung Putri
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
sameja deuih jeun Pa Sudjana Syafei-ketua forum rektor. katelah pa
Jon.
urang elektro itb. cas cis cus basa inggris manehna mah da gigireun
aya
bule amrik nu nikah ka Mira RG Wiranatakusumah nu harita janten MC.
nya da
Pak
Teh Ipeut mah cinta Bandung, sanajan tos 20 taun langkung jadi
Urang Surabaya gehehehehe. Eta we mani giak pisan, ngadangu
tiket pesawat Surabaya-Bandung ngan 300 rewu. Cios Teh ka Bandung?
bade balanja? ke upami ka Bandung telepon abdi, sugan pun bojo nuju
salse, sina nganteur-nganteur
Sanajan RUU APP acan disahkeun, ayeuna di urang, materi porno jiga
VCD atawa tabloid vulgar ngadak-ngadak leungit di kaki lima atawa di
lampu stopan. Pulisi oge sering ngarazia. Dasar naon nu dipake ku
pulisi keur newakan nu jualan pornografi? pan acan aya UU Pornona oge.
Sihoreng simana
Wah teu kira-kira ITB disebut mencetak kaum koruptor. Di ITB
euweuh Jurusan Korupsi. Kunaon alumni ITB (oge UI)aya nu jadi
koruptor? maklum we eta sakola, bubuhan pangheubeulna, loba alumnina
nu jadi pejabat jeung pangusaha, padahal sistem di nagara urang mere
pisan lolongkrang keur
Ah Doel Sumbang mah lepat. Nya terhormat keneh koruptor atuh.
Tingali we dina TV, dina acara live ngudag-ngudag ungkluk ku
petugas tamtib. Nu beunang diabringkeun dilebetkeun kana treuk jiga
domba, disorot ku TV. Aya nu tenang-tenang wae, aya oge nu
ngahalangan beungeutna ku koran. Aya oge nu
Ngring mairan Kang Kumi. Nu jelas ngalarang budak lalajo TV, hiji
pagawean panghesena hehehe. Budak kuring tilu, kabehanana resep
lalajo TV. Kadang-kadang ribut parasea parebut televisi, da karesepna
beda-beda. Tapi nu gede, geus mahasiswa, geus mimiti palah-pilih
acara TVna teh, teu kabeh
Haturan Abah Joe, tos lami tara nganjang ka lembur. Bah perkawis
bantuan hukum kanu lemah teh, kuring mah emut ka Ali Sadikin, nu
ngiring ngadegkeun LBH, keur melaan rakyat nu kagusur
ku .kawijaksanaan anjeunna nyalira. Jarang aya pamingpin nu jiga
kitu, ceuk cohagna mah anjeunna nantang :
Kang Ono, ceuk versi urang Sumedang mah, Cirebon teh nyerang ka
Sumedang. Di Sumedang harita teh aya opat urang senapati nu asalna
ti Pakuan Pajajaran. Kumargi Pajajaran runtag, para senapati ieu
teh ngawula ka Karajaan Sumedang Larang nu dianggap penerus ti
Pajajaran. Para Senapati teh Embah
Kenging copy-paste ti millis dulur keneh, kiriman kang Rahman ti
Walanda. Mangga nyanggakeun :
Semangat wiraswasta relijius di Turki
Pembaharuan industri dan agama beriringan di Turki
Lebih dari satu dekade ini, usaha Arsalan tumbuh dari perusahaan kecil
menjadi bisnis internasional bernilai
Wartos ti Kompas Online, Ketua MUI, ngusulkeun raksukan adat nu
nempokeun aurat simpen wae di Musieum. Kabaya kalebet henteu kitu?
Wartosna nyanggakeun:
MUI: Pakaian Pertontonkan Aurat, Simpan di Museum
http://www.kompas.com/utama/news/0603/13/174110.htm
Laporan : Heru Margianto
Jakarta, KCM
Madura jeung Surabaya, ceuk buku sajarah karangan Graf, baheula keur
jaman Mataram Sultan Agung, embung taluk, serah sumerah ka Sultan
Agung. Sultan Agung terus ngirim bala tantara keur numpes nu barontak
ieu. Tantara nu dikirim ku Sultan Agung teh asalna ti divisi
Sumedang. Dipingpin ku
Ceuk cenah prajurit Siliwangi teh prajurit profesional. Panglima
SIliwangi jeung pimpinan nu sejenna, umumna tamatan sakola akademi
militer jaman Walanda( Nasution, Ahmad Kartakusumah, Kawilarang
tamatan Akademi Milter di Bandung, Hidayat M, tamatan akademi Milter
Breda di Walanda). Aranjeunna
--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani
[EMAIL PROTECTED] wrote:
Margi aya conto sanesna, sapertos seratan budayawan
Gunawan Mohammad, anu dipostingkeun ku Bah Willy dina
perkawis RUU APP. Sanaos tos teu diragukeun deui kana
kapakaranana, tapi geuning seratanana masih 'terjebak'
Poe Kemis 9 Maret, jam 7 leuwih saeutik kuring jeung babaturan dua
urang, turun di Bandara Juanda Surabaya. Nuju diruangan kadatangan,
kuring nelepon Kang Tito, baraya Kusnet urang Telkom anu bageur
pisan ...hehehe. Ari pek teh anjeunna geus aya nungguan diluar. Mani
asa guligah hate teh. Aya
Dongeng deui Sumenep ah. Sumenep ceuk cenah mah seueur Kyai jeung kaum
santri. Katingali dimana-mana aya pasantren, santri nu masih ngaranggo
sarung. Sarung teu katingaleun sanajan keur tumpak motor oge. Jalam-
jalan di Sumenep umumna geus diaspal hotmix, komo jalan ka pasantren
mah . Eleh
Aeh punten atuh, macana rusuh teuing, jadi weh tibalik cariosan tuan
Singa teh. Sigana tuan Singa teh resep nonton jaipong, dugi ka
mamawa jaipong sagala.
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Koreksi sakedik, Bah...
Leo Batubara mah justru
Urang Arab di jaman kolonial tingkulampreng di kampung-kampung, sami
jeung urang Cina, ngan Cina mah langkung seueur. perkawis Arab
mindring ieu tiasa ditingali dina bukuna Pa Ayip
Rosyidi, Ngalanglang Kasusatraan Sunda'. Salah sahiji novel nu
disorot ku Pa Ayip, nyaeta novelna Yuhana, Carita
Urang Arab, saperti oge urang Cina, dijaman kolonial boga status anu
beda jeung bangsa pribumi. Urang arab statusna warga nagara kelas
dua, sahandapeun urang Eropa, tapi saluhureun bangsa pribumi. Urang
Arab nu daratang ka Indonesia, umumna niatna neangan kahirupan anu
leuwih alus ti
Punten bade naroskeun ka baraya nu di Surabaya, upami rental mobil di
Surabaya alamatna dimana nya? Kuring, Insya Alloh, duka Kemis atawa
Jumaah bade ka Sumenep Madura. Ti Bandungna mah kana pesawat, ngan ti
Surabya ka Sumenepna bade carter mobil, margi didituna bade aprak-
aprakan salami 3-4
Hatur nuhun Kang Oman informasina. (Ka Madurana jeung ex rerencangan
sakantor kang Oman ...hehehehe). Nembe parantos badanten sareng Kang
Tito Van Surabaya nu tatanggina gaduh mobil nganggur. Alhamdulillah
parantos aya kesepakatan, nganggo mobil tatanggina Kang Tito.
Sakantenan deuih, papendak
Hehehehe aya-aya wae, Bah Dirman mah. Kuring oge teu ngartos
kunaon cap panjang jeung badag teh sok diteumbleuhkeun wae ka
urang Arab. Padahal mah panginten acan tangtos (atawa leres
kitu? ...hehehehe). Ieu aya dongeng nu geus kadangu ku kuring ti keur
budak keneh, kieu cenah :
Wan Abud
Sabenerna mah Kang Kumi, carita-carita rakyat (folklore) ditambahan
ku heureuy ka etnis sejen, geus ilahar dilakukeun ku urang Sunda
(jigana oge ku etnis nu sejen). Bodor-bodor si Miing loba nu ngangkat
masalah ngaheureuykeun etnis ieu. Kitu deui dina sinetron Bajay
Bajuri. Si Said dina
Hehehehe . mangga karalebet urang Sumedang, nepangkeun pun Waluya,
ngan dilalandih ku urang Kusnet jadi Bah WIlly, pedah kapungkur ari
posting sok nyingket aran jadi WLY. Nu mimiti ngalandih Abah Jou Ragan
nu di New York, nu mimiti nyebat Bah, Kang Dedeng Sutisna, urang
Karawang. Keun we
Ih teu pisan-pisan kulan, da ceuk kuring oge dina millis mah
sagala diobrolkeun. Sepi atuh teu aya nu posting mah, jeung teu kedah
dianggap serieus teuing. Perkawis urang Arab, nembe kuring ngobrol
jeung katurunan Arab, Si Said, pagawe Puslitbang Air, malah
dibacakeun postingan kuring.
Ih teu pisan-pisan kulan, da ceuk kuring oge dina millis mah
sagala diobrolkeun. Sepi atuh teu aya nu posting mah, jeung teu kedah
dianggap serieus teuing. Perkawis urang Arab, nembe kuring ngobrol
jeung katurunan Arab, Si Said, pagawe Puslitbang Air, malah
dibacakeun postingan kuring.
Waktu kuring sakola ditaun 1970'an, ka sakola teh make motor, motor
Honda bebek 50cc. Motor leutik, tapi lumayan, da imah teh rada jauh
ti sakola, Imah di Padasuka ari sakola di Dago. Di taun 1970'an mah
teu acan aya jalan Suci (Jl. H. Hasan Mustapa), jadi kudu nguriling
heula ka Cicadas,
Isuk keneh, kuring kadatangan Pa S, pangsiunan pagawe di kantor
kuring. Manehna teh kaciri gumbira pisan, da kakara mulang ti Tanah
Suci. Manehna bisa indit ka tanah Suci, lain boga duit gede, ngan
kabeneran aya nu nawaran digawe dikontrak keur bebersih di Masjid-
masjid di Makkah jeung
Ieu pangalaman kuring waktu kudu marios ( Ngetest) sumur bor artesis
(sumur bor cai) di Metro Lampung. Waktu rek diparios, sumur bor teh
kedah disiapkeun heula ku juru bor jeung baladna. Ari juru borna teh
Kang Kiim, urang Garut, sunda pisan, lamun nyarios basa Indonesia teh
sok kacampur wae
Ieu aya wartos (tina Kompas, copy-paste ti baraya_sunda) cenah di
KOta Tangerang aya Perda perkawis larangan pelacuran. Nu aneh, nu
ditewakan teh awewe nu kaluar ti imah leuwih ti jam 7 peuting.
Deudeuh teuing nasib awewe moal bisa balanja di mal atawa
lalajo bioskop ti peuting sigana
Nu masalah ayeuna, urang Papua nganggap urang Indonesia ngangkutan
kakayaan papua, keur ngamakmurkeun Jakarta. Aya sabagian urang
Papua (lamun teu sadayana oge) nganggap maranehna teh keur dijajah ku
Indonesia. PT Freeport Indonesia jigana dijieun simbol /icon
kumaha Jakarta ngeruk kakayaan
Baraya ieu aya seratan ti millis sabeulah, nu nyoba nerangkeun
sajarahna kabentukna Israel. Kanggo pangaweruh urang wae sareng
punten kanggo nu parantos terang.
Aya nu narik dina seratan ieu teh, nyaeta :
1). Tanah nu ayeuna jadi Israel, dipeseran ku Rottschild, milyarder
urang Yahudi, ti para
Puguh ge kuring mah salut ka Kang Denis teh. Kuring sok hese neangan
sundana keur kecap penduduk, eh Kang Denis nyerat padumuk. Kitu
deui kecap imej (image), Kang Denis nganggo kecap wangwangan kanggo
Imej.
Hatur nuhun Kang Denis!
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, oman
Upami urang turun tina Feri di Bakauheni Lampung sok hawar-hawar
kadangu lagu-lagu Sunda nu nunjukkeun yen di Bakauheni Lampung,
seueur urang Sunda nu asalna Ti Banten. Dina sajarahna Lampung Kidul
lebet wilayah Kasultanan Banten. Janten memang leres di Lampung kidul
salian ti penduduk asli
Kang Ukay, kuring baheula boga babaturan urang lampung, namina teh
Azhari Rangga. Cenah mah jadi dosen di Unila. Manawi terang, leres
anjeunna teh ngajar di Unila ( anjeunna teh tamatan Pharmasi ITB),
teras di jurusan naon?
Dua minggu kamari ge aya dua urang mahasiswa Fisika Unila, rek ngadon
501 - 600 dari 927 matches
Mail list logo